Minggu, 13 Februari 2022
DiTampian
Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay. Léos saurang, torojol saurang, teu kaur lowong. Cacakan pancuran aya limana. Sora turaés séah dina tangkal mindri ti mumunggang tonggoheunana. Angin mangkat katiga nebak ti kidul-wétan, angin garing ngandung kasakit,matak keusrak kana kulit. Mu’in cinutrung kénéh dina batu gedé tonggoheun tampian, ngadago lowong. Panon melong kosong semu jauh panineungan. Lemburna nu baréto mah tara kurang cai, ayeuna mah katiga karék sabulan ge, cai geus susah. Balong gararing, sumur taluhur, susukan ngolétrak, sawah bareulah tarelaan. Puncengis Samsu. Dikokolor, dikakaos sangsang, dikongkoyang anduk, ngajingjing émbér leutik wadah sabun-odol. Nénjo jelema réa kénéh, koloyong nyampeurkeun nu keur cinutrung. “Ngagelek kénéh baé wayah kieu.” Pokna bari ngalieuk ka lebak. “Heueuh, emang gé geus lila.” walon Mu’in, “Keur gawé di mana Cu?” “Di mantri Ojon, nyieun dapur…Beuki réa waé nu ngaradon ngala cai téh.” ceuk Samsu. “Cikénéh gé Haji Dadi, sakol buntung, dreum pelastik galedé wungkul.” “Sakitu boga sumur kompa, éta haji Dadi?” ceuk Samsu. “Yéh, teu jero-jero pisan mah sumur kompa gé ayaan ti mana, da puguh jero taneuhna geus taya cai.” “Padahal can babangetna katiga téh, nya?” “Babangetna naon, dang-dang-rat kénéh sasatna, karék Juli lin ayeuna téh?” “Enya, tanggal dua” “Béak ku sumur tarésis meureun cai di jero taneuh téh” “Artésis meureun Mang, lain tarésis!” témpas Samsu bari nyéréngéh “Heueuh meureun…..mangkaning lain hiji-dua pabrik nu nyieun sumur kitu téh. Jaba mani patinggelenggeng cenah, sagedé-gedé bedug kaluarna téh.” “Wah sagedé bedug onam piraku Mang, kaeléb meureun pabrikna gé!” “Heueuh ceuk nu nyararita! Jaba cenah sapabrik téh teu ngan hiji séwang.” “Acan golf, acan perguruan tinggi, hotél, pangindekosan, supermarkét…..” Samsu ngahaminan. “Tuh, cekéng gé! Mana lapur balaréa mah kabagéan sarakahna wé! Tuh sumur Pa Bahim…apal manéh Acu, sumur Pa Bahim? Iraha teuing saat baheula mah, kapan ayeuna mah…..” “Naon, da geus disaeur!” “Hah, disaeur….?” “Abdi, duaan jeung Si Dasmo nu nyaeurna gé, minggu itu. Barangkal, keusik pangayakan, bangsa belang-beling, bres-bres wé ka dinya. Geus kari dua metér, rup wéh ku beton, dijieun cubluk ngarah teu mubah teuing.” “Disaeur mah, kumaha atuh Pa Bahim ka caina?” “Nyieun sumur bor, jero, sabaraha lénte mah.” “Beu……nepi ka hanteuna éta sumur. Gedé riwayatna sumur éta téh, Acu. Nu nyieunna téh nyao uyut, nyao baona Pa Bahim, emang gé teu pati teges, angot manéh, di mana kénéh mah! Ngan kacipta sarusaheunana urang dinya, kapan salelewek éta mah ka caraina téh ka sumur éta, bubuhan diopenbarkeun.” “Nya bur-ber wé meureun. Nu ka Cisiuk, nu ka Cilanggeng, nu ka Cipaséh, nu ka dieu waé atuh réa, tuh geuning Kang Tamim, Bi Anah, Si Uhi…..” Samsu mapaykeun paneuteupna ka nu ngagimbung di lebak. “Deuh éta nu ka Cipaséh, kacipta ngempladna! Indit nurugtug, balik ngarekéh. Ngarah saémbér-dua émbér téh kudu ngoprot heula késang” “Dikumaha deui meureun Mang, da butuh!” “Leuheung nu jaragjag, Acu, kumaha temen bangsa nini-nini
*****
Kenging Supriatna
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
DiTampian
Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay....
-
Asup ka Pajaratan Kasimpé mah, saha baé ogé, moal henteu gogodeg. Kana tangtu kituna téh, da puguh asa aya di dunya anyar, dunya nu teuing ...
-
Ari bulan Puasa mah resep téh ka sorénakeun, ngabuburit. Usum liar nepi ka liar lalay. Ngadon mapay-mapay trotoar atawa laha-loho ka toko....
-
• Surat Sajalantrahna • ﹍ Kénging: Imas Rohilah ﹍ Ayah Fikri di Depok ﹍ Héy, Teu nanaon maké basa Sunda nu jagreug Ogé nya? Teu Kudu mil...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar