Kamis, 03 Februari 2022

Ngabuburit

 Ari bulan Puasa mah resep téh ka sorénakeun, ngabuburit. Usum liar nepi ka liar lalay. Ngadon mapay-mapay trotoar atawa laha-loho ka to­ko. Prahna mah ngabeberah manéh baé. Malar seubeuh neuleu beulieun.

Lamun teu kitu atuh ngahaja liar nénjo nu liar. Ngahaja jalan-jalan ngarah guk-gok jeung nu jalan-jalan. Asup ka toko ngarah gok jeung nu ka toko. Boh nu enya niat balanja, boh nu saruana. Sarua ngarah papanggih!

Brul ka kidul, brul ka kalér téh, kitu baé ilaharna mah.

Barudak mah sok di alun-alun mungpungna téh, arudag-udagan. Loba nu daragang. Anu baku wungkul, méh sapanjang turut sisi beulah wétan. Tuluy sisi jalan hareupeun masjid. Nu daragang dahareun jeung inumeun baé umumna mah. Ancoan nu rék ngadon buka di dinya. Ngadon tajil atawa ngabatalan.

Mariem nu sok diarep-arep ku barudak mah. Hayang neuleukeun nyeungeutna. Di pakarangan kabupatén, hareupeunana, sok diseungeutna téh.

Mariem teteg. Aya dua sapasang. Ngencarna ngan sapanjang bulan Ramadan. Disina ngabaragug nyanghareup ka alun-alun.

Dina geus deukeut kana diseungeut, tingtérékél barudak paheula-heula naraék kana bénténg kabupatén. Ronghok, malah nyocok di nu marolongona.

Ongkoh hayang deukeut. Hayang teges. Tapi ari geus rék sut disundut, paheula-heula téh peureum bari nyocokan ceuli!

Nu hiji, purah méré tanghara manjing buka, mariem téh. Hiji deui nu ngabéjaan tutup sahur. Sorana sarua tarikna. Cukup ngarungkup kota Bandung jeung wewengkonna. Komo nu disada janari mah. Da sedeng jempling. Sedeng simpé dédéngéan. Mani sok lambat pisan geleger aweuhanana téh.

Ieu téh kamonésan Dalem Haji. Oléh-oléh mulih ti Mekah. Da kitu cenah di ditu mah. Lain ku bedug, tapi ku mariem nitah buka puasa téh.

Nu disebut Kamar Arab deuih, kamonésanana mulih ti Mekah téh. Kamar nu diréka kawas di Arab. Boh paparabotanana, boh papaésna. Nya kitu deui pasang-petana, nyeta-nyeta di karaton Raja Mekah, Syarif Husén.

Kagerenteskeunana, ti magrib nepi ka rérés isa téh, Dalem Haji mah tara kaluar ti dinya. Kitu nu kawénéhankeun ku kuring ogé, hiji mangsa bada magrib. Kasampak keur ngaos Surat Al-Baqarah, dina De Heilige Qoer’an.

Aya nu enya lalajoaneun ogé, pangbeberah ngabuburit téh. Bioskop nu mimitina disebut kindervoorstelling, lalajoaneun barudak. Malah keur bebenjit baé prahna mah. Da nepi ka ngadak-ngadak kawas taman kanak-kanak, gedong bioskop téh. Biasana unggal poé Minggu, isuk-isuk. Tuluyna mah jeung poé Saptu, palolohor.

Cara ka taman kanak-kanak baé, loba nu sok dianteurkeun barudak téh. Biasana, mun lain ku indungna, ku lanceukna.

Kitu ka bioskop ogé. Bédana téh ari ka taman kanak-kanak mah semet dianteurkeun-dipapagkeun. Dipapag-jajap. Atawa nu ngajajapkeun téh tuluy ngadagoan, nepi ka waktuna budak balik. Ngadagoan di luar baé. Teu meunang milu asup, sumawonna milu diuk.

Ari ka bioskop mah milu lalajo, nu nganteur téh. Jeung bari milu resep deuih. Da enya, rata-ratana pilem karesep budak téh, resep kolot ogé. Émbohna ti kitu, keur nu nganteur mah resep guk-gokna jeung nu pada-pada nganteur deui.

Dua-tilu kali papanggih. Biasana dina keur ngagimbung kénéh di luar, méméh waktuna asup. Tina wawuh munding kana wawuh enya, tuluyna loma. Asal unggal gok ngan semet unggeuk, silih unggeukan, medok tuluyna mah. Geus kitu mah bareng asup ka bioskop ogé. Malah sok silih dagoan, upama salasaurang elat téh. Ngarah bareng asup. Bareng milih tempat diuk, padeukeut. Diselang ku barudak mimitina mah. Tapi tuluyna, budak jeung budak deui, pada-pada budak. Nu nganteur deukeut nu nganteur, paantel.

Atuh ana reup dipoékan téh, pilem mimiti diputer, budak aranteng, nu nganteur anteng. Sarua pada ngarasa hanjakal cara barudak, ari bray caang deui téh!

Dina waktuna papisah, budak disina tatabéan. Disina daaah… Nu nganteurna ogé milu daaah deuih, ngan béda hartina!

Enya aya anu teu dihaja. Asalna diwawuhkeun ku budak atawa budak wawawuhan. Tina silih ajak seuri jeung silih puntangan. Tuluy silih béréan ésbonbon atawa peremén. Nepi ka nu nganteurna ogé kabawakeun milu wawuh.

Tapi teu kurang-kurang nu dipaké modal ogé, budak téh. Ngahaja diwawuhkeun ka budak deui. Meunang milih, ka budak nu dierong panganteurna, henteu ka asal budak.

Henteu gugon budak mah. Budak lalaki jeung budak lalaki deui, bisa. Budak awéwé jeung budak awéwé deui, resepeun. Teu cara anu nganteurna!

Tungtungna dipaké alesan, nganteur budak ka bioskop téh. Réa anu nyampeur budak batur. Rék anak tatangga nu deukeut, rék anak baraya nu anggang.

Atuh sawaréh kolotna atoheun, asa aya nu nalangan. Komo meneran di nu teu boga batur mah, heug di imah loba uruseun. Boh ngurus nu leutik kénéh, tacan manjing dibawa lalajo, boh nu anyar ngalahirkeun.

Aya nu indit ti imah lengoh ogé. Nyampeur budak batur di panglalajoan. Budak nu kabeneran taya nu nganteur, dipilukeun ka nu séjén. Tampolana asal nyekel leungeun budak, tamba éra léngoh téh.

Teu di pamuda, teu di pamudi siasat kitu téh, sarua!

Aya nu nepi ka manggih jodo, ku kitu téh. Di antarana nu meunangkcun guru Frobel.

Geus ilahar jadi matinéé mah, méh cara biasa baé. Bédana téh ukur pilemna nu disebut voor alle leeftljd  diputerna ti beurang. Poé Minggu jeung poé peré pukul salapan isuk. Mun teu kitu pasosoré. Da éta baé ari kaluar téh méh bareng jeung lalay. Nu matak resep dipaké ngabuburit ogé.

Pukul tujuh peuting nu biasa mah, ngamimitianana bioskop téh. Angger kitu unggal peuting, teu halangan ku bulan Puasa. Tuluy atuh papaharé baé, nu tarawéh di masjid jeung nu lalajo bioskop téh. Sarua raména. Di Varia sora nu keprok jeung tingsaruit. Patembalan jeung barudak patarik-tarik “Amin.”

Bubaran tarawéh sok méh bareng jeung bubaran eerste voorstelling. Remen pasanggrok di jalan, nu tas ti bioskop jeung nu balik ti masigit téh. Ari bubaran twede voorstelling, heula-pandeurina téh jeung rérés tadarus. Aya bédana, nu ti bioskop mah ngabrul, aya puluhna malah ratus. Ari nu tas tadarus mah tara matak kérok milang!

Di jalan anu mimiti tiiseun, sok rajeun manggih kénéh tukang bandrék atawa bajigur. Daganganana, lalawuhna, geus rutak-raték. Pantesna téh kari pamilihan wungkul.

