Rabu, 02 Februari 2022

Saung katineung

 CARITA PONDOK

 

"SAUNG KATINEUNG"

Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui.

 Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan.

 Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh.

 Geuning geus leubeut. 

Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana.

Teu jauh tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.

Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono.

 Matak nineung matak waas.

 Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta.

 Gogonjakan, ngoyag- ngoyag tali bebegig. Manuk hariber.

 Jiga ayeuna, manuk silih udag.

 Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. 

Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.

 Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai. 

Geus rényom kadéngéna. 

Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé

mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.

“Abong lila bubujangan, mandi gé lila.

 Iraha kawin, Jang?” 

pokna bari seuri ngahahah.

 Geus remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan.

 Bubuhan kakeuheul geus manteng.

 Mun

seug ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah.

 Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.

Dijero kamar kuring ngarahuh.

 Panon anteng melong eunteung. 

Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas lalagasan.

 Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga pamajikan téh. 

Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh. 

Lain teu payu, geus

aya nu harayangeun mah.

 Mumun mah,

 randa Isah mah,

Téh Ninih mah,

Kokom mah,

Lilis mah,

 Dedeh mah.

 Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa, kuring resep kénéh léléngohan.

 Lain sieun, lain teu boga biaya.

 Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga mah.

 Kumaha deui, haté embung baé méréan. 

Teu bisa dipaksa-paksa.

Kadieunakeun, geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal ki

Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual kawin mah.

 Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh. 

Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin.

 Murang-maring sagala disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta,

urang imah teu wani-wani deui nyeungeut amarah kuring.

 Sensitip ngomong sual kawin mah.

Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui. 

Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring. 

Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang,

urang Majaléngka.

Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin jeung mandor pabrik.

 Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang.

 Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang.

Kokom geus pindah ka Palémbang.

Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén.

 Kabéh gé lus- les pada néang jalan séwang- séwang, bakating ku cangkeul

nungguan jeung miharep kuring meureun.

 Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring. 

Cenah mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk.

Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga.

 Jadi iraha rék kawin?

Teuing atuh!

“Man! Geus siap, Man?!”

kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring.

 Rikat kuring maké baju.

 Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék neangan cokelat di Jatos.

 Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.

***

Dina angkot kuring amprok jeung Darmaji, babaturan és ém pé.

 Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan téh ngawangkong.

Manéhna geus boga budak hiji.

 Cenah kawin jeun urang Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida.

 Kuring inget kénéh ka manéhna.

“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi.

 Jadi ogé nya rék kawin.

 Jodona mah geuning jeung Kokom nya…”

Ceuk Darmaji.

 Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?

“Béja mah rék ka Lilis?”

kuring kerung.

 Darmaji malik kerung.

“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?”

Darmaji mingkin heran

“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.”

Témbal kuring.

 Darmaji katangen gogodeg.

 Manéhna lila neuteup kuring.

“Lilis teu nyarita?”

“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di Bandung.”

 Tembal kuring. Jempé sakeudeung.

“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. 

Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom.

 Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..”

 Darmaji ngajéntrékeun. 

Kuring ngahuleng.

“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?”

 Darmaji nanya.

“Naon?”

“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah tangga jeung ilaing.

Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén manéhna rék satia nungguan ilaing.

 Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja kamari- kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”

Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada.

 Di Cikuda Dedi turun.

 Baku poé minggu mah di jalan

téh sok macét.

 Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar mingguan di Unpad.

 Panon poé geus karasa panas.

 Hawa beuki bayeungyang.

 Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh.

 Baruk Lilis nungguan kuring?

Sajeroning macét, supir ngarti.

 Manéhna nyetel kasét dina tip mobil.

 Kadéngé haleuang tembang sunda. 

Ari ti mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik- eutik acan, jiga nu nyeri huntu.

 Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah.

 Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan.

Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang.

 Haleuang tembang karasa kana puhu kalbu…

asih urang…

diapungkeun ka langit

muntang kana mega

ucang-angge duaan…

asih hurang…

dipentangkeun ka langit

manteng dina bulan

ayang-ayangan duaan…

asih urang…

tingkaretip jiga bentang1…..

 Ser haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna.

 Tembang

bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay garingna rasa.

 Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta.

Kumalayang haté sajongjonan.

 Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung hariwang teu puguh.

 Kuring ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu usik- usik. 

Bet haté sakapeung ngarasa keueung.

 Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring. 

Teuing geus sabaraha taun.

 Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina tip… …..

hate ngarasa geugeut

hayang geura geura deukeut

rasa liwung gandrung

diri kapidangdung

semu ngalanglayung

hayang geura geura tepung

sawangan kumalayang ngawang-ngawang

nyipta rasa tinu anggang jeung manehna

implengan gumalindeng anteng mayeng

namperkeun rasa katineung kadirina

harepan geus jadi ampihan rasa

moal laas najan anggang jeung manehna2

….. 

Bener kitu Lilis masih kénéh kangen ka kuring?

 Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian?

 Bener ceuk Darmaji,

 kuring téga nganyeunyeuri manéhna.

 Sok jadi hanjakal geus kasar ka Lilis.

 Kuring nu kungsi kasar ka manéhna.

 Kuring nu kungsi nyentak manéhna.

 Babakuna teu ditari

teu ditakon unggal manéhna nganjang ka imah.

 Geuning Lilis mah tetep satia, tetep miharep.

 Teu karasa tembang dina kasét ganti deui… …..

dina lambaran katrésna

aya ringkang can kasorang

diri kapidangdung

dipapareng kuciptaan

liuh gumulung kahéman mugia nyorang kabancang

sumerahna ieu diri

tumarima demi cinta

najan diri kudu nandangan tunggara

najan ukur saliwatan

najan ukur sakedapan

abdi pasrah moal robah pamadegan…

…..

Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh.

Palangsiang,

boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring,

tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring.

 Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra.

Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian- lian.

 Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah- buahan.

Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…

Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun datang ka imah gé.

Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Lilis.

 Kabéh sieun ku ambek kuring.

Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual kawin, sual Lilis.

 Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring, ngusapan haté kuring.

“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka ngaharuleng”

 supir nakol kaca panto meupeus lamunan.

 Kuring jeung ki Dudus ngarénjag reuwas.

Tuluy silih pelong.

 Geuning sarua jeung kuring, sihoréng simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun,

 poho rék eureun di Jatinangor mah.

“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan.

Sedih jeung bungah karasana panineungan…”

ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.

“Sarua, Ki…”

“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari.

Tapi tong dipareman tipna!”

 ki Dudus ngacung.

***

Sajajalan kasét digeder, béak diputer deui, béak diputer deui.

 Teu eureun-eureun. 

Atuh kuring gé nepika apal.

Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan hayang tuluy ngadangukeun tembang.

Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi.

 Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita.

 Simpé.

 Ukur sora mesin mobil.

 Ukur haleuang tembang.

 Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan manteng ka Lilis.

 Tibaheula manéhna nungguan kuring.

Teu karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Tanjungsari.

 Can ge lila turun tina mobil, supir ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”

Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru balik.

Inget ka si Nini cenah.

 Antukna kuring leumpang sorangan.

 Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah.

 Haté norowéco ngarasa diturih wanci nu can pasti.

 Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…

Di imah, kabéh keur kumpul.

 Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah.

Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.

“Aya sémah, Mah?”

 kuring nanya bari muka jaket.

 Jempé sakeudeung.

“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.”

Tembal indung.

 Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur.

 Aéh aya naon asa beda ti sasari.

 Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar.

 Duh, Lilis nganjang deui…

Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh.

 Kuring ngarawél jakét rék kaluar.

“Rék kamana deui, A?”

indung

nanya.

Kuring neuteup panon indung.

“Rék manggihan Lilis…”

Pok téh halon.

“Mun sakirana rék nganyeunyeuri manéhna jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.”

Ceuk indung kuring semu beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon.

 Haté kuring ngdadak héab.

 Simpé sajongjonan. 

Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring.

 Rénghap kuring karasa heureut.

 Gancang kuring kaluar, gidig leumpang gagancangan…

Sajajalan dada karasa beurat.

 Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…

lamun enya jodona

lamun enya kuduna moal rék aya nu bisa misahkeunnana…

lamun enya cintana

lamun enya hayangna

ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…

Katémbong tikajauhan Lilis rék balik meuntas sasak.

 Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada karasa mingkin heureut.

Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.

“Lilis…”

Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring.

Sakeudeung silih teuteup anteub.

 Lilis ngeluk tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung kuring.

 Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu asa-asa nyekel leungeun Lilis.

 Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Lilis ayeuna.

 Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru saung.

 Sajajalan nu kadangu ukur sora manuk.

 Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur leutik.

 Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring.

 Lila paheneng- heneng.

 Duaan pabetem- betem.

Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong naon.

 Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan.

Duh, Lis, geus lila teu tepung.

 Angin karasa humaliwir.

 Kuring jeung Lilis silih teuteup.

 Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.

“Lis, hapunten Akang, “

 pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening.

 Kuring teh gening teu bisa hirup sorangan…”

ceuk kuring halon.

Lilis neuteup panon kuring.

 Duh, bulu panonna mingkin carentik baé.

 Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring léah tumarima.

Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.

“Lilis bakal satia salawasna…”

pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik.

Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring.

 Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada.

Cipanonna beueus karasa dina dada kuring.

“Horeeee!!!”

 kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung.

Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng. Reuwas naker.

Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru saung.

 Nyi Mimin, adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah.

 Ki Oleh ajarg-ajragan atoh.

 Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy Lilis imut ngagelenyu.

“Man, ilaing jadi rék kawin jeung Lilis téh?”

ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling.

 Kuring neuteup Lilis sakeudeung.

 Lilis imut surti. Kuring unggeuk.

Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui.

 Ki Oleh ajrag-ajragan.

Indung kuring ngagabruk Lilis jeung kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah.

 Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon.

 Teu eureun-eureun syukur ka Gusti.

Duh, gening salila ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…

Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut.

 Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.

“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!”

ceuk ki Oleh.

“Emang Lilis jagong!”

ceuk ki Momo némpas.

“Ilaing mah Oleh baku sok maén sengsor waé!”

ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan ngadéngé aki-aki silih haok.

Lilis tungkul bari imut manis.

 Saung jadi saksina.

 Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan éstuning katingalna mani geulis…

-------------

Kamis, 27 Januari 2022

Serat bulan opat welas

 Serat Bulan Opat Welas

.

Ku Étti RS

.

Haturan salira, raja nu ngancik di karaton haté kuring.

 Bulan geulis pisan nalika ngedalkeun rasa dina ieu seratan, rasa nu ngurunyung kajurung gandrung dina mangsa bulan hurung.


 Rasa nuhibar tina katineung nalika urang guntreng ngararancang jodo langgeng. Harita urang padungdengan utang-itung patepung di balé nyungcung. Harita urang pada-pada bungangang, hayang geura nyeuseup kembang nu bakal meleberna peuting munggaran.

Tos kaopat kali bulan moncorong, nanging iber ti salira lebeng ngampleng.Hariwang duriat pegat kasibat, honcéwang pasini saukur ngimpi.

 Abdi alim bulan opat welas saukur janten kawaas. nanging hoyong bulan méncrang ngawujud na poé gumawang, dina poé panganténan.

  Kamana atuh salira, taya sumping taya warta.  Telepon teu embol-embol, és ém és gé beuki simpé. 

 Piraku tos lali deui kana Lagu Asih ti Jayagiri, nu harita ku urang disanggi teras di hariring keun bari suka seuri. 

 Sakapeung hariwang téh sirna mun émut kana seratan salira. Émut kénéh nalika abdi ngintun és ém és kieu unina ?: 

Nyingray deui mega bodas nyingray deui, Ka tiup angin katiga nu datang dadak sakala Anggang deui batin urang anggang deui Kasilih panyinglar asih nu sumilir matak peurih Geuning tresna nepungan kokolebatan Kawas venusnu nembongan kakapeungan Harita saliran gawaler, éstuning kumatak teger :

 Rasa sono tur rasa nu sanésna ka salira dugi ka ayeuna henteu robih.

 Sing percanten, kasalira tetep mikangen. Hapunten nuju seueur lereskeuneun.

Duh éta kalimah ku matak bingah.

Sanaos kalimah singget nanging matak nambihan sumanget, ngandelan duriat tur kageugeut.  Ieu rasa beuki nganteng tur kahoyong beuki keyeng,sumeja pasrah ditikah. 

 Panginten salira gé émut,salajengna urang tepung sok sanaos mung salangkung.  Urang sami-sami gandrung nanging waktos teu ngajurung.Salira miang deui margi pancén parantos nganti.

 Kuhoyong ceurik lolongséran,narah dikantun mangbulan-bulan, hoyong muntangan panangan sangkan urang tetep sasarengan. 

Nalika badé papisah, cipanonn gadadak bedah; sanaos salira ngabeberah hatémah tetep marudah.

Ayeuna rasa geugeut bet ngareunteut sabada serat salira ngadadak saat. Palangsiang salira nuju kabéngbat. 

Harepan éndah sareng katugenah paselang noélan rasa. 

Rasa kaduhung manggunung-gunung, naha urang make tepung. 

Lebar teuing cipanon kantos ngagelar, ngagarajag awor katresna kakelar. 

Sakeclak sajuta asih, sirna kasesah kapeurih. Nyalangkrung cimata cinta, maseuhan dada salira,  boa-boa ... Ah, ieu haté rungsing baé, diborogod kasono kuhoyong pacaket baé. 

Hapunten abdi miasih kaleuleuwihi, dugi ka panyawang ka mana-mendi. Salira téh pangreugreug ati, numawi abdi inggis salira lanca-linci. 

Abdi tetep satia ngantos salira, lir satia bulan purnama nu tetep mabra.

Katineung ka salira tetep gumawang lir gumawang cahaya bulan nu teu elehku jutaan lampu nubaranang.

 Jungjunan, rajana haté kuring, tah dangukeun lagu Hariring nu Kungsi Nyanding ...

caang bulan opat welas,narawangan ati bangblas!


Dayeuh Kadeudeuh, 2005


---------------------------------

Di salin tina kumpulan

Surat Cinta Pangarang Sunda

Langkah awal

 Selamat datang di blog SOBRIS WAP

Semoga tulisan di blog ini bisa berguna utamanya untuk saya dan mudah mudahan untuk teman teman semua

Kamis, 12 Desember 2019

Nu pundung

Lantaran ngarasa hanjakal tas nyarékan yati pamajikana, nepika yati
Pundung balik  kaimah indung bapana, oman nelpon yati niatna ménta dihampura.

Oman : "hallow ti!"

Yati : "hallow, rék naon akang nelepon?"

oman : "akang rék ménta dihampura tos nyarékan yati nepika bébéakan,akang tadi keur kabawa ku napsu"

yati : "pokona yati nyeri haté! Hiks!...Hiks!" (ramisak ceurik.)

Oman : "tos atuh sakali deui akang menta dihampuranya"

Yati : "gigireun akang aya gelas?"

oman : "teu aya, tapi baé akang rek nyokot heula kadapur"
oman leumpang kadapur nyokot gelas
 "tuh! Ti, geus aya gelasna"

yati : "ayeuna beubeutkeun gelasna satarikna kahandap"

oman : "tuh enggeus!"

yati : "peupeus pan! Akang moal bisa ngoméan gelas eta cena balik deui kaasal, pon kitu deui hate yati anu
kuakang tos dinyenyeri, hate yati saperti gelas peupeus anu ku akang bieu dibeubeutkeun"

oman : "Naha da gelasna gé teu peupeus ti, pan akang nyokotna gelas plastik"

yati : "iiihhh! Pikasebeleun!!! Nya entos ke burit jemput kadieu!"

Selasa, 10 Desember 2019

Hitut

Saumur hirup kuring can manggihan aya jelema ménta hampura kana calana sorangan.
Sok wé pikir,
sabaraha kali urang kabéh hitut maké calana,
boh di warteg, di mobil atawa luhureun kasur;
pédah wé teu béja-béja.
Da Lamun di béja-béja ogé, cenah moal abus tivi,
moal ujug-ujug beunghar.
Logis ogé sih, ceuk hate bari rada sinis.
Béda deui jeung si Abud, sobat kuring baheula di SD.
Keur diajar ogé manéhna mah
sok bébéja lamun hitut téh ka guruna,
Sok ngacung.
Barudak di kelasna sok langsung nyurakan.
Guru PéPékaéN ngambek bari ngagebrag méja lantaran ngarasa ngajarna kaganggu
. Jep barudak jempé kawas gaang katincak.
“Naha manéh sok hitut di kelas...?”     guruna nanya bari kekerot.
"Ah, Pa, barudak gé sok hitut. Pédah wé tara ngacung, tara bébéja. Lumrah wé atuh hitut mah Pa, da teu ngarusak lapisan ozon, teu nambah pemanasan global. Lamun…”
“Tapi ngarusak stabilitas sosial..!”    guruna motong omongan bari ngagebrag méja deui.
Si Mae nu diuk hareupeun si Abud ceurik bakating ku reuwas.
Si Somad kiih sauetik bakating ku soak.
"Ah, Pa Guru gé ngarusak sakitar, éta wé sok ngaroko nuju ngajar...”    Si Abud némbal sangeunahna, lébér wawanén, jeung wanian pisan éta jalu téh.
Puguh wé guruna kasinggung, asa disapirakeun ku budak satepak.
Antukna mah si Abud disetrap nangtung ku hiji suku di hareup kelas, nepi ka jam balik.
Ti harita, si Abud di landian “si Raja Hitut” ku barudak di kelas.
Manéhna mah kalahkah sok nyengir ngadéngé kitu téh.
Katelah kitu téh lain pédah hitut hungkul, pangpangna mah bébéja waé saban réngsé hitut.
Saliwat mah asa agul ku hitut.
Tapi sok sanajan ayeuna geus gedé, si Abud masih kénéh dipoyok “si Raja Hitut” ku kabéh babaturanna di lembur.
Tapi béda ayeuna mah geus gedé, caritana geus jadi mahasiswa,
si Abud sok rada baeud lamun dipoyok si Raja Hitut.
Tapi ari polos sok bébéja hitut mah masih kénéh nepi ayeuna ogé.
Ceuk indungna mah, lamun pareng dipoyok kitu, di imah si Abud sok teu nafsu dahar.
Tapi sok ménta duit gedé
. Si Abud sok baeud lila, keuheul cenah ka barudak sok moyok waè.
Tapi kuring sok langsung ngupahan lamun pareng si Abud dipoyok barudak.
Kuring sok nyarita yén kuring gé sok dipoyok “si jomblo” ku barudak.
Tapi kuring mah tara ngambek, sok sabar, sok ngahibur diri.
Kuring mah jomblo gé jomblo profetik.
Kuring mah hideung gé hideung nasionalismeu,
hideung transendental.
Ngadéngé kitu téh si Abud sok bungah.
Ngarasa aya batur meureun.
"Hitut kuring mah ngéngkréng. Tapi tibaheula ogé tara bau."
Ceuk si Abud hiji poé.
Kuring jadi inget ka omongan almarhum aki, yén hitut stéréo mah sok tara bau, béda jeung hitut laon, biasana sok hangit, sok bau tungir zebra.
Loba ogé babaturan hitutna laon, tapi tara ngaku, kalahka héhéotan nyumputkeun hitut dinu caang.
Ku buraongnamah sok teu daék tanggung jawab lamun ditanya saha nu hitut. Kalahka silih tuduh.
Kuring pernah manggihan aya jelema garelut lantaran aya nu hitut keur darahar liwet. Pas ditanya saha nu hitut, hiji pamuda ngacung.
Sabenerna mah masalah geus bérés, ngan éta pamuda kalahka nyarita pangalamanna nempo jelema hitut dina cangkir. Puguh wé nu darahar kabéh eureun. Paséa wé jadina.
Padahal da sangu teu ujug- ujug ngilu bau.
Sok anéh nya jelema mah, cuman lantaran hitut, bisa garelut.
Padahal hitut mah lain tindak pidana, moal abus naraka deuih.
Beda deui lamun hitutna pajabat nu keur koropsi, pasti abus naraka, lantaran loba nyangsarakeun rahayat ku koropsina.
Anéh ogé mun nempo aya masyarakat éra ngadéngé hitut di tempat umum.
Padahal nu kudu dipikaéra mah kalakuan maranéhna nu jorok miceun sampah sambarangan.
Kuring gé lamun pareng dipasamoan sok tara daék nahan hitut.
Kapok.
Pernah kuring hiji waktu lila nahan hitut pas upacara bendéra, nepika ngucur cai tinu irung.
Untung lain geutih ogé; jeung untung nutinu ceuli teu kaluar haseup ogè.
Ah, ayeuna mah beledag-beledag wé. Tapi kuring mah teu kawas si Abud
nu teu weléh bébéja tur hitutna ngajelengéng.
Hitut kuring mah wijaksana;
disebut bau teuing heunteu,
disebut teu bau heunteu;
hitut stéréo heunteu,
hitut épés mèèr heunteu.
Pokonamah meujeuhna keur dikonsumsi publik mah.
Hiliwirna teu subversif!
Tapi kuring keur SMA pernah sabulan mumul ka masigit lantaran éra ku katua DKM.
Soalna kuring kalepasan hitut nyegruk keur solat.
Tapi kuring nuluykeun solat nepika réngséna.
Ustad Mahmud nu nyaksian kajadian éta nyarékan kuring ku fiqih.
Naha nya kudu wudu deui lamun hitut pareng solat?
Naha ogé bet beungeut nu dikumbah,
padahal bujur nu nyieun ulah.
Jadi naon hubunganna bujur jeung beungeut Naha dulur,?
hitut bisa ngabatalkeun wudu?
Jiga paantel kulit jeung awéwé waé.
Jigana aya hubungannana awéwé jeung hitut.
Kuring baheula pernah ngalaman hitut hareupeun awéwé, éra pisan karasana.
Tapi kuring baheula can ngarti naha bet éra, padahal éta awéwé lain kabogoh.
Tapi lamun jujur mah kuring embung hitut hareupeun awéwé mah.
Kuring leuwih milih ngabodor teu dikeprokan tibatan kapanggih hitut ku awéwé mah.
Ayeuna mah urang nyarita nu lian, mudah-mudahan teu balik deui ka carita nu aya pakuat-pakaitna jeung hitut.
Geus sabulan leuwih si Abud jeung Néng Mia bobogohan.
Antukna mah ayeuna kuring jadi leumpang sorangan balik kuliah téh.
Si Abud beuki léngkét pisan ka Néng Mia. Jiganamah “tiada hari tanpa Mia”, atawa “hidup tanpa Mia bagai kopi hitam terinjak Sodikin.”

Tapi kuring teu tiiseun teuing, da masih aya radio warisan almarhum aki kuring.
Tibeurang nepi ka peuting radio digeder.
Lamun kabeneran béak batu batréna, kuring sok nginjeum batu batré jam dinding di masigit.
Lamun geus béak pisan, cenah batré kudu di poé atawa di pékprék maké batu bata.
Béjanamah sok tokcér.
Tapi éta ogé ngan kapaké sakeudeung.
Antuknamah di poé deui handapeun gantar.
Tapi kuring strés nempo batu batré nu di poé dipodolan hayam.
Tapi giliran dicoba, radio hurung ngagateng sapoé-sapeuting.
Kuring jadi bisa ngadéngé wayang golék nepika subuh.
Baé bau tai kotok saeutik mah, asal tong tai kotok wé nu bau batré.
Tapi émang kudu aya penelitian ti ilmuwan di Indonesia kunaon sababna tai kotok bisa ningkatkeun énérgi batu batré.
Ari nanya tai kotok dileubuan mah geus ka jawab ku Aki Asmi ogé, teu perlu diteliti deui, lin?
Tisaprak hulang-huleng sorangan, kuring jadi ngarasa bosen hirup, asa teu boga batur.
Rék bunuh diri, teu wani.
Rék néangan kabogoh, hambur biaya.
Soalna kuring mah geus yakin, duit bakal béak tapi awéwé tetep nampik.
Maenya kudu bogoh ka indung mah jiga Sangkuriang atawa Oedypus?
Saumur hirup kuring masih léléngohan.
Ras jadi inget boga langlayangan dina para.
Teu mikir panjang deui, kuring ngejat mawa kenur jeung langlayangan.
Kuring lumpat ka kulon, rék ngapungkeun langlayangan. Meungpeung angin gedé.
Karék gé dua méter langlayangan ngapung, kurunyung téh Ki Apud.
Solongkrong ngajak sasalaman.
Tapi teu kungsi lila murang-maring ka kuring, pajar téh tong langlayangan, sing éra ku umur.
Langlayangan dipaksa titah diturunkeun.
Langlayangan disoék-soék, ditincakan. Geus kitu mah ki Apud lumpat ka imahna.
Di palupuh imahna nungguan nini Apud bari ajrag-ajragan ngeprokan Ki Apud.
Sabelas-duabelas eta nini jeung aki téh, Bedegong.
Kungsi ogé baheula kuring dikerem di imahna, bari si nini maksa kudu ngajawab naon bedana palid ku “p” jeung valid ku “v”. Kuring harita teu bisa ngajawab.
Ayeuna giliran si aki nu harééng, teu puguh-puguh kalahka ngarujadkeun langlayangan kuring.
Kuring beuki stréss. Kuring ngarasa sirah hareurin ku masalah.
Can gé bérés strés, kuring narima gosip ti Nini Méméh yén si Abud jeung Néng Mia putus.
Geubeug téh kuring ngagebeg.
Can ogé dua bulan geus putus deui. Kuring gura- giru muru si Abud. “Bud, béjana manéh pegat jeung Néng Mia?”
kuring nanya bari ungsrak-ingsreuk.
Si Abud ngabalieur.

“Bud, naha bet putus sagala?”
kuring terus ngadesek.
“No komén.”
Ceuk si Abud teugeug bari buru-buru ngingkig. Beu, jiga sélébriti waé si éta ngomong kitu ka kuring.
Ngarasa di udag-udag waé ku kuring, si Abud mawa merecon urut lebaran.
“Manéh hayang paéh diancurkeun?” si Abud ngancam bari ngacungkeun merecon jeung korék api, “geus balik tong ngaganggu kuring! Kuring hayang sorangan!” si Abud katempona strés pisan.
tibatan mercon disundut, kuring balik ngéléhan.
Tapi kuring panasaran kunaon si Abud jeung Néng Mia putus.
Jiga wartawan, kuring terus muru informasi.
Sugan wé si Onah, adi Neng Mia, bisa méré info.
“Why, Onah? Naha lanceuk Onah putus jeung si Abud,,?”
“Muhun, Kang, saurnamah tétéh tos teu bogoheun deui.”ceuk Onah.
Ceuk carita Onah mah, tilu poé katukang si Abud nganteur Onah jeung Néng Mia ka ulang tahun babaturan Néng Mia. Karék ogé babaturanna manyun rék niup lilin, si Abud hitut tarik pisan.
Puguh wé barudak ngaburiak.
Béjana mah hayam diburuan oge ngilu barirak.
Acara jadi paburantak.
Néng Mia éraeun ku barudak sakelasna sok dipoyok boga kabogoh tukang hitut.
Néng Mia jadi éra bareng jeung si Abud.
Teu kungsi heuleut saminggu, Néng Mia mutuskeun si Abud.
Kuring sedih ngadéngé caritana.
Watir si Abud, lantaran hitut jadi putus jeung Néng Mia.
Batur mah putus téh lantaran teu disatujuan ku kolotna, atawa selingkuh, ieu mah putus lantaran hitut.
Geuning ayeuna mah horéng hitut gé geus jadi sumber disintegrasi.
Si Abud sobat kuring Jadi kuring moal nganteup manéhna sedih sorangan. Kuring tibaréto sagulung- sagalang jeung manéhna.
Tikamari kuring teu nempo si Abud ngaliwat kuliah.
Bisana mah sok nyampeur. Kuring datang ka imahna, indungna ceurik. Béjana mah si Abud geus teu daék dahar, teu daék mandi jeung teu daék adan di masigit deui.
Pagawéanna ngégélan suku korsi. Jeung murang- maring di kamar.
Malahan indungna gé geus teu bisa asup ka kamar si Abud, sok dikonci.
Katempo ku kuring dina panto kamarna aya tulisan:
YANG TIDAK BERKEPENTINGAN DILARANG MASUK.
Tapi da kuringmah boga kapentingan ka manéhna.
Kuring ngawani-wani keketrok panto.
Lila teu dibuka.
Ngadéngé sora kuring, panto dibuka.
Kuring sedih nempona.
Beungeutna culeuheu.
Buuk galing pajeujeut.
Gering kabengbat ku awéwé.
Bus kuring ka kamarna.
Kamar lir ibarat gudang barang, acakadut teu kaurus.
Dina tembok deukeut jandela, aya tulisan make spidol:
HATIKU YANG BEKU.
Dina kantongna ogé aya tulisan:
DIRIKU YANG LÈNGOH.
Kuring terus ngupahan jeung mapagahan manéhna, sangkan bisa dahar jeung mandi deui.
Sangkan daék kuliah jeung adan di masigit deui.
Sangkan bisa nalian anak hayam tatangga deui.
Kuring ngarasa haté si Abud buyatak pisan diputuskeun ku Neng Mia,
geus level digembrong laleur.
Geus hanyir.
Si Abud déprési.
Pagawéanna nanggeuy gado.
Manéhna pernah ngomong boga niat rèk bunuh diri.
Tapi ku kuring dipapatahan bébéakan malahan maké reperen filsafat jeung tasawuf plus hadist jeung buku La Tahzan.
Teu kagok kuring mere buku-buku fiksi tamba stress ka si Abud,
ti mimiti buku Edgar Allan Poe, Agatha Cristie, Ellerly Queen nepika buku Fredy S.
Teu poho kuring ngabélaan nyiar buku kumpulan carita Jose Saramago, Nadine Gordimer, Gabriel Garcia Marquez, Hemingway, Tagore nepika Puisi Gibran.
Tapi wayahna, Bud, kuring ngan saukur méré judul keneh.
Terus manéhna cenah boga niat rék abus géng motor waé mèh kabangbrangkeun.
Tapi ku kuring dicaram.
Alesan kuring mah,
kahiji si Abud teu boga motor,
kadua si Abud teu bisaeun naék motor,
katilu sawah haji Komar digaley munding geuring.
Kuring mah leuwih satuju si Abud ngilu géng DAMRI,
soalna jauh-deukeut ongkosna murah.
“Lamun hirup peurih kieu waé
mah, kuring mending milih jadi suung waé…”
ceuk si Abud rada pesimis.
Tapi kuring terus ngupahan si Abud.
Kuring ngajak manéhna
ulin ka dago, ulin ka unpad Jatinangor poé minggu isuk- isuk.
Méh teu éra teuing ulin teu jajan mah,
kuring duaan ngahaja udunan meuli kolor.
Kuring ngajak manéhna maénbal jeung barudak.
Teu lila tidinya, si Abud geus teu katempo sedih deui.
Manéhna geus bisa seuri.
Manéhna geus daèk dahar jeung mandi deui,
geus daék kuliah jeung adan deui.
Kuring atoh nempona.
Sakapeung manéhna masih murang-maring kénéh.
Eta gé lamun nempo jéngkol, cenah sok inget ka Neng Mia.
Si Abud ngomong masih bogoh kénéh ka Neng Mia.
Manéhna rék terus ngudag Néng Mia sangkan daék deui narima cintana.
“Kuring mah cadu mundur sacongo buuk, haram ngejat satunjang béas! Puah!”
si Abud meni sumanget ku rasa bogohna.
Ku sumanget- sumangetna, si Abud nulisan tembok kelas ku spidol beureum:
HIDUP MIA! HIDUP PERSIB!
Malahan opat poé deui boga niat rék megat Néng Mia di sakolana, rék nyatakeun deui cintana.
Si Abud ngabélaan meuli bonéka Doraemon keur engké méré ka Néng Mia.
Sakalian wé atuh jeung baling-baling bambuna, terus teundeun dina sirah pak lurah.
Tapi kuring bungah si Abud teu laér, sumanget deui.
Optimis.
Singgetna, si Abud megat, Néng Mia lumpat.
Duanana pada-pada keukeuh.
Si Abud keukeuh bogoh, Néng Mia keukeuh embung.
Tapi kuring bungah nempo babaturan teu éléhan jiga si Abud.
Manéhna terus ngudag haté Néng Mia.
Tapi saprak aya kajadian kasar ti Néng Mia ka si Abud, kuring jadi narik dukungan.
Malahan kungsi kajadian, Néng Mia rudet ngarasa dipegat jeung diudag waé ku si Abud, manéhna gogorowokan ménta tulung.
Antukna mah si Abud dikoroyok tukang ojég.
Untung kuring jeung babaturan masih bisa kénéh nulungan.
Geus téga pisan Néng Mia ka babaturan kuring.
Lain éta hungkul kajadian peurih téh.
Si Abud kungsi diciduhan ku Néng Mia bakating ijid pisan.
Kuring jadi cua ka Néng Mia.
Hayangna mah ngulub sirah Néng Mia.
Tapi anéhna téh si Abud tara malik ngambek
ka Néng Mia. Manéhna mah sok kalah seuri.
Jigana lantaran bogoh nu gedé pisan ka Néng Mia.
Lamun kuring mah leuwih milih marmot tatangga katerap bronhitis batan diciduhan ku awéwé mah, batan dihina terus ku awéwé mah.
Geus teu kuat nempo babaturan dihina waé ku awéwé, kuring ngawani-wani nyarékan si Abud sangkan eureun ngudag Néng Mia.
Nasib geus jadi bubur, Bud. Ayeuna mah pohokeun wé awéwé haramjadol kitu mah.
DUNIA TIDAK SELEBAR CELANA DALAM.
Tapi si Abud keukeuh lieur ku Neng Mia.
Manéhna janji rék terus ngetrok haté Neng Mia sangkan daék narima deui.
Kuring gogodeg bakating ku héran.
Gening aya ogé jelema kawas kieu, Gusti…
Geus dua peuting ieu kuring terus mikiran lalampahan si Abud.
Tapi pikiran kuring pabeulit jeung omongan lanceuk kuring peuting kamari nu nitah kuring cuti heula kuliah.
Kuring dititah gawé di Jakarta, jadi buruh ngetik di kantor babaturan lanceuk.
Sabenerna mah kuring embung ninggalkeun lembur, tapi cenah gajina gedé. éta oge cenah ngaganti pagawéan Cep Boby nu keur geuring katabrak setum.
Ceuk béja mah Cep Boby sukuna potong jeung sirahna rengat.
Jigana pililaeun geuringna.
Kabeneran kuring boga kabisa ngetik.
Baé ngetik ku dua curuk gé, asal gancang jeung rancagé cenah.
Dua poé geus bérés ngurus sagala rupa, kuring isukna mangkat ka Jakarta.
Si Abud bangun nalangsa nempo kuring mangkat.
Tapi kuring sakeudeung ngahibur manéhna.
Kuring janji rék mawa duit loba ti Jakarta.
Si Abud nyuuh ka Kuring ulah ninggalkeun manéhna.
“Kuring euweuh batur ngobrol.
Kuring euweuh batur curhat.
Indung kuring mah teu ngartieun diajak ngobrol sual hiburan kontemporer mah.”
Pokna semu ngaheulas.

“Bud, kuring mah sakeudeung.
Kuring rék ngudag duit heula.
Geus loba duit mah urang duaan jaga bakal bagja.
Salila kuring euweuh mah, ngobrol wé jeung calana.”
Cekéng téh ngaheureuyan.
Lima jam kuring nepi ogé ka Jakarta.
Kakara ayeuna kuring incah jauh ti lembur.
Hareudang geuning Jakarta téh, teu kawas di lembur nu tiis ceuli hérang panon kénéh.
Kuring kudu bisa jaga diri cicing di lembur batur.
Tong culangeung, tapi tong éléhan.
Sanajan di lembur batur,
henteu ganti pileumpangan. Ieu mah itung-itung pangalaman wé,
tong jiga Ki Duyeh, ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk masih cicing dilembur, dagang surabi saumur-umur.
Euweuh pangalaman anyar.
Poé isukna kuring geus kudu langsung gawé.
Teu pira ngetik laporan sapuluh halaman unggal poé, ditambah ngajumlah-jamléh duit,
kuring diburuhan saratus rébu.
Saminggu wé kali saratus rébu, lumayan bedus.
Lanceuk kuring omat-omatan nitah kuring nabung.
Sabalikna kuring ogé omat- omatan ka lanceuk kuring supaya tong ménta duit.
Kuring keur hayang pelit.
Teu karasa geus sabulan leuwih kuring gawé di Jakarta.
Duit beuki numpuk waé.
Bayangkeun wé si Bos méré duit saratus rébu unggal poè.
Untung wé dahar sapopoé mah aya jatah ti kantor.
Kuring geus hayang buru-buru ka lembur.
Kuring rék ngeureuyeuh nabung keur nuluykeun kuliah deui.
Kuring inget tibaréto hayang meuli hapé.
Geus teu kuat hayang meuli hapé Nokya.
Kuring hayang nelpon si Abud di lembur tapi pasti manéhna can bogaeun, soalna hapé mah nyieunna lain tina taneuh sumur.
Kapikiran ogé rék meuli skripsi.
Ah, haram kétang.
Kuring mah leuwih milih indit ngarit poé jum’at batan kudu meuli skripsi mah.
Sok jadi inget ngomong skripsi tèh.
Tibaheula kuring jeung si Abud guligah mikiran skripsi.
Kuring duaan ngadon kukurilingan néang judul nu alus.
Kuring pernah boga judul
hadé:
RADIKALISME AGAMA DALAM PERSPEKTIF TRIO MACAN.
Tapi heuleut sabulan diganti deui jadi:
BERAS IMPOR DALAM PANDANGAN SAYA SEKELUARGA,
atawa leuwih heded lamun dibalik:
SAYA SEKELUARGA DALAM PANDANGAN BERAS IMPOR.
Kuring bingung milih judul.
Ari Si Abud mah cenah geus manggihan judul keur skripsina:
HUTANG PROFETIK; SEBUAH INTEGRASI- INTERKONEKSI MARXISME DAN WASIAT KAKEK SAYA.
Ah, kuring mah can bisa nyieun skripsi lamun can aya léptop.
Tapi, lamun duit tabungan aya leuwihna kénéh, kuring ogè hayang meuli léptop.
Eta gening komputer nu jiga jojodog.
Kuring jadi inget, baheula keur di SMA boga babaturan sakelas pindahan ti Jogja.
Manèhna kamana-mana mamawa léptop.
Kungsi ulin ka imah kuring mawa léptop.
Manehna kasohor tukang molor, wajar we da tukang melong komputer.
Kuring riweuh nyangu, manéhna mah lalajo video dina léptop.
Meni nyantéi pisan.
Kungsi ogé léptopna tinggaleun di dapur, ku nini kuring kalahkan dipaké talenan, di paké nyiksik bawang.
Sugan wé lamun pareng meunang rijki gedé, jaga kuring bisa meuli léptop.
Geus hampir dua bulan kuring gawé, Cep Boby bejana geus cageur.
Isukna kuring geus bisa balik deui ka lembur.
Di tengah jalan, kuring balanja heula keur bawaeun ka lembur.
Kuring meuli baju keur indung.
Teu poho dahareun keur bebenyit.
Kuring ogé inget ka si Abud. Kuring meuli roko sakaradus.
Teu poho meuli kopi hideung.
Soalna si Abud mah embung ngaroko lamun euweuh kopi.
Béda jeung kuring, kuring mah embung ngaroko lamun euweuh seuneu.
Kuring ogé meuli baju koko jeung calana sontog keur siAbud.
Keur bapa kuring mah meuli sarung, kopéah jeung kaca panon hideung, mèh katempona gaul jeung ginding.
Keur indung meuli kurudung jeung mukena.
Kuring oge meuli baju loreng tantara keur Ki Asmi,
kokolot nu geus dianggap dulur.
Sakalian meuli baju Spiderman keur incuna, si Abraham Entay.
Ngahaja meulina dua stél, bisa parebut jeung Ki Asmi.
Kuring bungah bisa balanja keur kolot jeung dulur.
Tapi kuring embung kokomoan balanja, soalna lalampahan masih panjang, dulur leutik masih riab.
Can tangtu kahareup masih bisa ngala duit deui.
Tapi kuring kahareupna boga kahayang ngebebenah imah jadi tilu umpak, panghandapna mah baé kolong keur hayam saré.
Sakuriling imah rék dipinuhan ku wésé umum mèh mangfaat ka urang lembur.
Intina mah ngaminimalisir oknum masyarakat nu sok ngadon setor eusi beuteung dipipir imah.
Lamun usum pemilu mah, wésé bisa dijadikeun kamar suara.
Jam 12 beurang kuring nepi lembur.
Di imah jempling.
Sakeudeung sasaréan dina korsi tengah imah.
antukna mah ngan ukur molotot teu bisa saré.
Da barudak badeur tingkalacat luhureun korsi ngaganggu kuring.
Piraku kudu dibéré racun beurit mah méh lalindeuk.
Geus asup adan asar kuring mandi.
Tadina mah hayang panggih heula jeung kolot rék prosési mere oléh-oléh, tapi jigana can baralik ti sawah.
Kuring dandan ginding maksud rék nepungan si Abud.
Geus sono.
Oleh-oleh keur manehna geus rapi di kantong kérésékan.
Saeutik disemprot parfum anyar.
Jigana si Abud atoh pisan narimana.
Imah si Abud sarua jempling.
Kuring keketrok bari héhéotan.
Ngahaja maké kaca panon hideung méh si Abud pangling.
Teu kungsi lila, panto muka.
Nyampak indung si Abud ngabanghinghik ceurik.
Haté kuring ngadadak teu genah karasana…
Langit lénglang. Kuring nangtung lila di jalan.
Ngadégdég nahan eungap.
Ngarasa teu bisa nanaon. Pikiran geus barirat ka mana mendi.
Haté asa dibintih kasedih.
Haté asa ditindih kapeurih.
Kuring nempo langit ujug-ujug baseuh.
Kuring nempo panon poé kokolébatan.
Kuring nempo lalaki leumpang di jalan gedé teu maké calana.
Sirahna dibuntel ku calana sorangan.
Awakna kuleuheu teu kaurus.
Sandal capit digantungkeun dina beuheung maké tali rapia.
Kadéngé manéhna ngahariring.
Teu kungsi lila manéhna ngarandeg, ngagantungkeun calana dina pager.
Kuring ngadéngé manéhna ménta hampura ka calana sorangan.
Ti belah kulon barudak leutik nyurakan bari nakolan kaléng. Manéhna seuri.
Manéhna ceurik. Manéhna ngamuk.
Manéhna ngagorowok nyebut ngaran awéwé.
Kuring teu kuat nahan cimata.
Teu karasa cimata haneut seukeut dina pipi…….p

Rabu, 04 Desember 2019

Serat asih tiArafah

Ku Étti RS
Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh,
Mugi Allah nangtayungan urang duaan tina bahla tur codéka.
Salira percanten teu, ieu serat dianggit sabada abdi napakuran langit? Tengah wengi nalika simpé tanpa tepi, abdi nyaring kageuing kunu ngirining. Sihoréng kirining asih ti Salira,ngageuingkeun abdi pikeun sujud ka Mantennana mangsa tibra.
Tamat solat, na pangémut bet ngolébat kilat langit. Abdi ngalong tina jandéla, hoyong ngantebkeun rasa, hoyong padungdengan na peteng peuting.
Neuteup kaluhungan Maha Karya Anjeunna, ras ka diri nu laip tanpa tanding tapi sok agul ku kaluhungan rasa cinta, rasa nu teu wéléh ngayun-ambingkeun haté urang.
Lajeng émut kasalira, teras nyerat hoyong naros naha leres rasa urang sapagodos, naha enya rasa tresna mapakan karya Anjeunna.
Kacipta teu, harita tirisna taya tandingna. Hawa téh ku nyecep pisan, nyulusupkana sungsuam;maragatkeun tulang-tulang. Kampuh ngan mampuh meruhkeun ibun, tiisna tetep nyaksrak saawak-awak. Subhanallah! Nalika kasawang raraysalira, tiris téh ilang dadak sakala, rasa nyecep kasilep kangen. Ku pangémut, éta pisan kaluhungan rasa cinta téh.
Cobi lenyepan, apan rasa cinta gé ciciptan Mantenna nu dipaparinkeun ka manusa kalawan puguh mangsana tur puguh ka saha-sahana.
Gusti Allah maparin rasa asih téh teu sagawayah. Buktosna, rasa cinta urang teu dirarancang ti anggalna, bet ujug-ujug renung sirung-sirung gandrung. Bibit-bibit asih teu tiasa disapih, malah ngancik na sanubari.
Kalih ti éta, saéstuna asih abdi mung tumerap ka salira, teu tiasa dialihkeun ka nu sanés. Sanggem abdi mah, éta téh luhung, ahéng, ajaib!
Duka sabaraha lami abdi neuteup langit téh. Ébat sotéh wiréh ngupingnu ngaos ti pondok palih wétan, rupina mah salasawios santri nu mulih tahajud diteraskeun maos Quran.
Kakupingna mah santri istri, sorana halimpu ngusapan kalbu.
Ari nguping nu ngaos téh sok émut kana és ém és ti salira:Aini, kaéndahan ayat Quran nu digalindengkeun kalawan hadé, bakal mampuh ngaruntuhkeun tangtungan; kalebet ngirut duriat.
Sapertos dongéng Aa Gym, saurna téh anjeunna kataji ku Téh Ninih waktos ngadangu Téh Ninih ngaos Quran, nya tangtosna gé sanés mung saukur ngaos tapi ngaos nu hadé, leres lafad sareng mahroj tur galindengna matak tingtrim.
Pami émut kana éta és ém és téh abdi sokasa leutik, rumaos teu tiasa maca Quran sakumaha nudi gambarkeun ku salira;bujeng-bujeng kana halimpu tuda ngalafadkeunana oge abdimah sakapeung teu merenah.
Duh, naon pikatajieunana diri abdi kanggo salira.
Pangulinan abdi mah café, karaoké, bioskop, sareng panggung pintonan; taya lolongkrang pikeun diajar maca Quran nu hade da wangsul téh sering wanci peuting jempling . Janten, perkawis daya irut mah rupina sanésku tiasa ngaos waé. Buktosna, salira kataji sanés kumargi abdi nyari maca kalam Ilahi.
Puji sukur ka Nu Maha Agung abdi tepang sareng saliranu teu kendat maparin panggeuing diri. Ngalangkungan telepon nu teu towong, dina alarem kangen saban sonten, dina misscall sono saban lohor; dina kirining asih saban wengi, dina és ém és nu mépéndé haté, salira teu bosen ngémutan sangkan abdi teu hilap netepan. Abdi bagja dipitresna kusalira, abdi reueus dipideudeuh, abdi ajrih dipiasih. Bagja rajaning bagja nalika salira ngawitan nyebat ‘aini’.
Bagja awor sareng éra-parada. Naha payus abdi disebat ‘aini’, ‘biji mata’, ‘buah soca’ atanapi ‘kembang soca’? Raraosanmah éta sesebatan téh matak sesebitan ati, asa luhur teuing, asa éndah teuing.
Abong salira nuju kataji, maparin nami téh kaleuleuwihi.
Alam wuwuh mongkléng, taya gurat sumirat di langit; nanging ati hurung ngempur hibar sumirat duriat. Damar sewu parentul minuhan kalbu, kalangkang salira ngahibaran palataran rasa; ieu, hiji buktos kaahéngan cinta téa.
Dina jempling peuting taya keueung margi diréncangan kugeter kangen salira tika tebihan.
Asih salira ka abdi karaos éstuning wening, sanés asih nu palidku birahi, nanging nitis tina rasa welas lir welas asih Nabi Isa ka umatna.Kanyaah salira disarenganku sabar lir sabar Nabi Ayub tumampi takdir. Kadeudeuh salira dibeungkeut kateuneung lir teuneung Nabi Musa nanjeurkeun syiar. Duriat salira disimpay héman lir héman Nabi Muhamad kapara garwana
Angin ngagilisir mipir kulit.Hawar-hawar palih kalér sora dzikir, bet gumeter kana angen. Asa geter kaNu Langgeng waktos husu turut wukuf, asa rasa anu léah waktos sumerah di Arafah.
Subhanalloh, cinta téh rasa nu pangkawasana margi mampuh meruhkeun rupining rasa:, rasa ceuceub janten deudeuh, rasa geuleuh janten geugeut, rasan géwa janten tresna, rasa sirik janten asih, rasa sombong janten sono, rasa keueung janten ludeung,rasa marudah janten pasrah, adigung janten tawadu.
Ahéng ! Cinta nusétra ngawujudkeun rasa tur geter nu bedas ngorédaskeun kabedang.
Nalika urang sami-sami kapentang gondéwa tresna, Abdi terang cinta salira éstuning nyacas tur bodas; ogé salira uninga, duriat abdi kiat tur natrat.
Antawis urang sami ngangken yén rasa kangen sami-sami nganteng, nanging mung Mantenna nu wenang mahat-maheutkeun kahoyong tur kakeyeng urang.
Percanten teu, abdi anteng ngeyong tineung dugi ka adzan ngagalindeng. Sabada ahir kalimah takbir, abdi sadar yén hariring cinta mekarnu ku urang digelar kasengker ku tembang gahar: salira baris nyandingkeun ceungceuman nu tos lami ngantosan. Kantenan turih jamparing asih téh teu kinten peurih.
Dina leresan ieu bet aya rasa hangham ka salira, naha di salira gé sami ngancik rasa peurih?
Sanaos batin salira kaseuit tangtos mung sakolépat da geuning pameget mah arang ngumbar batin kumalayang. Pameget mah langkung tapis ngolahkeun pikir tinimbang ngolahkeun rasa, ari perkawis cinta kapan seuseueurna mah perkawis rasa.
Abdi ngartos naon margina salira milih rabi tanpa asih, margi salira langkung ngajungjung sawarga tina dampal sampéan indung.
Wilujeng jungjunan. Mugi urang dipaparin Asih Nu Tanpa Tanding.
Wassalam.
Dayeuh Pangreureuhan,Januari 2006
——————————

Selasa, 03 Desember 2019

Serat katresna kanggo Salira


Sakatampina ieu serat, mugia salira aya dina ginanjar kawilujengan.
Moal boa salira tumanya,aya naon lalaki nu geus lawas kahalangan mangsa bet ujug-ujug nyuratan?
Leuheung keneh tumanya kitu mah,da nu di pikahariwang téh:Surat ti saha ieu? Saha ari Asép Ruhimat téh? Leuh, tada teuing ieu haté nyérésétna.
Dua puluh opat taun katukang urang papisah téh, Akang ka kulon (Bandung), salira ka wétan (Cikembulan), puseur kabagjaanana mah apan di Tasik salila kurang leuwih dua taun.
Ah, Akang mah moal poho,ngaran anjeun Siti Mulyani.Dedegan jangkung lenjang,kulit bodas dipasieup ku karangnu nyéngcélak dina angkeut beulah kénca.
Ari sesebutan, babaturan salira méh sa asrama (Asrama SPG di Dadaha Tasik) nyebut ka anjen téh Siti, Béda da Akang mah apan sok Yani atawa Yan; baé.
geulis.cek Akang harita, basa hiji waktu ulin ka Salopa.
Méméh ngajawab. Kaaahh aya naon, Kang? Gelenyu mah geus miheulaan, imut nu matak kareueut. Kitu kabiasaan salira, méméh ngajawab téh sok ngagelenyu heula.
Matak deungdeuleueun jeung dédéngéeun tug nepi ka ayeuna.
Duka naon rusiah nu aya di diri Akang téh.
Enya, rusiah pangna harita salira daék tug dugi mika geugeutna jeung Akang. Da ceuk saréréa ogé dedeg katut rupa Akang téh taya pulunganeunana. Malah jangkung gé apan méh ganjor lima sénti, komo mun pareng salira maké sapatu jéngki, sok matak éra ku nu nénjo, pangpangna mah Akang sok asa jadi pohara pendékna.
Kungsi sakali mangsa Akang nanya ka Euis, batur sakamar jeung sa asrama salira anu urang Salopa téa, Is, bener kitu Yani téh bogohna ka Asép?.naha asép maké nanya kitu,. Batan ngajawab mah, Euis harita kalah malik nanya.Hayang ngécéskeun saenyana mah pangna Akang tumanya kitu ka Euis téh, tapi ari dipikir-pikir asa leuwih pas upama langsung tumanya ka salira.Ngan hanjakal tepi ka ieu Akang nyieun surat, éta pananya téh teu kungsi kedal.Saban tepung hayang sapok pokeun, tapi teu pok baé. padahal mah éta téh penting keur Akang mah, sieun salira ukur bogoh pupulasan.
Tapi, ah,piraku da karampa ku rasa batin ogé yén salira bogoh enyaan.
Malah apan kalah salira anu miheulaan nanya, sari-sari cangcaya ka Akang.
Kaduhung puguh salila urang hubungan téh teu kungsi silaturahmi ka ibu-rama Yani. Atuh lapur tepi ka urang pisah ogé teu apal di mana panganjrekan salira. Semet apal ngaran tempatna baé, Cikembulan. Pajar teu tebih ti Pangandaran, cek salira harita.Persis na caket pasar, tangtuna ogé Pasar Cikembulan.
Kumejot tug ka ayeuna ogé hayang mapay raratan, tapi sok kandeg, sieun ku maonam.
Tapi Akang yakin, upama sakali waktu tepung jeung salira, rupa jeung dedegan salira moal tepi ka pangling. Najan, pastina ogé, salira geus reuay budak, jiga Akang baé ayeuna.
Ari pareng Akang piknik ka Pangandaran sok imeut niténan istri-istri nu aya di ditu.
Enya, sugan jeung sugan tepung jeung salira. Sugan waé, cek haté. Yani keur ngasuh budakna ulin di basisir. Leuh, kacipta, boa leuwih éndah tepung ayeuna batan dua puluh opat taun ka tukang.
Hayang teuing urang duaan mulangkeun panineungan ka mangsa-mangsa ka tukang.
Tapi hanjakal, najan mindeng ka Pangandaran can pareng kawénéhan tepung.Kungsi sakali mangsa Akang tumanya ka ombak laut nuting jelegur, batu karang nu ngajegir, jeung ka guha nu meredong poék.maranéh kungsi nénjo yani ngulampren kadie??.
Kabéh ogé nga bigeu, taya nu ngajawab.
Padahal Akang yakin maranéhna kungsi kaanjangan ku salira.
Kitu deui basa ka Pasir Putih,sabab yakin salira kungsi ka dinya, ti mimiti kikisik, lambak nu ting siriwik noelan bitis, tug ka tangkal nu dahanna nyodor ka laut di lelekan, lapur taya nu méré raratan.
Ana dipikir-pikir, enya geuning Akang téh ka bungbulenga nana.
Harita ukur bisa nyipta-nyipta yen salira kungsi ngabring jeung barudak kalebah dinya.Hayang sajung jungeun Akang ka Cikembulan, da cek salira ogé teu tebih ti Pangandaran téh.Jeung hamo bireuk mun nanya ka urang di dinya ogé, da apan salira mah asli lahir di dinya.
Tapi nu teu kacipta téh upama tepung jeung salaki Yani, kudu kumaha Akang nyarita. Sieun kalah jadi bancang pakewuh, ngaganggu kana katingtriman jeung kabagjaan salira.Mangkaning, inget kana omongan Euis harita, yén pohara ngunek-ngunekna salaki anjeun ka Akang harita.
Cek Euis kénéh, harita salira kungsi ceurik midangdam Akang,saméméh dirapalan téh. Pajar hayang pendak heula najan ukur sakocépat.
Deudeuh teuing geulis 'hampura Akang. Salira, cek béja anu tepi ka Akang, nikah sasat kapaksa sabab Akang teu kedal omong nu bisa jadi cecekelan salira.
Atuh bisa di cindekkeun, salira nikah téh sabab keuheul ka Akang.
Enya, rumasa, Akang teu kungsi nunda carita.
Tapi Yani kedah terang pangna Akang kitu, lantaran harita Akang keur nyanghareupan kuliah anu sakitu tangelna.
Enya, apan kakara gé tingkat hiji harita téh, ari salira sabada lulus ti SPG téh apan langsung diangkat pagawé nagri.
Teu, teu rumasa niat sulaya.Jeung, teu rumasa mutuskeun deuih. Cindekna, tepi ka ayeuna ogé urang duaan teu kungsi mutus keun hubungan.
Éta di antarana pangna duriat Akang tugka ayeuna teu daék pegat, duka ari salira mah.
Ah,boa-boa salira mah
Harita,saréngséna ujian semester Akang ngahajakeun mulang ka Tasik.
Barang jol, bibi Akang hariweusweus, cenah kadatangan tamu lalaki urang Pangandaran, ngangkenna pisalakieun Yani.
Nepikeun talatah majar Akang tong nga ganggu sabab moal lila deui salira baris rumah tangga.
Malah, cek bibi kénéh, Yani gé geus dua minggu mulang ka Cikembulan. Minangka buktina, éta lalaki anu ngangken pisalakieun salira téh mikeun bungkusan nu eusina jékét almamater anu kungsi ku Akang di anggo keun kasalira.
Hese nerang keunana kumaha kaayaan haté Akang harita. Seug komo taya iber heula ti salira.
Ah,tungtung na mah tamaha waé kana nasib. Kacipta kusalira ogé, geus diimpleng baris tepang, ari heg kalah tepung jeung kaheneg,kakeuheul, jeung kakuciwa.Teungteuingeun geuning salira téh.
Teu kuat harita kénéh Akang mulang deui ka Bandung.
Salila dina béca nuju ka terminal, kabayang kaayaan asrama tempat panganjrekan salira. Kabayang korsi paragi diuk Akang jeung salira diruang tamu.
Kabayang kamar salira anu geus kosong lir kosongna batin Akang harita.
Kabayang tempat-tempat anu kungsi kasaba ku urang duaan.
Di Imeut imeut taya nu kaliwat.
Untung na ti Tasik téh geus rada poék, jadi taya nu nangenan panon Akang juuh ku cipanon.
Lila Akang teu mulang ka Tasik,babakuna sieun kasuat-suat.Malah harita dina haté aya patékadan moal balik deui.
Ari heg enya, Akang ayeuna meunangkeun urang Majalaya tug nepi ka galituk ku budak, atuh taun kali Akang mulang ka Tasik deuih.
Lamun téa mah Alloh mareng keun urang patepang,bisa jadi batin urang duaan hayang mulang deui ka mangsa katukang.
Atuh moal boa kasono téh baris tamplok ngagulidag, hal anu lumbrah.
Ngan, poma tong aya harepan bisa ngahiji sabab geus beda mangsa jeung kaayaan; kabagjaan urang baheula can tangtu bisa sarua jeung ayeuna.
Eta sababna, lalakon hirup urang duaan, urang sidem baé.
Tapi, najan kitu, katresna jeung duriat nu teu kungsi pegat mah taya lepatna mun ku urang duaan terus dipageuhan,dipatri dina haté kalawan teu diucah-acéh ka batur hirup ayeuna.
Sakieu waé surat katresna ti Akang, mugia salira aya dina kabagjaan, ginanjar kawilujengan salalamina. Amin ya robalalamin

Cimahi 24 Nopember 2004

nu mikasonona

[Asép]
Kénging: Asep Ruhimat

DiTampian

Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay....