Minggu, 13 Februari 2022
Awewe nu ngais orok
Kamis, 03 Februari 2022
Ngabuburit
Ari bulan Puasa mah resep téh ka sorénakeun, ngabuburit. Usum liar nepi ka liar lalay. Ngadon mapay-mapay trotoar atawa laha-loho ka toko. Prahna mah ngabeberah manéh baé. Malar seubeuh neuleu beulieun.
Lamun teu kitu atuh ngahaja liar nénjo nu liar. Ngahaja jalan-jalan ngarah guk-gok jeung nu jalan-jalan. Asup ka toko ngarah gok jeung nu ka toko. Boh nu enya niat balanja, boh nu saruana. Sarua ngarah papanggih!
Brul ka kidul, brul ka kalér téh, kitu baé ilaharna mah.
Barudak mah sok di alun-alun mungpungna téh, arudag-udagan. Loba nu daragang. Anu baku wungkul, méh sapanjang turut sisi beulah wétan. Tuluy sisi jalan hareupeun masjid. Nu daragang dahareun jeung inumeun baé umumna mah. Ancoan nu rék ngadon buka di dinya. Ngadon tajil atawa ngabatalan.
Mariem nu sok diarep-arep ku barudak mah. Hayang neuleukeun nyeungeutna. Di pakarangan kabupatén, hareupeunana, sok diseungeutna téh.
Mariem teteg. Aya dua sapasang. Ngencarna ngan sapanjang bulan Ramadan. Disina ngabaragug nyanghareup ka alun-alun.
Dina geus deukeut kana diseungeut, tingtérékél barudak paheula-heula naraék kana bénténg kabupatén. Ronghok, malah nyocok di nu marolongona.
Ongkoh hayang deukeut. Hayang teges. Tapi ari geus rék sut disundut, paheula-heula téh peureum bari nyocokan ceuli!
Nu hiji, purah méré tanghara manjing buka, mariem téh. Hiji deui nu ngabéjaan tutup sahur. Sorana sarua tarikna. Cukup ngarungkup kota Bandung jeung wewengkonna. Komo nu disada janari mah. Da sedeng jempling. Sedeng simpé dédéngéan. Mani sok lambat pisan geleger aweuhanana téh.
Ieu téh kamonésan Dalem Haji. Oléh-oléh mulih ti Mekah. Da kitu cenah di ditu mah. Lain ku bedug, tapi ku mariem nitah buka puasa téh.
Nu disebut Kamar Arab deuih, kamonésanana mulih ti Mekah téh. Kamar nu diréka kawas di Arab. Boh paparabotanana, boh papaésna. Nya kitu deui pasang-petana, nyeta-nyeta di karaton Raja Mekah, Syarif Husén.
Kagerenteskeunana, ti magrib nepi ka rérés isa téh, Dalem Haji mah tara kaluar ti dinya. Kitu nu kawénéhankeun ku kuring ogé, hiji mangsa bada magrib. Kasampak keur ngaos Surat Al-Baqarah, dina De Heilige Qoer’an.
Aya nu enya lalajoaneun ogé, pangbeberah ngabuburit téh. Bioskop nu mimitina disebut kindervoorstelling, lalajoaneun barudak. Malah keur bebenjit baé prahna mah. Da nepi ka ngadak-ngadak kawas taman kanak-kanak, gedong bioskop téh. Biasana unggal poé Minggu, isuk-isuk. Tuluyna mah jeung poé Saptu, palolohor.
Cara ka taman kanak-kanak baé, loba nu sok dianteurkeun barudak téh. Biasana, mun lain ku indungna, ku lanceukna.
Kitu ka bioskop ogé. Bédana téh ari ka taman kanak-kanak mah semet dianteurkeun-dipapagkeun. Dipapag-jajap. Atawa nu ngajajapkeun téh tuluy ngadagoan, nepi ka waktuna budak balik. Ngadagoan di luar baé. Teu meunang milu asup, sumawonna milu diuk.
Ari ka bioskop mah milu lalajo, nu nganteur téh. Jeung bari milu resep deuih. Da enya, rata-ratana pilem karesep budak téh, resep kolot ogé. Émbohna ti kitu, keur nu nganteur mah resep guk-gokna jeung nu pada-pada nganteur deui.
Dua-tilu kali papanggih. Biasana dina keur ngagimbung kénéh di luar, méméh waktuna asup. Tina wawuh munding kana wawuh enya, tuluyna loma. Asal unggal gok ngan semet unggeuk, silih unggeukan, medok tuluyna mah. Geus kitu mah bareng asup ka bioskop ogé. Malah sok silih dagoan, upama salasaurang elat téh. Ngarah bareng asup. Bareng milih tempat diuk, padeukeut. Diselang ku barudak mimitina mah. Tapi tuluyna, budak jeung budak deui, pada-pada budak. Nu nganteur deukeut nu nganteur, paantel.
Atuh ana reup dipoékan téh, pilem mimiti diputer, budak aranteng, nu nganteur anteng. Sarua pada ngarasa hanjakal cara barudak, ari bray caang deui téh!
Dina waktuna papisah, budak disina tatabéan. Disina daaah… Nu nganteurna ogé milu daaah deuih, ngan béda hartina!
Enya aya anu teu dihaja. Asalna diwawuhkeun ku budak atawa budak wawawuhan. Tina silih ajak seuri jeung silih puntangan. Tuluy silih béréan ésbonbon atawa peremén. Nepi ka nu nganteurna ogé kabawakeun milu wawuh.
Tapi teu kurang-kurang nu dipaké modal ogé, budak téh. Ngahaja diwawuhkeun ka budak deui. Meunang milih, ka budak nu dierong panganteurna, henteu ka asal budak.
Henteu gugon budak mah. Budak lalaki jeung budak lalaki deui, bisa. Budak awéwé jeung budak awéwé deui, resepeun. Teu cara anu nganteurna!
Tungtungna dipaké alesan, nganteur budak ka bioskop téh. Réa anu nyampeur budak batur. Rék anak tatangga nu deukeut, rék anak baraya nu anggang.
Atuh sawaréh kolotna atoheun, asa aya nu nalangan. Komo meneran di nu teu boga batur mah, heug di imah loba uruseun. Boh ngurus nu leutik kénéh, tacan manjing dibawa lalajo, boh nu anyar ngalahirkeun.
Aya nu indit ti imah lengoh ogé. Nyampeur budak batur di panglalajoan. Budak nu kabeneran taya nu nganteur, dipilukeun ka nu séjén. Tampolana asal nyekel leungeun budak, tamba éra léngoh téh.
Teu di pamuda, teu di pamudi siasat kitu téh, sarua!
Aya nu nepi ka manggih jodo, ku kitu téh. Di antarana nu meunangkcun guru Frobel.
Geus ilahar jadi matinéé mah, méh cara biasa baé. Bédana téh ukur pilemna nu disebut voor alle leeftljd diputerna ti beurang. Poé Minggu jeung poé peré pukul salapan isuk. Mun teu kitu pasosoré. Da éta baé ari kaluar téh méh bareng jeung lalay. Nu matak resep dipaké ngabuburit ogé.
Pukul tujuh peuting nu biasa mah, ngamimitianana bioskop téh. Angger kitu unggal peuting, teu halangan ku bulan Puasa. Tuluy atuh papaharé baé, nu tarawéh di masjid jeung nu lalajo bioskop téh. Sarua raména. Di Varia sora nu keprok jeung tingsaruit. Patembalan jeung barudak patarik-tarik “Amin.”
Bubaran tarawéh sok méh bareng jeung bubaran eerste voorstelling. Remen pasanggrok di jalan, nu tas ti bioskop jeung nu balik ti masigit téh. Ari bubaran twede voorstelling, heula-pandeurina téh jeung rérés tadarus. Aya bédana, nu ti bioskop mah ngabrul, aya puluhna malah ratus. Ari nu tas tadarus mah tara matak kérok milang!
Di jalan anu mimiti tiiseun, sok rajeun manggih kénéh tukang bandrék atawa bajigur. Daganganana, lalawuhna, geus rutak-raték. Pantesna téh kari pamilihan wungkul.
Tukang bandrék jeung bajigur ogé, sok geus rada peuting ngiderna téh, ari bulan Puasa mah. Kawas nyangkirangan nu sareubeuh kénéh. Nepi wanci magrib mah, biasana. caricing baé dagangna téh. Di sisi-sisi jalan teu jauh ti tempat inditna. Ngumpul jeung babaturanana, tunggal sasama tukang bandrék jeung bajigur. Kawas nu baradami, ngatur siasat ngider. Ka lebah mana los-losanana ngider saurang-urangna. Ngarah henteu silih soro, guk-gok jeung babaturan di hiji lelewek.
Nu matak, upama aya nu paamprok atawa pairing-iring téh, tandana teu kungsi badami heula. Lain jeung batur sakampung, atawa paanggang tempat asalna.
Nu disebut tukang bandrék, tara bandrék wungkul dagangna téh. Jeung lalawuhna deuih. Malah dina nawarkeunana mah, dipandeurikeun. Ngaheulakeun lalawuhna. Pokna ogé, bari dihaleuangkeun disina ngalagu téh: “Kulub suuk, rarawuan, bandrééék kalapa ngora!”
Kudu disebutkeun kalapa ngora. Da kesat atuh kalapa kolot mah, dipaké bukur bandrék téh.
Usum tiris, ti peuting, komo jeung ngaririncik mah. Jeung sampanye nu euweuh, ngeunah pisan haneut bandrék kana beuteung téh.
Nu bener mah tukang bajigur. Carek dagang bajigur téh, bajigur baé nu ditawarkeunana ogé: “Guuur!…. cenah.
Padahal daganganana mah leuwih pepek ti tukang bandrék. Kawas tukang rebus di Jakarta: kukuluban. Kulub sampeu, kulub boléd, kulub cau, kulub suuk. Ari keur usum, sok aya kulub hui salak ogé.
Sok jeung katimus deuih, dagangna téh. Samalah éta minangka kostimna. Katimus di tukang bajigur, rarawuan di tukang bandrék. Tara pacorok éta mah, nu dua. Tara aya katimus di tukang bandrék. Tara aya rarawuan di tukang bajigur. Duka kumaha, da kulub suuk jeung kulub cau mah rajeun aya di ditu-di dieu.
Ari kajanarinakeun, maju kana manjing sahur dédéngéeun téh ku nu nawarkeun deungeun sangu. Sok aya nu ngahaja mapay-mapay gang. Unggal peuting tara kalarung, lelewek nu paruasa mah. Jeung dina peuting sedeng jempling deuih, sok ngiderna téh. Sorana semu halimpu, teu tarik sumawonna ngéngkréng. Éta baé da ngeunah kadéngéna ku nu keur lelenyepan téh, asa dipépéndé.
Sora hipu dilagukeun: “Pindang endog,… déngdéng ragi,… sawuuud! …”
Nu dagang pindang endog, déngdéng ragi jeung sawud, éta téh. Diwadahanana dina téténong séng. Ngiderkeunana disuhun. Cenah dagangan Pa Marsét.
Karasa mangpaatna aya nu ngider kitu téh, keur nu kabeneran teu boga deungeun sangu mah. Dalah nu ilaharna sadia ogé, rajeun sok hayang nu euweuh di imah. Boh kabita ku nu ditawarkeunana, boh teu parurun ngasakan atawa ngahaneutkeun nu geus aya. Gogoda hudang janari ieuh. Ulah bon kasebutna nu kudu kaprak-keprek heula di dapur. Ongkoh nu dihudangkeun ngan kari am ogé, sakapeung mah sok kalékéd pisan.
Atuh keur nu henteu niat meuli ogé, saenyana mah aya baé mangpaatna mah, tah nu ngider janari téh. Keur sawaréh sok asa aya nu ngageuingkeun. Komo nu imahna sisi pisan gang mah, sada di pipir baé. Jeung angger deuih ngiderna téh, antara pukul satu jeung dua.
Tah, lamun éta enya kawas mariem. Tara kadéngé sorana, ari lain bulan Puasa mah. Ti sahur mimiti nepi ka panganggeusan sahur, geus baé.
Sumber: Keur Kuring di Bandung, Sjarif Amin, Pelita Masa, Citakan Kahiji 1983: 13-19.
Kenging >Sjarif Amin<
Rabu, 02 Februari 2022
Pajaratan kasimpé
Asup ka Pajaratan Kasimpé mah, saha baé ogé, moal henteu gogodeg. Kana tangtu kituna téh, da puguh asa aya di dunya anyar, dunya nu teuing aya di mana. Sakurilingna dipager beusi beunang ngukir, dipulas konéng emas. Panto pager digembok sababaraha hiji, sarta henteu sagawayah jelema bisa nganjang ka dinya.
Legana moal kurang ti tilu héktar. Di jerona matak hookeun. Pinuh ku kekembangan. Seungitna meleber angin-anginan. Kuburan mérés, puguh jajaranana. Wangunna paalus-alus, malah ceuk béja mah, tutunggulna ogé aya nu ditapelan emas. Reup peuting, da asa di taman kaputrén atuh. Lampu baranang di unggal tetengger, warna-warni, patingburinyay. Henteu keueung di dinya mah. Henteu geueuman. Ceuk paribasana, dipaké niis ogé moal teu matak betah.
Rek teu kitu kumaha, da puguh nu dikuburna ogé lain jalma joré-joré. Malah, anu hayang dikubur di dinya mah, kudu pesen heula kavling. Hargana leuwih ti kavling imah di real-éstate. Cenah mah, duitna téh asup kana kas pamaréntah daérah, turta dipaké keur kagiatan sosial. Tapi, sanajan hargana mahal, tara kungsi aya nu hoghag ngajak adu harga. Geus kitu lumbrahna. Matak pesen kavling di Pajaratan Kasimpé ogé, manéhna téh lain jalma masakat, kana tangtu loba duitna.
Pagawé nu ngurus Pajaratan Kasimpé, aya puluhna. Ti mimiti tukang sasapu, tukang ngurus kembang, tukang menerkeun lampu, jeung tukang … milang kuburan. Maranéhna cicing di dinya, dipangnyieunkeun wangunan méwah, sarta bisa hirup senang jeung anak-pamajikanana. Gajihna leuwih ti guru golongan IV, ditambah ku bonus saban bulanna. Nu ngagajihna, saha deui upama lain kulawarga nu dikurebkeun di dinya, kulawarga jelema beunghar téa.
Di antara para pagawé Pajaratan Kasimpé, anu katémbong pangsenangna mah Mang Ija, tukang milang kuburan. Digawé teu pati ripuh, tapi gajih sarua jeung baturna. Geus lima taun manéhna digawé di dinya. Tina ladang ngitung kuburan téh, Mang Ija geus bisa meuli sawah di lemburna jeung nyakolakeun budak-budakna.
Enya, mimitina mah Mang Ija kerung ku pagawéanana téh. Asa teu kaharti, ceuk pikirna téh. Naha maké kudu dibilang unggal poé, da moal aya nu leungit. Dina nambahanana ogé, apan puguh catetanana. Tapi, lantaran butuh ku duit téa, dikeureuyeuh wé. Sapoé dua kali ngitungna téh, isuk-isuk jeung sareupna.
“Ngeunah manéh mah digawe téh, Ija. Bisa bari héhéotan!” ceuk Mang Darman, tukang ngurus kembang. Da jeung enyana atuh, jam tujuh isuk-isuk ogé, geus bérés. Ka dituna mah bisa saré bisa lalajo televisi, ngan henteu wé ari ulin ka luar pajaratan mah. Da apan kitu katangtuanana, unggal pagawé teu meunang kaluar, upama euweuh idin ti Kepala. Komo deui, di lebah lawang dijaga ku satpam aya opatna, rék kumaha bisana manéhna kaluar.
Peutingna, para pagawé téh sok ngariung, ngawangkong ngalér-ngidul.
“Saha baé euy, anu dikubur di dieu téh, déwék mah can apal?” ceuk Mang Ija, ngarérét ka Mang Darman.
“Har, apan di dinya purah milangna?”
“Heueuh, da kuburan bisa diajak ngobrol!”
“Rupa-rupa cenah, ti mimiti pajabat, pangusaha, atawa nu disebut konglomerat téa. Pokona mah tukang ngahambur-hambur duit. Tuh, anu dijuru mah, tutunggulna ogé maké emas!”
“Kumaha lamun aya nu maok?”
“Matak dijaga ogé, bisi aya nu maok. Matak dibilang ogé, bisi aya nu leungit!”
“Heueuh, ari batur, nu geus maot ogé mani dipupujuhkeun. Naha da di lembur déwék mah, astana téh diantep narikolot. Diberesihanana téh, ari rék lebaran wé,”
“Enya, di lembur kuring ogé. Ngan ceuk beja, teuing enya bohongna mah, anu dikubur di dieu téh jalma beunghar nu keur hirupna boga lampah nirca,”
“Ulah suudon, ah!”
*
Isuk-isuk kénéh, Mang Ija geus kerang-kerung. Ngahuleng sakedapan mah, siga aya nu dipikiran. Gorolang deui milang. Huleng deui.
“Ké, naha kuburan téh bet nambahan. Kamari aya 300 siki, ayeuna jadi 301. Aing nu kérok kitu?” gerendengna. Dicobaan dibilang deui. Angger sakitu.
“Teu kudu héran, Jang!”
Gebeg téh, Mang Ija mani ngarénjag. Rét ka lebah datangna sora. Katémbong aya aki-aki maké baju kucel, dikopéah, ngajanteng luareun pager. Sorot panonna teuing ku seukeut, nepi ka Mang Ija semu ngadégdég.
“Mémang bener itungan Ujang téh. Peuting tadi, kuburan geus nambahan deui hiji. Aki pisan nu boga ngagawéanana!” pokna, bari angger ngajanteng teu obah-obah.
“Naha Aki henteu laporan heula. Henteu sambarangan Ki, anu dikubur di dieu mah. Kudu puguh idéntitasna, kudu puguh tata-tertibna,”
“Aki ogé apal. Tapi da éta mah aturan beunang manusa. Teu nanaon lin, dirempak ogé. Barina ogé, ngurebkeun mah ngurebkeun wé, maké jeung kudu laporan heula ka walikota. Sarua geus jadi mayit ieuh, naha maké jeung dibéda-béda, diwilah-wilah!”
“Enya, tapi kuring anu bakal disalahkeun. Nu dikurebkeun di dieu mah lain jalma joré-joré, Ki. Jalma masakat kawas urang mah, pamohalan diidinan milu ngiuhan di dieu!”
“Ah, naha maké teu bisa. Kawas maranéhna moal maot baé. Ari geus maot mah, nya kumaha nu hirup atuh. Moal bisa hayang-hayangan. Barina ogé, Ujang mah moal apal, anu dikurebkeun di dieu téh sabalikna tina téténjoan Ujang. Lain jalma beunghar, tapi jalma masakat. Enya éta ogé, ari kuburanana mah hurung-hérang, dipapantes, dibebenah. Tapi dina enas-enasna mah, maranéhna téh keur careurik balilihan,”
“Na ari Aki, kawas nu bisa nganjang ka pagéto baé,”
“Ulah salah, Jang. Nu dikubur di dieu mah, kabéh ogé jalma anu simpé dina hirupna. Jalma anu teu apal jeung teu hayangeun apal, yén aya deui kahirupan sanggeus ngahenang-ngahening di alam dunya téh,” pokna, bari terus ngaléos. Mang Ija tibang olohok.
“Naha ari aing mani teu nanyakeun, eta aki-aki téh?” gerendengna.
Papanggihanana, henteu dicaritakeun ka sasaha. Disidem wé. Dicaritakeun mah, kuriak diseungseurikeun, da puguh matak teu kaharti téa. Ngan isukna, Mang Ija geus ngahuleng deui. Kuburan nambahan deui, jadi 302. Basa ngarérét ka luareun pager, sugan aki-aki aya deui, teu manggih nanaon.
“Teu kaharti. Naha iraha waktu ngurebkeunana, mani euweuh tapakna. Saha jeung lebah mah deuih dikurebkeunana ogé. Teu puguh jajaran mana anu nambahan téh!” pokna, ngomong ka diri sorangan.
Kitu jeung kitu wé, nepi ka genep poé lilana. Saban isuk, kuburan téh nambahan hiji. Ngan poé katujuh, Mang Ija teu katémbong milang kuburan. Puguh baé Mang Darman kagét, gancang nepungan pamajikan Mang Ija.
“Ka mana salaki manéh?”
“Teuing, da basa hudang ogé geus teu kasampak!”
“Sok tara bébéja ari indit-inditan téh. Mana catetan ngitung kuburan, urang pamilangkeun ku kuring,”
“Tah geuning ngagantung. Pulpénna ogé aya di dinya!”
Mang Darman nyokot keretas. Terus dibaca.
“Poé kamari, pabuburit, jumlah kuburan aya 306!” gerendengna. Berengbeng ka luar. Terus milang kuburan, imeut naker. Meunang tilu balikan.
“Na ari Si Ija, digawé téh teu balég pisan. Pasti kérok tah ngitungna. Piraku poe kamari 306, ari ayeuna aya 307. Ditegor siah ku aing mah!” ceuk Mang Darman bari ngungkug, rék mikeun catetan ka pamajikan Mang Ija.
***
Kenging Dadan Sutisna
Saung katineung
CARITA PONDOK
"SAUNG KATINEUNG"
Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui.
Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan.
Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh.
Geuning geus leubeut.
Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana.
Teu jauh tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.
Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono.
Matak nineung matak waas.
Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta.
Gogonjakan, ngoyag- ngoyag tali bebegig. Manuk hariber.
Jiga ayeuna, manuk silih udag.
Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang.
Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai.
Geus rényom kadéngéna.
Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé
mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.
“Abong lila bubujangan, mandi gé lila.
Iraha kawin, Jang?”
pokna bari seuri ngahahah.
Geus remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan.
Bubuhan kakeuheul geus manteng.
Mun
seug ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah.
Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.
Dijero kamar kuring ngarahuh.
Panon anteng melong eunteung.
Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas lalagasan.
Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga pamajikan téh.
Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh.
Lain teu payu, geus
aya nu harayangeun mah.
Mumun mah,
randa Isah mah,
Téh Ninih mah,
Kokom mah,
Lilis mah,
Dedeh mah.
Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa, kuring resep kénéh léléngohan.
Lain sieun, lain teu boga biaya.
Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga mah.
Kumaha deui, haté embung baé méréan.
Teu bisa dipaksa-paksa.
Kadieunakeun, geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal ki
Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual kawin mah.
Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh.
Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin.
Murang-maring sagala disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta,
urang imah teu wani-wani deui nyeungeut amarah kuring.
Sensitip ngomong sual kawin mah.
Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui.
Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring.
Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang,
urang Majaléngka.
Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin jeung mandor pabrik.
Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang.
Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang.
Kokom geus pindah ka Palémbang.
Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén.
Kabéh gé lus- les pada néang jalan séwang- séwang, bakating ku cangkeul
nungguan jeung miharep kuring meureun.
Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring.
Cenah mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk.
Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga.
Jadi iraha rék kawin?
Teuing atuh!
“Man! Geus siap, Man?!”
kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring.
Rikat kuring maké baju.
Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék neangan cokelat di Jatos.
Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.
***
Dina angkot kuring amprok jeung Darmaji, babaturan és ém pé.
Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan téh ngawangkong.
Manéhna geus boga budak hiji.
Cenah kawin jeun urang Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida.
Kuring inget kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi.
Jadi ogé nya rék kawin.
Jodona mah geuning jeung Kokom nya…”
Ceuk Darmaji.
Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Béja mah rék ka Lilis?”
kuring kerung.
Darmaji malik kerung.
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?”
Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.”
Témbal kuring.
Darmaji katangen gogodeg.
Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”
“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di Bandung.”
Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik.
Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom.
Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..”
Darmaji ngajéntrékeun.
Kuring ngahuleng.
“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?”
Darmaji nanya.
“Naon?”
“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah tangga jeung ilaing.
Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén manéhna rék satia nungguan ilaing.
Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja kamari- kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”
Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada.
Di Cikuda Dedi turun.
Baku poé minggu mah di jalan
téh sok macét.
Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar mingguan di Unpad.
Panon poé geus karasa panas.
Hawa beuki bayeungyang.
Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh.
Baruk Lilis nungguan kuring?
Sajeroning macét, supir ngarti.
Manéhna nyetel kasét dina tip mobil.
Kadéngé haleuang tembang sunda.
Ari ti mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik- eutik acan, jiga nu nyeri huntu.
Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah.
Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan.
Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang.
Haleuang tembang karasa kana puhu kalbu…
asih urang…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…
asih hurang…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…
asih urang…
tingkaretip jiga bentang1…..
Ser haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna.
Tembang
bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay garingna rasa.
Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta.
Kumalayang haté sajongjonan.
Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung hariwang teu puguh.
Kuring ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu usik- usik.
Bet haté sakapeung ngarasa keueung.
Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring.
Teuing geus sabaraha taun.
Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina tip… …..
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung
sawangan kumalayang ngawang-ngawang
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina
harepan geus jadi ampihan rasa
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..
Bener kitu Lilis masih kénéh kangen ka kuring?
Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian?
Bener ceuk Darmaji,
kuring téga nganyeunyeuri manéhna.
Sok jadi hanjakal geus kasar ka Lilis.
Kuring nu kungsi kasar ka manéhna.
Kuring nu kungsi nyentak manéhna.
Babakuna teu ditari
teu ditakon unggal manéhna nganjang ka imah.
Geuning Lilis mah tetep satia, tetep miharep.
Teu karasa tembang dina kasét ganti deui… …..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman mugia nyorang kabancang
sumerahna ieu diri
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…
…..
Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh.
Palangsiang,
boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring,
tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring.
Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra.
Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian- lian.
Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah- buahan.
Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun datang ka imah gé.
Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Lilis.
Kabéh sieun ku ambek kuring.
Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual kawin, sual Lilis.
Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring, ngusapan haté kuring.
“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka ngaharuleng”
supir nakol kaca panto meupeus lamunan.
Kuring jeung ki Dudus ngarénjag reuwas.
Tuluy silih pelong.
Geuning sarua jeung kuring, sihoréng simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun,
poho rék eureun di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan.
Sedih jeung bungah karasana panineungan…”
ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari.
Tapi tong dipareman tipna!”
ki Dudus ngacung.
***
Sajajalan kasét digeder, béak diputer deui, béak diputer deui.
Teu eureun-eureun.
Atuh kuring gé nepika apal.
Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan hayang tuluy ngadangukeun tembang.
Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi.
Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita.
Simpé.
Ukur sora mesin mobil.
Ukur haleuang tembang.
Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan manteng ka Lilis.
Tibaheula manéhna nungguan kuring.
Teu karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Tanjungsari.
Can ge lila turun tina mobil, supir ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”
Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru balik.
Inget ka si Nini cenah.
Antukna kuring leumpang sorangan.
Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah.
Haté norowéco ngarasa diturih wanci nu can pasti.
Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…
Di imah, kabéh keur kumpul.
Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah.
Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.
“Aya sémah, Mah?”
kuring nanya bari muka jaket.
Jempé sakeudeung.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.”
Tembal indung.
Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur.
Aéh aya naon asa beda ti sasari.
Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar.
Duh, Lilis nganjang deui…
Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh.
Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Rék kamana deui, A?”
indung
nanya.
Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…”
Pok téh halon.
“Mun sakirana rék nganyeunyeuri manéhna jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.”
Ceuk indung kuring semu beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon.
Haté kuring ngdadak héab.
Simpé sajongjonan.
Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring.
Rénghap kuring karasa heureut.
Gancang kuring kaluar, gidig leumpang gagancangan…
Sajajalan dada karasa beurat.
Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…
lamun enya jodona
lamun enya kuduna moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya cintana
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…
Katémbong tikajauhan Lilis rék balik meuntas sasak.
Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada karasa mingkin heureut.
Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.
“Lilis…”
Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring.
Sakeudeung silih teuteup anteub.
Lilis ngeluk tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung kuring.
Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu asa-asa nyekel leungeun Lilis.
Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Lilis ayeuna.
Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru saung.
Sajajalan nu kadangu ukur sora manuk.
Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur leutik.
Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring.
Lila paheneng- heneng.
Duaan pabetem- betem.
Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong naon.
Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan.
Duh, Lis, geus lila teu tepung.
Angin karasa humaliwir.
Kuring jeung Lilis silih teuteup.
Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.
“Lis, hapunten Akang, “
pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening.
Kuring teh gening teu bisa hirup sorangan…”
ceuk kuring halon.
Lilis neuteup panon kuring.
Duh, bulu panonna mingkin carentik baé.
Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring léah tumarima.
Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.
“Lilis bakal satia salawasna…”
pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik.
Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring.
Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada.
Cipanonna beueus karasa dina dada kuring.
“Horeeee!!!”
kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung.
Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng. Reuwas naker.
Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru saung.
Nyi Mimin, adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah.
Ki Oleh ajarg-ajragan atoh.
Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy Lilis imut ngagelenyu.
“Man, ilaing jadi rék kawin jeung Lilis téh?”
ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling.
Kuring neuteup Lilis sakeudeung.
Lilis imut surti. Kuring unggeuk.
Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui.
Ki Oleh ajrag-ajragan.
Indung kuring ngagabruk Lilis jeung kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah.
Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon.
Teu eureun-eureun syukur ka Gusti.
Duh, gening salila ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…
Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut.
Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!”
ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!”
ceuk ki Momo némpas.
“Ilaing mah Oleh baku sok maén sengsor waé!”
ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan ngadéngé aki-aki silih haok.
Lilis tungkul bari imut manis.
Saung jadi saksina.
Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan éstuning katingalna mani geulis…
-------------
Selasa, 10 Desember 2019
Hitut
Sok wé pikir,
sabaraha kali urang kabéh hitut maké calana,
pédah wé teu béja-béja.
Da Lamun di béja-béja ogé, cenah moal abus tivi,
moal ujug-ujug beunghar.
Logis ogé sih, ceuk hate bari rada sinis.
Keur diajar ogé manéhna mah
sok bébéja lamun hitut téh ka guruna,
Sok ngacung.
Barudak di kelasna sok langsung nyurakan.
Guru PéPékaéN ngambek bari ngagebrag méja lantaran ngarasa ngajarna kaganggu
. Jep barudak jempé kawas gaang katincak.
“Naha manéh sok hitut di kelas...?” guruna nanya bari kekerot.
"Ah, Pa, barudak gé sok hitut. Pédah wé tara ngacung, tara bébéja. Lumrah wé atuh hitut mah Pa, da teu ngarusak lapisan ozon, teu nambah pemanasan global. Lamun…”
“Tapi ngarusak stabilitas sosial..!” guruna motong omongan bari ngagebrag méja deui.
Si Mae nu diuk hareupeun si Abud ceurik bakating ku reuwas.
Si Somad kiih sauetik bakating ku soak.
"Ah, Pa Guru gé ngarusak sakitar, éta wé sok ngaroko nuju ngajar...” Si Abud némbal sangeunahna, lébér wawanén, jeung wanian pisan éta jalu téh.
Puguh wé guruna kasinggung, asa disapirakeun ku budak satepak.
Antukna mah si Abud disetrap nangtung ku hiji suku di hareup kelas, nepi ka jam balik.
Ti harita, si Abud di landian “si Raja Hitut” ku barudak di kelas.
Manéhna mah kalahkah sok nyengir ngadéngé kitu téh.
Katelah kitu téh lain pédah hitut hungkul, pangpangna mah bébéja waé saban réngsé hitut.
Saliwat mah asa agul ku hitut.
Tapi sok sanajan ayeuna geus gedé, si Abud masih kénéh dipoyok “si Raja Hitut” ku kabéh babaturanna di lembur.
si Abud sok rada baeud lamun dipoyok si Raja Hitut.
Tapi ari polos sok bébéja hitut mah masih kénéh nepi ayeuna ogé.
Ceuk indungna mah, lamun pareng dipoyok kitu, di imah si Abud sok teu nafsu dahar.
Tapi sok ménta duit gedé
. Si Abud sok baeud lila, keuheul cenah ka barudak sok moyok waè.
Tapi kuring sok langsung ngupahan lamun pareng si Abud dipoyok barudak.
Kuring sok nyarita yén kuring gé sok dipoyok “si jomblo” ku barudak.
Tapi kuring mah tara ngambek, sok sabar, sok ngahibur diri.
Kuring mah jomblo gé jomblo profetik.
Kuring mah hideung gé hideung nasionalismeu,
hideung transendental.
Ngadéngé kitu téh si Abud sok bungah.
Ngarasa aya batur meureun.
"Hitut kuring mah ngéngkréng. Tapi tibaheula ogé tara bau."
Ceuk si Abud hiji poé.
Kuring jadi inget ka omongan almarhum aki, yén hitut stéréo mah sok tara bau, béda jeung hitut laon, biasana sok hangit, sok bau tungir zebra.
Loba ogé babaturan hitutna laon, tapi tara ngaku, kalahka héhéotan nyumputkeun hitut dinu caang.
Ku buraongnamah sok teu daék tanggung jawab lamun ditanya saha nu hitut. Kalahka silih tuduh.
Kuring pernah manggihan aya jelema garelut lantaran aya nu hitut keur darahar liwet. Pas ditanya saha nu hitut, hiji pamuda ngacung.
Sabenerna mah masalah geus bérés, ngan éta pamuda kalahka nyarita pangalamanna nempo jelema hitut dina cangkir. Puguh wé nu darahar kabéh eureun. Paséa wé jadina.
Padahal da sangu teu ujug- ujug ngilu bau.
Sok anéh nya jelema mah, cuman lantaran hitut, bisa garelut.
Padahal hitut mah lain tindak pidana, moal abus naraka deuih.
Beda deui lamun hitutna pajabat nu keur koropsi, pasti abus naraka, lantaran loba nyangsarakeun rahayat ku koropsina.
Anéh ogé mun nempo aya masyarakat éra ngadéngé hitut di tempat umum.
Padahal nu kudu dipikaéra mah kalakuan maranéhna nu jorok miceun sampah sambarangan.
Kuring gé lamun pareng dipasamoan sok tara daék nahan hitut.
Kapok.
Pernah kuring hiji waktu lila nahan hitut pas upacara bendéra, nepika ngucur cai tinu irung.
Untung lain geutih ogé; jeung untung nutinu ceuli teu kaluar haseup ogè.
Ah, ayeuna mah beledag-beledag wé. Tapi kuring mah teu kawas si Abud
nu teu weléh bébéja tur hitutna ngajelengéng.
Hitut kuring mah wijaksana;
disebut bau teuing heunteu,
disebut teu bau heunteu;
hitut stéréo heunteu,
hitut épés mèèr heunteu.
Pokonamah meujeuhna keur dikonsumsi publik mah.
Hiliwirna teu subversif!
Soalna kuring kalepasan hitut nyegruk keur solat.
Tapi kuring nuluykeun solat nepika réngséna.
Ustad Mahmud nu nyaksian kajadian éta nyarékan kuring ku fiqih.
Naha nya kudu wudu deui lamun hitut pareng solat?
Naha ogé bet beungeut nu dikumbah,
padahal bujur nu nyieun ulah.
Jadi naon hubunganna bujur jeung beungeut Naha dulur,?
hitut bisa ngabatalkeun wudu?
Jiga paantel kulit jeung awéwé waé.
Jigana aya hubungannana awéwé jeung hitut.
Kuring baheula pernah ngalaman hitut hareupeun awéwé, éra pisan karasana.
Tapi kuring baheula can ngarti naha bet éra, padahal éta awéwé lain kabogoh.
Tapi lamun jujur mah kuring embung hitut hareupeun awéwé mah.
Kuring leuwih milih ngabodor teu dikeprokan tibatan kapanggih hitut ku awéwé mah.
Ayeuna mah urang nyarita nu lian, mudah-mudahan teu balik deui ka carita nu aya pakuat-pakaitna jeung hitut.
Antukna mah ayeuna kuring jadi leumpang sorangan balik kuliah téh.
Si Abud beuki léngkét pisan ka Néng Mia. Jiganamah “tiada hari tanpa Mia”, atawa “hidup tanpa Mia bagai kopi hitam terinjak Sodikin.”
Tapi kuring teu tiiseun teuing, da masih aya radio warisan almarhum aki kuring.
Tibeurang nepi ka peuting radio digeder.
Lamun kabeneran béak batu batréna, kuring sok nginjeum batu batré jam dinding di masigit.
Lamun geus béak pisan, cenah batré kudu di poé atawa di pékprék maké batu bata.
Béjanamah sok tokcér.
Tapi éta ogé ngan kapaké sakeudeung.
Antuknamah di poé deui handapeun gantar.
Tapi kuring strés nempo batu batré nu di poé dipodolan hayam.
Tapi giliran dicoba, radio hurung ngagateng sapoé-sapeuting.
Kuring jadi bisa ngadéngé wayang golék nepika subuh.
Baé bau tai kotok saeutik mah, asal tong tai kotok wé nu bau batré.
Tapi émang kudu aya penelitian ti ilmuwan di Indonesia kunaon sababna tai kotok bisa ningkatkeun énérgi batu batré.
Ari nanya tai kotok dileubuan mah geus ka jawab ku Aki Asmi ogé, teu perlu diteliti deui, lin?
Tisaprak hulang-huleng sorangan, kuring jadi ngarasa bosen hirup, asa teu boga batur.
Rék bunuh diri, teu wani.
Rék néangan kabogoh, hambur biaya.
Soalna kuring mah geus yakin, duit bakal béak tapi awéwé tetep nampik.
Maenya kudu bogoh ka indung mah jiga Sangkuriang atawa Oedypus?
Saumur hirup kuring masih léléngohan.
Ras jadi inget boga langlayangan dina para.
Teu mikir panjang deui, kuring ngejat mawa kenur jeung langlayangan.
Kuring lumpat ka kulon, rék ngapungkeun langlayangan. Meungpeung angin gedé.
Karék gé dua méter langlayangan ngapung, kurunyung téh Ki Apud.
Solongkrong ngajak sasalaman.
Tapi teu kungsi lila murang-maring ka kuring, pajar téh tong langlayangan, sing éra ku umur.
Langlayangan dipaksa titah diturunkeun.
Langlayangan disoék-soék, ditincakan. Geus kitu mah ki Apud lumpat ka imahna.
Di palupuh imahna nungguan nini Apud bari ajrag-ajragan ngeprokan Ki Apud.
Sabelas-duabelas eta nini jeung aki téh, Bedegong.
Kungsi ogé baheula kuring dikerem di imahna, bari si nini maksa kudu ngajawab naon bedana palid ku “p” jeung valid ku “v”. Kuring harita teu bisa ngajawab.
Ayeuna giliran si aki nu harééng, teu puguh-puguh kalahka ngarujadkeun langlayangan kuring.
Kuring beuki stréss. Kuring ngarasa sirah hareurin ku masalah.
Can gé bérés strés, kuring narima gosip ti Nini Méméh yén si Abud jeung Néng Mia putus.
Geubeug téh kuring ngagebeg.
Can ogé dua bulan geus putus deui. Kuring gura- giru muru si Abud. “Bud, béjana manéh pegat jeung Néng Mia?”
kuring nanya bari ungsrak-ingsreuk.
Si Abud ngabalieur.
“Bud, naha bet putus sagala?”
kuring terus ngadesek.
“No komén.”
Ceuk si Abud teugeug bari buru-buru ngingkig. Beu, jiga sélébriti waé si éta ngomong kitu ka kuring.
Ngarasa di udag-udag waé ku kuring, si Abud mawa merecon urut lebaran.
“Manéh hayang paéh diancurkeun?” si Abud ngancam bari ngacungkeun merecon jeung korék api, “geus balik tong ngaganggu kuring! Kuring hayang sorangan!” si Abud katempona strés pisan.
tibatan mercon disundut, kuring balik ngéléhan.
Tapi kuring panasaran kunaon si Abud jeung Néng Mia putus.
Jiga wartawan, kuring terus muru informasi.
Sugan wé si Onah, adi Neng Mia, bisa méré info.
“Why, Onah? Naha lanceuk Onah putus jeung si Abud,,?”
“Muhun, Kang, saurnamah tétéh tos teu bogoheun deui.”ceuk Onah.
Ceuk carita Onah mah, tilu poé katukang si Abud nganteur Onah jeung Néng Mia ka ulang tahun babaturan Néng Mia. Karék ogé babaturanna manyun rék niup lilin, si Abud hitut tarik pisan.
Puguh wé barudak ngaburiak.
Béjana mah hayam diburuan oge ngilu barirak.
Acara jadi paburantak.
Néng Mia éraeun ku barudak sakelasna sok dipoyok boga kabogoh tukang hitut.
Néng Mia jadi éra bareng jeung si Abud.
Teu kungsi heuleut saminggu, Néng Mia mutuskeun si Abud.
Kuring sedih ngadéngé caritana.
Watir si Abud, lantaran hitut jadi putus jeung Néng Mia.
Batur mah putus téh lantaran teu disatujuan ku kolotna, atawa selingkuh, ieu mah putus lantaran hitut.
Geuning ayeuna mah horéng hitut gé geus jadi sumber disintegrasi.
Si Abud sobat kuring Jadi kuring moal nganteup manéhna sedih sorangan. Kuring tibaréto sagulung- sagalang jeung manéhna.
Tikamari kuring teu nempo si Abud ngaliwat kuliah.
Bisana mah sok nyampeur. Kuring datang ka imahna, indungna ceurik. Béjana mah si Abud geus teu daék dahar, teu daék mandi jeung teu daék adan di masigit deui.
Pagawéanna ngégélan suku korsi. Jeung murang- maring di kamar.
Malahan indungna gé geus teu bisa asup ka kamar si Abud, sok dikonci.
Katempo ku kuring dina panto kamarna aya tulisan:
YANG TIDAK BERKEPENTINGAN DILARANG MASUK.
Tapi da kuringmah boga kapentingan ka manéhna.
Kuring ngawani-wani keketrok panto.
Lila teu dibuka.
Ngadéngé sora kuring, panto dibuka.
Kuring sedih nempona.
Beungeutna culeuheu.
Buuk galing pajeujeut.
Gering kabengbat ku awéwé.
Bus kuring ka kamarna.
Kamar lir ibarat gudang barang, acakadut teu kaurus.
Dina tembok deukeut jandela, aya tulisan make spidol:
HATIKU YANG BEKU.
Dina kantongna ogé aya tulisan:
DIRIKU YANG LÈNGOH.
Kuring terus ngupahan jeung mapagahan manéhna, sangkan bisa dahar jeung mandi deui.
Sangkan daék kuliah jeung adan di masigit deui.
Sangkan bisa nalian anak hayam tatangga deui.
Kuring ngarasa haté si Abud buyatak pisan diputuskeun ku Neng Mia,
geus level digembrong laleur.
Geus hanyir.
Si Abud déprési.
Pagawéanna nanggeuy gado.
Manéhna pernah ngomong boga niat rèk bunuh diri.
Tapi ku kuring dipapatahan bébéakan malahan maké reperen filsafat jeung tasawuf plus hadist jeung buku La Tahzan.
Teu kagok kuring mere buku-buku fiksi tamba stress ka si Abud,
ti mimiti buku Edgar Allan Poe, Agatha Cristie, Ellerly Queen nepika buku Fredy S.
Teu poho kuring ngabélaan nyiar buku kumpulan carita Jose Saramago, Nadine Gordimer, Gabriel Garcia Marquez, Hemingway, Tagore nepika Puisi Gibran.
Tapi wayahna, Bud, kuring ngan saukur méré judul keneh.
Terus manéhna cenah boga niat rék abus géng motor waé mèh kabangbrangkeun.
Tapi ku kuring dicaram.
Alesan kuring mah,
kahiji si Abud teu boga motor,
kadua si Abud teu bisaeun naék motor,
katilu sawah haji Komar digaley munding geuring.
Kuring mah leuwih satuju si Abud ngilu géng DAMRI,
soalna jauh-deukeut ongkosna murah.
“Lamun hirup peurih kieu waé
mah, kuring mending milih jadi suung waé…”
ceuk si Abud rada pesimis.
Tapi kuring terus ngupahan si Abud.
Kuring ngajak manéhna
ulin ka dago, ulin ka unpad Jatinangor poé minggu isuk- isuk.
Méh teu éra teuing ulin teu jajan mah,
kuring duaan ngahaja udunan meuli kolor.
Kuring ngajak manéhna maénbal jeung barudak.
Teu lila tidinya, si Abud geus teu katempo sedih deui.
Manéhna geus bisa seuri.
Manéhna geus daèk dahar jeung mandi deui,
geus daék kuliah jeung adan deui.
Kuring atoh nempona.
Sakapeung manéhna masih murang-maring kénéh.
Eta gé lamun nempo jéngkol, cenah sok inget ka Neng Mia.
Si Abud ngomong masih bogoh kénéh ka Neng Mia.
Manéhna rék terus ngudag Néng Mia sangkan daék deui narima cintana.
“Kuring mah cadu mundur sacongo buuk, haram ngejat satunjang béas! Puah!”
si Abud meni sumanget ku rasa bogohna.
Ku sumanget- sumangetna, si Abud nulisan tembok kelas ku spidol beureum:
HIDUP MIA! HIDUP PERSIB!
Malahan opat poé deui boga niat rék megat Néng Mia di sakolana, rék nyatakeun deui cintana.
Si Abud ngabélaan meuli bonéka Doraemon keur engké méré ka Néng Mia.
Sakalian wé atuh jeung baling-baling bambuna, terus teundeun dina sirah pak lurah.
Tapi kuring bungah si Abud teu laér, sumanget deui.
Optimis.
Singgetna, si Abud megat, Néng Mia lumpat.
Duanana pada-pada keukeuh.
Si Abud keukeuh bogoh, Néng Mia keukeuh embung.
Tapi kuring bungah nempo babaturan teu éléhan jiga si Abud.
Manéhna terus ngudag haté Néng Mia.
Tapi saprak aya kajadian kasar ti Néng Mia ka si Abud, kuring jadi narik dukungan.
Malahan kungsi kajadian, Néng Mia rudet ngarasa dipegat jeung diudag waé ku si Abud, manéhna gogorowokan ménta tulung.
Antukna mah si Abud dikoroyok tukang ojég.
Untung kuring jeung babaturan masih bisa kénéh nulungan.
Geus téga pisan Néng Mia ka babaturan kuring.
Lain éta hungkul kajadian peurih téh.
Si Abud kungsi diciduhan ku Néng Mia bakating ijid pisan.
Kuring jadi cua ka Néng Mia.
Hayangna mah ngulub sirah Néng Mia.
Tapi anéhna téh si Abud tara malik ngambek
ka Néng Mia. Manéhna mah sok kalah seuri.
Jigana lantaran bogoh nu gedé pisan ka Néng Mia.
Lamun kuring mah leuwih milih marmot tatangga katerap bronhitis batan diciduhan ku awéwé mah, batan dihina terus ku awéwé mah.
Geus teu kuat nempo babaturan dihina waé ku awéwé, kuring ngawani-wani nyarékan si Abud sangkan eureun ngudag Néng Mia.
Nasib geus jadi bubur, Bud. Ayeuna mah pohokeun wé awéwé haramjadol kitu mah.
DUNIA TIDAK SELEBAR CELANA DALAM.
Tapi si Abud keukeuh lieur ku Neng Mia.
Manéhna janji rék terus ngetrok haté Neng Mia sangkan daék narima deui.
Kuring gogodeg bakating ku héran.
Gening aya ogé jelema kawas kieu, Gusti…
Geus dua peuting ieu kuring terus mikiran lalampahan si Abud.
Kuring dititah gawé di Jakarta, jadi buruh ngetik di kantor babaturan lanceuk.
Sabenerna mah kuring embung ninggalkeun lembur, tapi cenah gajina gedé. éta oge cenah ngaganti pagawéan Cep Boby nu keur geuring katabrak setum.
Ceuk béja mah Cep Boby sukuna potong jeung sirahna rengat.
Jigana pililaeun geuringna.
Kabeneran kuring boga kabisa ngetik.
Baé ngetik ku dua curuk gé, asal gancang jeung rancagé cenah.
Dua poé geus bérés ngurus sagala rupa, kuring isukna mangkat ka Jakarta.
Si Abud bangun nalangsa nempo kuring mangkat.
Tapi kuring sakeudeung ngahibur manéhna.
Kuring janji rék mawa duit loba ti Jakarta.
Si Abud nyuuh ka Kuring ulah ninggalkeun manéhna.
“Kuring euweuh batur ngobrol.
Kuring euweuh batur curhat.
Indung kuring mah teu ngartieun diajak ngobrol sual hiburan kontemporer mah.”
Pokna semu ngaheulas.
“Bud, kuring mah sakeudeung.
Kuring rék ngudag duit heula.
Geus loba duit mah urang duaan jaga bakal bagja.
Salila kuring euweuh mah, ngobrol wé jeung calana.”
Cekéng téh ngaheureuyan.
Kakara ayeuna kuring incah jauh ti lembur.
Hareudang geuning Jakarta téh, teu kawas di lembur nu tiis ceuli hérang panon kénéh.
Kuring kudu bisa jaga diri cicing di lembur batur.
Tong culangeung, tapi tong éléhan.
Sanajan di lembur batur,
henteu ganti pileumpangan. Ieu mah itung-itung pangalaman wé,
tong jiga Ki Duyeh, ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk masih cicing dilembur, dagang surabi saumur-umur.
Euweuh pangalaman anyar.
Teu pira ngetik laporan sapuluh halaman unggal poé, ditambah ngajumlah-jamléh duit,
kuring diburuhan saratus rébu.
Saminggu wé kali saratus rébu, lumayan bedus.
Lanceuk kuring omat-omatan nitah kuring nabung.
Sabalikna kuring ogé omat- omatan ka lanceuk kuring supaya tong ménta duit.
Kuring keur hayang pelit.
Duit beuki numpuk waé.
Bayangkeun wé si Bos méré duit saratus rébu unggal poè.
Untung wé dahar sapopoé mah aya jatah ti kantor.
Kuring geus hayang buru-buru ka lembur.
Kuring rék ngeureuyeuh nabung keur nuluykeun kuliah deui.
Kuring inget tibaréto hayang meuli hapé.
Geus teu kuat hayang meuli hapé Nokya.
Kuring hayang nelpon si Abud di lembur tapi pasti manéhna can bogaeun, soalna hapé mah nyieunna lain tina taneuh sumur.
Kapikiran ogé rék meuli skripsi.
Ah, haram kétang.
Kuring mah leuwih milih indit ngarit poé jum’at batan kudu meuli skripsi mah.
Tibaheula kuring jeung si Abud guligah mikiran skripsi.
Kuring duaan ngadon kukurilingan néang judul nu alus.
Kuring pernah boga judul
RADIKALISME AGAMA DALAM PERSPEKTIF TRIO MACAN.
Tapi heuleut sabulan diganti deui jadi:
BERAS IMPOR DALAM PANDANGAN SAYA SEKELUARGA,
atawa leuwih heded lamun dibalik:
SAYA SEKELUARGA DALAM PANDANGAN BERAS IMPOR.
Kuring bingung milih judul.
Ari Si Abud mah cenah geus manggihan judul keur skripsina:
HUTANG PROFETIK; SEBUAH INTEGRASI- INTERKONEKSI MARXISME DAN WASIAT KAKEK SAYA.
Tapi, lamun duit tabungan aya leuwihna kénéh, kuring ogè hayang meuli léptop.
Eta gening komputer nu jiga jojodog.
Kuring jadi inget, baheula keur di SMA boga babaturan sakelas pindahan ti Jogja.
Manèhna kamana-mana mamawa léptop.
Kungsi ulin ka imah kuring mawa léptop.
Manehna kasohor tukang molor, wajar we da tukang melong komputer.
Kuring riweuh nyangu, manéhna mah lalajo video dina léptop.
Meni nyantéi pisan.
Kungsi ogé léptopna tinggaleun di dapur, ku nini kuring kalahkan dipaké talenan, di paké nyiksik bawang.
Sugan wé lamun pareng meunang rijki gedé, jaga kuring bisa meuli léptop.
Geus hampir dua bulan kuring gawé, Cep Boby bejana geus cageur.
Isukna kuring geus bisa balik deui ka lembur.
Di tengah jalan, kuring balanja heula keur bawaeun ka lembur.
Kuring meuli baju keur indung.
Teu poho dahareun keur bebenyit.
Kuring ogé inget ka si Abud. Kuring meuli roko sakaradus.
Teu poho meuli kopi hideung.
Soalna si Abud mah embung ngaroko lamun euweuh kopi.
Béda jeung kuring, kuring mah embung ngaroko lamun euweuh seuneu.
Kuring ogé meuli baju koko jeung calana sontog keur siAbud.
Keur bapa kuring mah meuli sarung, kopéah jeung kaca panon hideung, mèh katempona gaul jeung ginding.
Keur indung meuli kurudung jeung mukena.
Kuring oge meuli baju loreng tantara keur Ki Asmi,
kokolot nu geus dianggap dulur.
Sakalian meuli baju Spiderman keur incuna, si Abraham Entay.
Ngahaja meulina dua stél, bisa parebut jeung Ki Asmi.
Kuring bungah bisa balanja keur kolot jeung dulur.
Tapi kuring embung kokomoan balanja, soalna lalampahan masih panjang, dulur leutik masih riab.
Can tangtu kahareup masih bisa ngala duit deui.
Tapi kuring kahareupna boga kahayang ngebebenah imah jadi tilu umpak, panghandapna mah baé kolong keur hayam saré.
Sakuriling imah rék dipinuhan ku wésé umum mèh mangfaat ka urang lembur.
Intina mah ngaminimalisir oknum masyarakat nu sok ngadon setor eusi beuteung dipipir imah.
Lamun usum pemilu mah, wésé bisa dijadikeun kamar suara.
Di imah jempling.
Sakeudeung sasaréan dina korsi tengah imah.
antukna mah ngan ukur molotot teu bisa saré.
Da barudak badeur tingkalacat luhureun korsi ngaganggu kuring.
Piraku kudu dibéré racun beurit mah méh lalindeuk.
Geus asup adan asar kuring mandi.
Tadina mah hayang panggih heula jeung kolot rék prosési mere oléh-oléh, tapi jigana can baralik ti sawah.
Kuring dandan ginding maksud rék nepungan si Abud.
Geus sono.
Oleh-oleh keur manehna geus rapi di kantong kérésékan.
Saeutik disemprot parfum anyar.
Jigana si Abud atoh pisan narimana.
Kuring keketrok bari héhéotan.
Ngahaja maké kaca panon hideung méh si Abud pangling.
Teu kungsi lila, panto muka.
Nyampak indung si Abud ngabanghinghik ceurik.
Haté kuring ngadadak teu genah karasana…
Langit lénglang. Kuring nangtung lila di jalan.
Ngadégdég nahan eungap.
Ngarasa teu bisa nanaon. Pikiran geus barirat ka mana mendi.
Haté asa dibintih kasedih.
Haté asa ditindih kapeurih.
Kuring nempo langit ujug-ujug baseuh.
Kuring nempo panon poé kokolébatan.
Kuring nempo lalaki leumpang di jalan gedé teu maké calana.
Sirahna dibuntel ku calana sorangan.
Awakna kuleuheu teu kaurus.
Sandal capit digantungkeun dina beuheung maké tali rapia.
Kadéngé manéhna ngahariring.
Teu kungsi lila manéhna ngarandeg, ngagantungkeun calana dina pager.
Kuring ngadéngé manéhna ménta hampura ka calana sorangan.
Ti belah kulon barudak leutik nyurakan bari nakolan kaléng. Manéhna seuri.
Manéhna ceurik. Manéhna ngamuk.
Manéhna ngagorowok nyebut ngaran awéwé.
Kuring teu kuat nahan cimata.
Teu karasa cimata haneut seukeut dina pipi…….p
Sabtu, 30 November 2019
Peuting nu teu manggih tungtung
Teuing Geus sababaraha liliran.
Geus sagala rupa kaimpikeun.
Duhh…
Peuting bet asa taya tungtungna.
LILIR kagebahkeun angin nu ngarayap mapay-mapay suku.
Nyecep peuting.
Najan teu ditangaraan ku posisi bulan,
peuting ieu karasana karék manjing janari leutik.
Padahal asa geus lila peurem téh,
tapi bray beunta téh masih kénéh disimbutan poék mongkléng.
Mani Asa hayang geura-geura caang.
Lain pédah kaeunteupan klaustrophobia nu hayang téréh nimu caang.
Da teu meredong-meredong teuing.
Masih kénéh katémbong curuk.
Ngan cék rarasaan taya pisan kamajuan geusan meuntasan peuting.
Hayang gancang meunang beurang.
Heuay mah merelek geus teu kaitung deui.
Saban heuay, sok terus ngaguher. Ngimpi deui.
Lilir deui.
Heuay deui.
Guher deui.
Tapi saban ngoréjat masih kénéh dibaturan peuting.
Bener, Peuting téh bet asa teu mangih tungtung….
**
REMEN hayang hudang téh ninggang di wanci Isuk-isuk,
nalika srangéngé medal ti wétan.
Méh ngalaman moyan.
Marengan meletékna panonpoé ti tempat anu sabenerna.
Atuda salila ieu mah bray beunta téh sok manggihan panonpoé aya di kulon.
Jadi siga nu kakara meleték,
tapi ti tempat anu salah.
Lain, lain salah panonpoé.
Nu puguh mah salah mata sorangan beuntana kamalinaan.
Hudangna jam saratus, cek Mang Opin mah.
Sesebutan keur nu kebluk atawa ngajam rék hudang sadaékna.
Matakna, asa bungah basa panon bisa dipeureumkeun ti soré kénéh téh,
soré keur uing mah ukuranana méméh sapat poé 24 jam ceuk itungan almenak panonpoé, atawa syamsi, alias tengah peuting.
Peureum mémang saenyana reup saré.
Tibra da maké ngimpi sagala.
Teu istiméwa ari ngimpina mah, jadi teu kudu dicaritakeun da teu penting.
Kahayang teh Kaalaman sakali mah.
Enya, barang bray mungkas impian téh nyampak panonpoé geus moncorong ti beulah wétan.
Ti tempat asalna meleték unggal poé.
Enya, mulang deui ka bihara-bihari bisa hudang dina waktu anu lumrah.
Komo basa ditéma ku poé kadua jeung poé katilu bisa dalit jeung cahaya panonpoé isuk.
Meuren asa balik deui jadi jelema.
Bisa maca koran isuk-isuk.
Bisa updaté status FACEBOOK isuk-isuk.
Bisa megat tukang jajamu isuk-isuk.
Bisa sasarap bubur hayam Mang Ukon nu cenah matak muncrut tapi deudeuieun.
Pangpangna mah bisa moyan bari ngawawas manéh, nyangigirkeun citéh ngebul, gaganti cikopi nu geus lila ditinggalkeun.
Ayeuna bet teu bisa deui hudang isuk.
Kalah labas nepika jam saratus.
Jadina hudang téh bet asa peuting deui peuting deui.
Enya, nya. Peuting téh asa teu ku manggih tungtung
***
Tungtungna jadi guling gasahan.
Mun nurutkeun napsu mah hayang terus gegerungan. Nyambat beurang.
Nyambat-nyambathayang geura-geura papanggih jeung beurang.
Reup deui.
Lilir deui.
Teu kasiwer ngimpi heula da ngan salenyapan.
Teu waka beunta.
Sakedapan ngajepat, ngararasakeun naha geus beurang atawa masih kénéh peuting.
Tapi, najan bari peureum, karasa yén wanci masih kénéh peuting.
Antukna maksa beunta.
Panon ngarérét kana témbok.
Nyasar néangan jam dingding.
Mapantes lebah- lebahna.
Ku pikiran jeung panon haté mah jol kapanggih waé di mana naplokna jam dinding téh.
Tapi ku panon nu molotot mah luput.
Nu katangen ukur belegbegna peuting.
Sanajan teu meredong-meredong teuing.
Masih kénéh katémbong curuk.
Jarum jam mah angger teu katémbong utek-utekna acan.
Ukur kareungeu sora tik-tekna waé.
Geus beunta terus cengkat. Jung nangtung.
Blak mukakeun jandéla,
néangan sugan manggihan cahaya nu méré tanda-tanda beurang.
Teu nanaon najan ukur balébat sakolébatan.
Tibatan taya kamajuan teuing mah.
Tapi nu kasampak horéng sarua.
Di jero di luar, poék anu éta kénéh.
Nyobaan nyeukeutan pangreungeu Susuganan ngadéngé sora nu tahrim.
Kajeun ukur hawar-hawar ogé.
Mun teu kitu, atuh sora kongkorongok hayam.
Teu nanaon ukur katéwak ngokna gé.
Kahayang mah jol ngong sora adan.
Keun baé najan sorana rébék teu ngeunah kadéngéna gé.
Kabéh lebeng.
Heueuh…
Peuting kawas nu moal manggih tungtung.
****
LENG mikir…..
Aya naon atuh ieu téh?
Naha aya nu salah?
Boa eusi sirah geus robah.
Moal kitu owah mah aing téh…
Huh…!
Heuay deui.
Mereketkeun manéh sangkan teu tuluy saré.
Panon geus rék rapet gé ngahaja dibelél-belél supaya beunta.
Moal.., cék gerentes,
moal rék disarékeun deui.
Sieun hanjakal.
Sieun lilir angger kieu-kieu kénéh.
Tungtungna cindukul.
Ngadon ngajejentul dibaturan meredongna peuting.
Ngaraga meneng nungguan tungtung peuting nu teu embol-embol.
Rék diabenan, kitu gerentes haté.
Piraku moal manggih tungtung.
Geuning saré gé aya lilirna.
Digantian ku hudang.
Peuting gé pasti aya sudana.
Digantian ku beurang.
Hanjakal jauh ka listrik.
Kuhanjakalna deui cempor geus béak minyakna.
Teu mekel lilin deuih.
éstuning hémpak keur nyandingkeun poék nu hideung.
Leng deui.
Mikiran boa peuting mah lain ku panjang- panjang teuing.
Komo jajauheun kana moal aya tungtungnamah.
Sigana pédah pikiran nu mémang sundek lantaran hayang geura-geura muru beurang.
Pipikiran nu geus diiwat ku rasa beurang.
Ku cahaya nu disebut beurang.
Geuning,, Peuting can kénéh manggih waé tungtung.
*****
INGET deui…
saméméh manggih pangalaman kawas ayeuna,
biasana sok sabalikna,
horéam manggih beurang téh.
Sok hayang beurang teu datang.
Peuting wé saterusna.
Enya, siga nu dihaleuangkeun ku Iwan Fals.
Lain haleuang meureun,
tapi gorowok. Kieu Cenah,
” Jangan-jangan, pagi kau datangkan biarkan malam terus berjalan…
Jangan-jangan,mentari kauterbitkan..!”
Tah, nepika kituna.
éta mah romantisme mangsa lawas.
Kabiasaan nu terus kababawa hirup.
Hirup teu béda ti kalong.
Peuting cénghar,
ngulayaban néangan rupaning kahirupan,
lain néangan nu amis-amis sarupaning bubuahan wungkul.
Beurang ngampih, nganjang ka karajaan impian.
Nyobat jeung bulan, nyatru panonpoé.
Siga vampir, ceuk Mas Jaka nu sok maturan nyaring peuting bari nembang Ilir-ilir.
Asa tiis tingtrim dunya peuting.
Isuk-isuk paheula-heula jeung panonpoé, itu bijil urang mubus.
Sieun kapanasan,
mun keuna cahaya panonpoé bakal lééh siga vampir,
ceuk Mas Jaka nu embung ditelahkeun Jack sumawona Joko, sanajan ngomong Sunda logatna tetep medok jeung bebeledugan.
Para pemimpi, ceuk Daéng Madéong.
Nu hirup méakeun peuting mah sarua jeung hidup di alam impian.
“Aku adalah seorang pemimpi” ceuk lalaki pituin Makasar nu leuwih paséhat nyarita maké basa Sunda batan basa indung sorangan.
Siga nu keur mapandékeun diri sorangan.
Tah, éta omongan Madéong jauh saméméh Dhani Ahmad nyiptakeun lagu nu nyebutkeun Bukan rahasia, jika aku adalah seorang pemimpi
Jadi kapikiran deui.. Leres pisan.
Peuting nu datang teu manggih tungtung.
******
NGAJEPAT. ..
. Rarasaanmah ngajepat.
Hayang hudang, tapi teu bisa cengkat.
Hayang cengkat, tapi teu uget-uget acan.
Hayang ngajorowok.
Terus ngagorowok.
Ménta tulung.
Tulung-tulungan.
Tapi taya nu némbalan, da taya sora anu kaluar.
Beuki dipaksa hayang usik, kalah beuki rosa ngabatu.
Beuki dipaksa hayang nyoara, kalah mingkin pageuh ngabisu.
Sanajan awak terus abrug-abrugan.
Haté terus kokosodan.
Ukur rarasaan.
Ngan dina pipikiran.
Nu puguh mah awak terus ngajepat teu usik teu malik.
Rénghap gé asa seuseut.
Sakabéh anggota badan siga nu leungit sénsor.
Paréntah tina otak teu di-réspon ku awak.
Syaraf méré sinyal ka otak supaya nyengkatkeun sirah.
Sénsor otak méré instruksi kana sirah.
Tapi sirah teu méré réspon, angger cicing.
Ceuk syaraf hayang ngagoak.
Kitu kénéh. Taya réspon tina pita sora.
Tetep wé ngabigeu.
Mun di-transfer éta alur instruksi, sinyal, sénsor, jeung réspon kana modél visual, sigana kawas lalajo carita pégo.
Aya gambar, gerak, tapi euweuh sora.
Nu leuwih matak kasiksa, réspon kana ambekan.
Kumaha hayang ngarénghap, tapi tayaréspon.
Sakali.
Dua kali.
Tilu kali.
Nepika béak pisan nafas.
Tapi dina pipikiran mah angger teu bisa ngarénghap.
Nepi ka ngahégak ogé.
Da leungeun jeung suku gé dina pipikiran mah bisa pakupis.
Ngan dina prak-prakanana nu henteu téh.
Lila-lila mah capé ogé maksa kahayang téh.
Antukna cicing.
Nuturkeun kahayang rasa jeung pikiran.
Teu ménta. Tapi nurut. Dituturkeun sakumaha kahayang rasa mah geuning bisa.
Mimiti panon bisa gerak.
Galar-gilir ngarérét ka sisi ka gigir.
Tuluy sirah mimiti bisa obah.
Bisa luak-lieuk. Terus ramo-ramo leungeun.
Terus ramo-ramo suku. Ngarénghap lancar deui.
Sora ogé kaluar deui,
sanajan karék wani ngaharéwos.
Sirah jeung awak gé bisa dicengkatkeun deui ayeuna mah.
Méméh obah leuwih jauh, bari ngararasakeun awak, terus ngajepat deui.
Neuteup lalangit kamar nu bodas.
Ngarérét ku juru panon ka sakuriling.
Geuning loba nu datang.
Katangen nu nungkulan euweuh nu némbongkeun beungeut.
Kabéh tungkul nyumputkeun paneuteup.
Matak asa laluasa basa awak lalaunan cengkat.
Ah, teu sing hésé.
Malah sakitu babarina.
Teu ditanagaan gé awak saolah-olah ngangkat ku sorangan.
Semu ngangkang.
Terus ngambang.
Nu tungkul asa beuki ngareluk.
Teu miroséa awak kuring nu terus ngambang beuki ngaluhuran.
Luhureun pangsaréan.
Lalaunan awak ngambul ka luhur.
Héy, awas!
Asa ngadéngé nu ngajorowok.
Tapi dirérét, taya saurang gé nu cengkat.
Kabéh husu dina tungkul séwang-séwang.
Bet tuluy hayang ngélég.
Ramo-ramo nu tadi hésé digerak- gerak téh gugupay.
Sok téwak! Héy, téwak uing tah!
Teu lucu, eung!
Kadéngé deui aya nu ngagero.
Tapi ukur hiuk angin nubruk kaca jandéla.
Bebel, téh…!
cenah deui.
Kadieu siah, anjrit…!
Beuki tarik.
Tapi taya nu robah.
Sok atuh téwak ari wani mah…!
Cékéng rada ngancunan.
Awak asa beuki ngaluhuran.
Geus rék nepi kana lalangit.
Leungeun-leungeun nu keur tarungkultéh terus ranggah.
Sapasang-sapasang ngacung ka luhur lir nunjuk langit.
Tapi lain nunjuk ka kuring.
Hag, Si Mamah ambek geura!
Héy, turun…!
Terus tingjorowok, tapi asa beuki ngaweuhan.
Siga sora nu keur ngajauhan.
Hayoh ka dieu, balik deui..! ,
Ayeuna mah semu hawar- hawar.
Ka dieu, pleasé.
Ceuk sora leuleuy.
Sora nu dituturkeun paneuteup jeung ramo-ramo ngagupay.
BRAY. Beunta deui.
Lilir deui.
Angger kénéh mongkléng alias poék.
Auk, ah, gelap!
Geus ngimpi deui, gerentes téh.
Mun kieu terus, nya mémang geus kuduna.
Meureun teu kudu mamaksa hayang geura beurang.
Peuting jeung beurang gé sarua meureun.
Ngan pédah aya caang jeung poék.
*******
Kalah aral maksa hayang geura panggih jeung caang gé, ari nu aya poék deui poék deui mah.
Ngan, rék naon lampah lamun peuting terus-terusan taya anggeusna.
Piraku ngan saré jeung ngimpi onaman.
Aya sakotrét sinar dina jero sirah nu nyabit kajadian ieu aya kakaitan jeung datangna lebur kiamat.
Moal rék papanjangan nyaritakeun kolébat pikiran éta.
Moal diinget-inget. Can waktuna!
Sanajan bisa jadi ieu salah sahiji tanda-tanda datangna Kiamat.
Tapi ukur hiji tanda.
Karék cenah éta ogé.
Cenah, salah sahiji tanda datangna poé kiamat téh bakal ngalaman peuting terus- terusan lilana opat puluh poé opat puluh peuting.
Ceuk kuring, teu manjing logika.
Sabab kiamat mah lain logika, tapi kayakinan.
Sabab mun ngudag logika, kiamat geus datang ti béh ditu mula.
Mun maké tanda-tanda tina laku lampah jalma nu tibalik siga lalaki boga kalakuan jeung pamaké nurutan awéwé atawa sabalikna awéwé nu siga lalaki, kapan ti abad ka-19 gé geus aya.
Susah muguhkeun watesanana ogé.
Aya nu nyebutkeun lalaki niron-niron awéwé téh mun buukna panjang, gumeulis maké seuseungitan, jeung maké pakéan kawas awéwé.
Kapan jaman Romawi mah lalaki kalolobaanana gondrong.
Atuh wadya baladna ogé maké seragam nu mangrupa andérok.
Pon kitu deui awéwé nu pupurutulan niron-niron jalu, ti jaman Rénnaissancé gé geus nyampak.
Modél-modél nu biasa jadi obyék lukisan.
Malah kapan Cléopatra gé teu kacaritakeun maké rok panjang atawa longdress jeung kabaya, upamana.
Nu loba percaya kana datangna kiamat dumasar kana logika nyaéta tina pananggalan sélér Maya di Amérika Latin.
Cenah, kiamat bakal datang taun 2012.
Malah dipastikeun poéna ogé meneran tanggal 21 bulan 12 taun 2012.
Anu saterusna digambarkeun dina film jieunan Roland émmérich judulna 2012.
Kiamat nu cenah nurutkeun kana pananggalan jeung tanda- tanda sélérMaya, tapi jolna bet kana carita lalampahan Bahtera Nabi Nuh.
Tapi kiamat lain ayeuna.
Sanajan peuting nepi ka ayeuna can kénéh manggih tungtung.
********
DINA mongkléngna peuting.
Teuing impian nu kasabaraha, kuring kahudangkeun ku hawar-hawarasa ngadéngé sora nu nembang.
Enya, mun ngaregepkeun galindengna mah puguh wanda tembang, lain aweuhan tahrim.
Sidik. Aya guru laguna.
Aya guru wilanganana.
Semu murwakanti.
Pupuh kinanti.
Halon, teu dibedaskeun sorana.
Tapi atra kecap- kecapna.
Malah rénghap tiap ganti padalisan géjéntré pisan.
Beuki lila beuki atra.
Sora tembang beuki ngadeukeutan.
Beuki deukeut beuki tambah jéntré, geuning lain hiji sora nu nembang téh.
Tapi sora rampak nu gumulung jadi hiji sora.
Gerendeng nu ngagalindeng.
Aya cahaya nu ngolébat tina jandéla.
Lain cahaya bulan.
Nu ngolébat beuki nambahan.
Kuring nyérangkeun tina jandéla.
Siga aya cika cika gegeleberan.
Cika cika hiji gegeleberan meuntasan sela- sela daun.
Nyaangan dahan- dahan.
Aya hiji deui cicika.
Nambah deui.
Jadi sababaraha. Jadi loba.
Tapi, salian ti nambah loba, cicika téh jadi ngagedéan.
Cahayana buleud siga lampion.
Ngajajar. Patutur- tutur.
Oyagna bareng.
Majuna bareng.
Horéng cicika téh ngagantung dina tali.
Tali nyangreud kana iteuk panjang.
Iteuk dicekelan ku sapasang leungeun.
Sapasang leungeun nu kaluar tina jubah panjang.
Jubah hideung.
Geuning lain cicika.
Sidik ayeuna mah nu caang téh lantéranu digantungkeun dina iteuk.
Hiji.
Dua.
Tilu….
Tujuh….
Sapuluh.
Leuwih ti sapuluh lantéra.
Tuh, nambahan deui.
Jadi sabelas.
Tujuh belas.
Dua puluh.
Tilu puluh.
Euleuh, puluh-puluh jalma dijubah hideung ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut mawa lantéra bari nembang.
Cepet muru ka wétan.
Rék kamarana kawétankeun?
Ka tempat bijilna srangéngé unggal isuk.
Boa, rék mapag panonpoé kitu?
Néang matabeurang nu teu jol datang.
Husu ngajingjing lantéra, siga keur nyaangan jalan tincakeun.
Tapi siga nu ngahaja mekel cahaya keur nyeungeut panonpoé nu sigana pareum anu matak teu meleték nyaangan alam dunya ogé.
Boa kétah lantéra keur ngogan sangkan balébat datang.
Siga Dayangsumbi nu ngondang balébat ku cara meberkeun boéh rarang di tebéh wétan.
Papada hayang mungkas peuting nu teu manggih tungtung.
*********
ASA ngadéngé sora kongkorongok hayam. Hawar-hawar.
Lain kadéngé ngokna wungkul.
Jelas jeung kongkorona ogé.
Kongkorongok, cenah.
Kongkorongok pondok.
Henteu melung.
Tapi keukeuh kongkorongok.
Mun geus kongkorongok hayam mah pasti téréh beurang.
Biasana, mun geus aya sakali kongkorongok sok ditéma kadua kali.
Terus sok ditémbalan ku kongkorok séjén.
Terus silih témbal.
Patémbal-témbal.
Jadi raong kongkorongok, biasana.
Tapi sora kongkorongok téh anggér hiji kénéh.
Nu éta kénéh.
Sorana kitu-kitu kénéh.
Pasti hayamna gé éta- éta kénéh.
Lain kitu éta mah kongkorongok hayam nu ceuk kolot kila-kila aya nu reuneuh jadah?
Aya nu hamil teu boga salaki.
Ngakandung anak taya bapaan.
Piring pisin diragaji, colénak dikalapaan téa, meureun.
Mungkin waé sora kongkorongok hayam katipu.
Disangka balébat, padahal hayam lulungu ningali aleutan jalma nu mawa lantéra.
Euh, boa enya éta mah hayam nu sérabku cahaya lantéra.
Hayam nu ngadago-dago datang balébat, tapi teu embol-embol. Ari torojol aleutan lantéra nu caangna ngembat siga gurat balébat. Atuh, derwé kongkorongok.
Halah, hayam teu gableg cedo.
Tapi angger masih kénéh peuting nu teu manggih tungtung.
**********
MUN Dayang sumbi bisa nipu wanci, naha urang gé bisa? Sang Dayang nyambat balébat nu can waktuna datang.
Mun balébat jeung kongkorongok hayam cukup jadi wates antara peuting jeung beurang, meureun ayeuna gé balébat bisa diogan sangkan datang megatkeun lampah peuting nu teu daék lekasan.
Kapan cukup ku mébérkeun boéh rarang, gawé sapeuting jeput Sang Kuriang tumpur.
Balébat datang.
Talaga teu anggeus.
Parahu dibalangkeun sina nangkub.
Mun kitu, peuting nu panjang téh bisa dirékayasa sangkan tamat.
The énd.
Baganti jeung beurang.
Peuting ganti ku beurang.
Poék kasilih ku caang.
Geus poék tuluy caang.
Habis gelap terbitlah terang!
Cik, lamun ayeuna aya boéh rarang dibébérkeun di beulah wétan, naha kira-kirana balébat bakal datang?
Kumaha lamun ku cahaya nu leuwih rongkah?
Ku boéh rarang wae bisa, komo mun kunu leuwih ti kitu.
Ku nu leuwih bodas ti boéh rarang.
Bisa ku kembang api atawa merecon.
Bisa ku sinar laser.
Cahaya halogén. Nuklir. Sinar gamma!
Sugan bisa nganggeuskeun peuting nepika manggih tungtung.
DiTampian
Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay....
-
Asup ka Pajaratan Kasimpé mah, saha baé ogé, moal henteu gogodeg. Kana tangtu kituna téh, da puguh asa aya di dunya anyar, dunya nu teuing ...
-
Ari bulan Puasa mah resep téh ka sorénakeun, ngabuburit. Usum liar nepi ka liar lalay. Ngadon mapay-mapay trotoar atawa laha-loho ka toko....
-
• Surat Sajalantrahna • ﹍ Kénging: Imas Rohilah ﹍ Ayah Fikri di Depok ﹍ Héy, Teu nanaon maké basa Sunda nu jagreug Ogé nya? Teu Kudu mil...