Tukang bandrék jeung bajigur ogé, sok geus rada peuting ngiderna téh, ari bulan Puasa mah. Kawas nyangkirangan nu sareubeuh kénéh. Nepi wanci magrib mah, biasana. caricing baé dagangna téh. Di sisi-sisi jalan teu jauh ti tempat inditna. Ngumpul jeung babaturanana, tunggal sasama tukang bandrék jeung bajigur. Kawas nu baradami, ngatur siasat ngider. Ka lebah mana los-losanana ngider saurang-urangna. Ngarah henteu silih soro, guk-gok jeung babaturan di hiji lelewek.

Nu matak, upama aya nu paamprok atawa pairing-iring téh, tandana teu kungsi badami heula. Lain jeung batur sakampung, atawa paanggang tempat asalna.

Nu disebut tukang bandrék, tara bandrék wungkul dagangna téh. Jeung lalawuhna deuih. Malah dina nawarkeunana mah, dipandeurikeun. Ngaheulakeun lalawuhna. Pokna ogé, bari dihaleuangkeun disina ngalagu téh: “Kulub suuk, rarawuan, bandrééék kalapa ngora!”

Kudu disebutkeun kalapa ngora. Da kesat atuh kalapa kolot mah, dipaké bukur bandrék téh.

Usum tiris, ti peuting, komo jeung ngaririncik mah. Jeung sampanye nu euweuh, ngeunah pisan haneut bandrék kana beuteung téh.

Nu bener mah tukang bajigur. Carek dagang bajigur téh, bajigur baé nu ditawarkeunana ogé: “Guuur!…. cenah.

Padahal daganganana mah leuwih pepek ti tu­kang bandrék. Kawas tukang rebus di Jakarta: kukuluban. Kulub sampeu, kulub boléd, kulub cau, kulub suuk. Ari keur usum, sok aya kulub hui salak ogé.

Sok jeung katimus deuih, dagangna téh. Samalah éta minangka kostimna. Katimus di tukang bajigur, rarawuan di tukang bandrék. Tara pacorok éta mah, nu dua. Tara aya katimus di tu­kang bandrék. Tara aya rarawuan di tukang ba­jigur. Duka kumaha, da kulub suuk jeung kulub cau mah rajeun aya di ditu-di dieu.

Ari kajanarinakeun, maju kana manjing sahur dédéngéeun téh ku nu nawarkeun deungeun sangu. Sok aya nu ngahaja mapay-mapay gang. Unggal peuting tara kalarung, lelewek nu paruasa mah. Jeung dina peuting sedeng jempling deuih, sok ngiderna téh. Sorana semu halimpu, teu tarik sumawonna ngéngkréng. Éta baé da ngeunah kadéngéna ku nu keur lelenyepan téh, asa dipépéndé.

Sora hipu dilagukeun: “Pindang endog,… déngdéng ragi,… sawuuud! …”

Nu dagang pindang endog, déngdéng ragi jeung sawud, éta téh. Diwadahanana dina téténong séng. Ngiderkeunana disuhun. Cenah dagangan Pa Marsét.

Karasa mangpaatna aya nu ngider kitu téh, keur nu kabeneran teu boga deungeun sangu mah. Dalah nu ilaharna sadia ogé, rajeun sok hayang nu euweuh di imah. Boh kabita ku nu ditawarkeunana, boh teu parurun ngasakan atawa ngahaneutkeun nu geus aya. Gogoda hudang janari ieuh. Ulah bon kasebutna nu kudu kaprak-keprek heula di dapur. Ongkoh nu dihudangkeun ngan kari am ogé, sakapeung mah sok kalékéd pisan.

Atuh keur nu henteu niat meuli ogé, saenyana mah aya baé mangpaatna mah, tah nu ngider janari téh. Keur sawaréh sok asa aya nu ngageuingkeun. Komo nu imahna sisi pisan gang mah, sada di pipir baé. Jeung angger deuih ngiderna téh, antara pukul satu jeung dua.

Tah, lamun éta enya kawas mariem. Tara kadéngé sorana, ari lain bulan Puasa mah. Ti sahur mimiti nepi ka panganggeusan sahur, geus baé.

Sumber: Keur Kuring di Bandung, Sjarif Amin, Pelita Masa, Citakan Kahiji 1983: 13-19.

Kenging >Sjarif Amin<

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

DiTampian

Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay....