Minggu, 13 Februari 2022
DiTampian
Nalika engkang teu damang
Awewe nu ngais orok
Kamis, 03 Februari 2022
Ngabuburit
Ari bulan Puasa mah resep téh ka sorénakeun, ngabuburit. Usum liar nepi ka liar lalay. Ngadon mapay-mapay trotoar atawa laha-loho ka toko. Prahna mah ngabeberah manéh baé. Malar seubeuh neuleu beulieun.
Lamun teu kitu atuh ngahaja liar nénjo nu liar. Ngahaja jalan-jalan ngarah guk-gok jeung nu jalan-jalan. Asup ka toko ngarah gok jeung nu ka toko. Boh nu enya niat balanja, boh nu saruana. Sarua ngarah papanggih!
Brul ka kidul, brul ka kalér téh, kitu baé ilaharna mah.
Barudak mah sok di alun-alun mungpungna téh, arudag-udagan. Loba nu daragang. Anu baku wungkul, méh sapanjang turut sisi beulah wétan. Tuluy sisi jalan hareupeun masjid. Nu daragang dahareun jeung inumeun baé umumna mah. Ancoan nu rék ngadon buka di dinya. Ngadon tajil atawa ngabatalan.
Mariem nu sok diarep-arep ku barudak mah. Hayang neuleukeun nyeungeutna. Di pakarangan kabupatén, hareupeunana, sok diseungeutna téh.
Mariem teteg. Aya dua sapasang. Ngencarna ngan sapanjang bulan Ramadan. Disina ngabaragug nyanghareup ka alun-alun.
Dina geus deukeut kana diseungeut, tingtérékél barudak paheula-heula naraék kana bénténg kabupatén. Ronghok, malah nyocok di nu marolongona.
Ongkoh hayang deukeut. Hayang teges. Tapi ari geus rék sut disundut, paheula-heula téh peureum bari nyocokan ceuli!
Nu hiji, purah méré tanghara manjing buka, mariem téh. Hiji deui nu ngabéjaan tutup sahur. Sorana sarua tarikna. Cukup ngarungkup kota Bandung jeung wewengkonna. Komo nu disada janari mah. Da sedeng jempling. Sedeng simpé dédéngéan. Mani sok lambat pisan geleger aweuhanana téh.
Ieu téh kamonésan Dalem Haji. Oléh-oléh mulih ti Mekah. Da kitu cenah di ditu mah. Lain ku bedug, tapi ku mariem nitah buka puasa téh.
Nu disebut Kamar Arab deuih, kamonésanana mulih ti Mekah téh. Kamar nu diréka kawas di Arab. Boh paparabotanana, boh papaésna. Nya kitu deui pasang-petana, nyeta-nyeta di karaton Raja Mekah, Syarif Husén.
Kagerenteskeunana, ti magrib nepi ka rérés isa téh, Dalem Haji mah tara kaluar ti dinya. Kitu nu kawénéhankeun ku kuring ogé, hiji mangsa bada magrib. Kasampak keur ngaos Surat Al-Baqarah, dina De Heilige Qoer’an.
Aya nu enya lalajoaneun ogé, pangbeberah ngabuburit téh. Bioskop nu mimitina disebut kindervoorstelling, lalajoaneun barudak. Malah keur bebenjit baé prahna mah. Da nepi ka ngadak-ngadak kawas taman kanak-kanak, gedong bioskop téh. Biasana unggal poé Minggu, isuk-isuk. Tuluyna mah jeung poé Saptu, palolohor.
Cara ka taman kanak-kanak baé, loba nu sok dianteurkeun barudak téh. Biasana, mun lain ku indungna, ku lanceukna.
Kitu ka bioskop ogé. Bédana téh ari ka taman kanak-kanak mah semet dianteurkeun-dipapagkeun. Dipapag-jajap. Atawa nu ngajajapkeun téh tuluy ngadagoan, nepi ka waktuna budak balik. Ngadagoan di luar baé. Teu meunang milu asup, sumawonna milu diuk.
Ari ka bioskop mah milu lalajo, nu nganteur téh. Jeung bari milu resep deuih. Da enya, rata-ratana pilem karesep budak téh, resep kolot ogé. Émbohna ti kitu, keur nu nganteur mah resep guk-gokna jeung nu pada-pada nganteur deui.
Dua-tilu kali papanggih. Biasana dina keur ngagimbung kénéh di luar, méméh waktuna asup. Tina wawuh munding kana wawuh enya, tuluyna loma. Asal unggal gok ngan semet unggeuk, silih unggeukan, medok tuluyna mah. Geus kitu mah bareng asup ka bioskop ogé. Malah sok silih dagoan, upama salasaurang elat téh. Ngarah bareng asup. Bareng milih tempat diuk, padeukeut. Diselang ku barudak mimitina mah. Tapi tuluyna, budak jeung budak deui, pada-pada budak. Nu nganteur deukeut nu nganteur, paantel.
Atuh ana reup dipoékan téh, pilem mimiti diputer, budak aranteng, nu nganteur anteng. Sarua pada ngarasa hanjakal cara barudak, ari bray caang deui téh!
Dina waktuna papisah, budak disina tatabéan. Disina daaah… Nu nganteurna ogé milu daaah deuih, ngan béda hartina!
Enya aya anu teu dihaja. Asalna diwawuhkeun ku budak atawa budak wawawuhan. Tina silih ajak seuri jeung silih puntangan. Tuluy silih béréan ésbonbon atawa peremén. Nepi ka nu nganteurna ogé kabawakeun milu wawuh.
Tapi teu kurang-kurang nu dipaké modal ogé, budak téh. Ngahaja diwawuhkeun ka budak deui. Meunang milih, ka budak nu dierong panganteurna, henteu ka asal budak.
Henteu gugon budak mah. Budak lalaki jeung budak lalaki deui, bisa. Budak awéwé jeung budak awéwé deui, resepeun. Teu cara anu nganteurna!
Tungtungna dipaké alesan, nganteur budak ka bioskop téh. Réa anu nyampeur budak batur. Rék anak tatangga nu deukeut, rék anak baraya nu anggang.
Atuh sawaréh kolotna atoheun, asa aya nu nalangan. Komo meneran di nu teu boga batur mah, heug di imah loba uruseun. Boh ngurus nu leutik kénéh, tacan manjing dibawa lalajo, boh nu anyar ngalahirkeun.
Aya nu indit ti imah lengoh ogé. Nyampeur budak batur di panglalajoan. Budak nu kabeneran taya nu nganteur, dipilukeun ka nu séjén. Tampolana asal nyekel leungeun budak, tamba éra léngoh téh.
Teu di pamuda, teu di pamudi siasat kitu téh, sarua!
Aya nu nepi ka manggih jodo, ku kitu téh. Di antarana nu meunangkcun guru Frobel.
Geus ilahar jadi matinéé mah, méh cara biasa baé. Bédana téh ukur pilemna nu disebut voor alle leeftljd diputerna ti beurang. Poé Minggu jeung poé peré pukul salapan isuk. Mun teu kitu pasosoré. Da éta baé ari kaluar téh méh bareng jeung lalay. Nu matak resep dipaké ngabuburit ogé.
Pukul tujuh peuting nu biasa mah, ngamimitianana bioskop téh. Angger kitu unggal peuting, teu halangan ku bulan Puasa. Tuluy atuh papaharé baé, nu tarawéh di masjid jeung nu lalajo bioskop téh. Sarua raména. Di Varia sora nu keprok jeung tingsaruit. Patembalan jeung barudak patarik-tarik “Amin.”
Bubaran tarawéh sok méh bareng jeung bubaran eerste voorstelling. Remen pasanggrok di jalan, nu tas ti bioskop jeung nu balik ti masigit téh. Ari bubaran twede voorstelling, heula-pandeurina téh jeung rérés tadarus. Aya bédana, nu ti bioskop mah ngabrul, aya puluhna malah ratus. Ari nu tas tadarus mah tara matak kérok milang!
Di jalan anu mimiti tiiseun, sok rajeun manggih kénéh tukang bandrék atawa bajigur. Daganganana, lalawuhna, geus rutak-raték. Pantesna téh kari pamilihan wungkul.
Tukang bandrék jeung bajigur ogé, sok geus rada peuting ngiderna téh, ari bulan Puasa mah. Kawas nyangkirangan nu sareubeuh kénéh. Nepi wanci magrib mah, biasana. caricing baé dagangna téh. Di sisi-sisi jalan teu jauh ti tempat inditna. Ngumpul jeung babaturanana, tunggal sasama tukang bandrék jeung bajigur. Kawas nu baradami, ngatur siasat ngider. Ka lebah mana los-losanana ngider saurang-urangna. Ngarah henteu silih soro, guk-gok jeung babaturan di hiji lelewek.
Nu matak, upama aya nu paamprok atawa pairing-iring téh, tandana teu kungsi badami heula. Lain jeung batur sakampung, atawa paanggang tempat asalna.
Nu disebut tukang bandrék, tara bandrék wungkul dagangna téh. Jeung lalawuhna deuih. Malah dina nawarkeunana mah, dipandeurikeun. Ngaheulakeun lalawuhna. Pokna ogé, bari dihaleuangkeun disina ngalagu téh: “Kulub suuk, rarawuan, bandrééék kalapa ngora!”
Kudu disebutkeun kalapa ngora. Da kesat atuh kalapa kolot mah, dipaké bukur bandrék téh.
Usum tiris, ti peuting, komo jeung ngaririncik mah. Jeung sampanye nu euweuh, ngeunah pisan haneut bandrék kana beuteung téh.
Nu bener mah tukang bajigur. Carek dagang bajigur téh, bajigur baé nu ditawarkeunana ogé: “Guuur!…. cenah.
Padahal daganganana mah leuwih pepek ti tukang bandrék. Kawas tukang rebus di Jakarta: kukuluban. Kulub sampeu, kulub boléd, kulub cau, kulub suuk. Ari keur usum, sok aya kulub hui salak ogé.
Sok jeung katimus deuih, dagangna téh. Samalah éta minangka kostimna. Katimus di tukang bajigur, rarawuan di tukang bandrék. Tara pacorok éta mah, nu dua. Tara aya katimus di tukang bandrék. Tara aya rarawuan di tukang bajigur. Duka kumaha, da kulub suuk jeung kulub cau mah rajeun aya di ditu-di dieu.
Ari kajanarinakeun, maju kana manjing sahur dédéngéeun téh ku nu nawarkeun deungeun sangu. Sok aya nu ngahaja mapay-mapay gang. Unggal peuting tara kalarung, lelewek nu paruasa mah. Jeung dina peuting sedeng jempling deuih, sok ngiderna téh. Sorana semu halimpu, teu tarik sumawonna ngéngkréng. Éta baé da ngeunah kadéngéna ku nu keur lelenyepan téh, asa dipépéndé.
Sora hipu dilagukeun: “Pindang endog,… déngdéng ragi,… sawuuud! …”
Nu dagang pindang endog, déngdéng ragi jeung sawud, éta téh. Diwadahanana dina téténong séng. Ngiderkeunana disuhun. Cenah dagangan Pa Marsét.
Karasa mangpaatna aya nu ngider kitu téh, keur nu kabeneran teu boga deungeun sangu mah. Dalah nu ilaharna sadia ogé, rajeun sok hayang nu euweuh di imah. Boh kabita ku nu ditawarkeunana, boh teu parurun ngasakan atawa ngahaneutkeun nu geus aya. Gogoda hudang janari ieuh. Ulah bon kasebutna nu kudu kaprak-keprek heula di dapur. Ongkoh nu dihudangkeun ngan kari am ogé, sakapeung mah sok kalékéd pisan.
Atuh keur nu henteu niat meuli ogé, saenyana mah aya baé mangpaatna mah, tah nu ngider janari téh. Keur sawaréh sok asa aya nu ngageuingkeun. Komo nu imahna sisi pisan gang mah, sada di pipir baé. Jeung angger deuih ngiderna téh, antara pukul satu jeung dua.
Tah, lamun éta enya kawas mariem. Tara kadéngé sorana, ari lain bulan Puasa mah. Ti sahur mimiti nepi ka panganggeusan sahur, geus baé.
Sumber: Keur Kuring di Bandung, Sjarif Amin, Pelita Masa, Citakan Kahiji 1983: 13-19.
Kenging >Sjarif Amin<
Rabu, 02 Februari 2022
Pajaratan kasimpé
Asup ka Pajaratan Kasimpé mah, saha baé ogé, moal henteu gogodeg. Kana tangtu kituna téh, da puguh asa aya di dunya anyar, dunya nu teuing aya di mana. Sakurilingna dipager beusi beunang ngukir, dipulas konéng emas. Panto pager digembok sababaraha hiji, sarta henteu sagawayah jelema bisa nganjang ka dinya.
Legana moal kurang ti tilu héktar. Di jerona matak hookeun. Pinuh ku kekembangan. Seungitna meleber angin-anginan. Kuburan mérés, puguh jajaranana. Wangunna paalus-alus, malah ceuk béja mah, tutunggulna ogé aya nu ditapelan emas. Reup peuting, da asa di taman kaputrén atuh. Lampu baranang di unggal tetengger, warna-warni, patingburinyay. Henteu keueung di dinya mah. Henteu geueuman. Ceuk paribasana, dipaké niis ogé moal teu matak betah.
Rek teu kitu kumaha, da puguh nu dikuburna ogé lain jalma joré-joré. Malah, anu hayang dikubur di dinya mah, kudu pesen heula kavling. Hargana leuwih ti kavling imah di real-éstate. Cenah mah, duitna téh asup kana kas pamaréntah daérah, turta dipaké keur kagiatan sosial. Tapi, sanajan hargana mahal, tara kungsi aya nu hoghag ngajak adu harga. Geus kitu lumbrahna. Matak pesen kavling di Pajaratan Kasimpé ogé, manéhna téh lain jalma masakat, kana tangtu loba duitna.
Pagawé nu ngurus Pajaratan Kasimpé, aya puluhna. Ti mimiti tukang sasapu, tukang ngurus kembang, tukang menerkeun lampu, jeung tukang … milang kuburan. Maranéhna cicing di dinya, dipangnyieunkeun wangunan méwah, sarta bisa hirup senang jeung anak-pamajikanana. Gajihna leuwih ti guru golongan IV, ditambah ku bonus saban bulanna. Nu ngagajihna, saha deui upama lain kulawarga nu dikurebkeun di dinya, kulawarga jelema beunghar téa.
Di antara para pagawé Pajaratan Kasimpé, anu katémbong pangsenangna mah Mang Ija, tukang milang kuburan. Digawé teu pati ripuh, tapi gajih sarua jeung baturna. Geus lima taun manéhna digawé di dinya. Tina ladang ngitung kuburan téh, Mang Ija geus bisa meuli sawah di lemburna jeung nyakolakeun budak-budakna.
Enya, mimitina mah Mang Ija kerung ku pagawéanana téh. Asa teu kaharti, ceuk pikirna téh. Naha maké kudu dibilang unggal poé, da moal aya nu leungit. Dina nambahanana ogé, apan puguh catetanana. Tapi, lantaran butuh ku duit téa, dikeureuyeuh wé. Sapoé dua kali ngitungna téh, isuk-isuk jeung sareupna.
“Ngeunah manéh mah digawe téh, Ija. Bisa bari héhéotan!” ceuk Mang Darman, tukang ngurus kembang. Da jeung enyana atuh, jam tujuh isuk-isuk ogé, geus bérés. Ka dituna mah bisa saré bisa lalajo televisi, ngan henteu wé ari ulin ka luar pajaratan mah. Da apan kitu katangtuanana, unggal pagawé teu meunang kaluar, upama euweuh idin ti Kepala. Komo deui, di lebah lawang dijaga ku satpam aya opatna, rék kumaha bisana manéhna kaluar.
Peutingna, para pagawé téh sok ngariung, ngawangkong ngalér-ngidul.
“Saha baé euy, anu dikubur di dieu téh, déwék mah can apal?” ceuk Mang Ija, ngarérét ka Mang Darman.
“Har, apan di dinya purah milangna?”
“Heueuh, da kuburan bisa diajak ngobrol!”
“Rupa-rupa cenah, ti mimiti pajabat, pangusaha, atawa nu disebut konglomerat téa. Pokona mah tukang ngahambur-hambur duit. Tuh, anu dijuru mah, tutunggulna ogé maké emas!”
“Kumaha lamun aya nu maok?”
“Matak dijaga ogé, bisi aya nu maok. Matak dibilang ogé, bisi aya nu leungit!”
“Heueuh, ari batur, nu geus maot ogé mani dipupujuhkeun. Naha da di lembur déwék mah, astana téh diantep narikolot. Diberesihanana téh, ari rék lebaran wé,”
“Enya, di lembur kuring ogé. Ngan ceuk beja, teuing enya bohongna mah, anu dikubur di dieu téh jalma beunghar nu keur hirupna boga lampah nirca,”
“Ulah suudon, ah!”
*
Isuk-isuk kénéh, Mang Ija geus kerang-kerung. Ngahuleng sakedapan mah, siga aya nu dipikiran. Gorolang deui milang. Huleng deui.
“Ké, naha kuburan téh bet nambahan. Kamari aya 300 siki, ayeuna jadi 301. Aing nu kérok kitu?” gerendengna. Dicobaan dibilang deui. Angger sakitu.
“Teu kudu héran, Jang!”
Gebeg téh, Mang Ija mani ngarénjag. Rét ka lebah datangna sora. Katémbong aya aki-aki maké baju kucel, dikopéah, ngajanteng luareun pager. Sorot panonna teuing ku seukeut, nepi ka Mang Ija semu ngadégdég.
“Mémang bener itungan Ujang téh. Peuting tadi, kuburan geus nambahan deui hiji. Aki pisan nu boga ngagawéanana!” pokna, bari angger ngajanteng teu obah-obah.
“Naha Aki henteu laporan heula. Henteu sambarangan Ki, anu dikubur di dieu mah. Kudu puguh idéntitasna, kudu puguh tata-tertibna,”
“Aki ogé apal. Tapi da éta mah aturan beunang manusa. Teu nanaon lin, dirempak ogé. Barina ogé, ngurebkeun mah ngurebkeun wé, maké jeung kudu laporan heula ka walikota. Sarua geus jadi mayit ieuh, naha maké jeung dibéda-béda, diwilah-wilah!”
“Enya, tapi kuring anu bakal disalahkeun. Nu dikurebkeun di dieu mah lain jalma joré-joré, Ki. Jalma masakat kawas urang mah, pamohalan diidinan milu ngiuhan di dieu!”
“Ah, naha maké teu bisa. Kawas maranéhna moal maot baé. Ari geus maot mah, nya kumaha nu hirup atuh. Moal bisa hayang-hayangan. Barina ogé, Ujang mah moal apal, anu dikurebkeun di dieu téh sabalikna tina téténjoan Ujang. Lain jalma beunghar, tapi jalma masakat. Enya éta ogé, ari kuburanana mah hurung-hérang, dipapantes, dibebenah. Tapi dina enas-enasna mah, maranéhna téh keur careurik balilihan,”
“Na ari Aki, kawas nu bisa nganjang ka pagéto baé,”
“Ulah salah, Jang. Nu dikubur di dieu mah, kabéh ogé jalma anu simpé dina hirupna. Jalma anu teu apal jeung teu hayangeun apal, yén aya deui kahirupan sanggeus ngahenang-ngahening di alam dunya téh,” pokna, bari terus ngaléos. Mang Ija tibang olohok.
“Naha ari aing mani teu nanyakeun, eta aki-aki téh?” gerendengna.
Papanggihanana, henteu dicaritakeun ka sasaha. Disidem wé. Dicaritakeun mah, kuriak diseungseurikeun, da puguh matak teu kaharti téa. Ngan isukna, Mang Ija geus ngahuleng deui. Kuburan nambahan deui, jadi 302. Basa ngarérét ka luareun pager, sugan aki-aki aya deui, teu manggih nanaon.
“Teu kaharti. Naha iraha waktu ngurebkeunana, mani euweuh tapakna. Saha jeung lebah mah deuih dikurebkeunana ogé. Teu puguh jajaran mana anu nambahan téh!” pokna, ngomong ka diri sorangan.
Kitu jeung kitu wé, nepi ka genep poé lilana. Saban isuk, kuburan téh nambahan hiji. Ngan poé katujuh, Mang Ija teu katémbong milang kuburan. Puguh baé Mang Darman kagét, gancang nepungan pamajikan Mang Ija.
“Ka mana salaki manéh?”
“Teuing, da basa hudang ogé geus teu kasampak!”
“Sok tara bébéja ari indit-inditan téh. Mana catetan ngitung kuburan, urang pamilangkeun ku kuring,”
“Tah geuning ngagantung. Pulpénna ogé aya di dinya!”
Mang Darman nyokot keretas. Terus dibaca.
“Poé kamari, pabuburit, jumlah kuburan aya 306!” gerendengna. Berengbeng ka luar. Terus milang kuburan, imeut naker. Meunang tilu balikan.
“Na ari Si Ija, digawé téh teu balég pisan. Pasti kérok tah ngitungna. Piraku poe kamari 306, ari ayeuna aya 307. Ditegor siah ku aing mah!” ceuk Mang Darman bari ngungkug, rék mikeun catetan ka pamajikan Mang Ija.
***
Kenging Dadan Sutisna
Hiji Pamflét di Tanah Sunda nu Merdéka
1
(Milang léngkah ti mangsa ka mangsa
ngitung umur waktu demi waktu
ngijir-ngijir wanci ti bihari ka kiwari
Ki Sunda cenah mah leungiteun dangiang
leungiteun tapak
leungiteun lacak
Nu aya ukur kari ngaran
ukur kari ngaran!)
Sakséni tuh langit nu paul, sakabéhna paul
atra walatra dipapaés ngeplak bodasna méga
Sakséni tuh tanah angar nu ngan kari saheureut
di gédéngan ku imah-imah beton
ngajungkiring mapaésan dayeuh Bandung
Di gédéng deui ku villa-villa alagréng
masieup lemah sarakan
Bihari
karuhun ngawariskeun kanyaah
Tanah nu héjo ngémploh
sagara pulas paul
langit lénglang, méga bodas
kapan nu urang
Kiwari
urang kari nyawang
tanah nu héjo ngémploh tinggal saheureut
sagara kelirna rupa-rupa
kacampuran mangpirang kokotor
langit lénglang bet jadi ngemplong
dirogahala ozon
Kapan éta gé geus jadi milik urang
Baringsupagi
tanah, sagara, langit
biheung kumaha jadina
biheung kumaha engkéna
2
Duh, si miskin jadi kaom terusir
si kaya bisa mungkir
Si miskin dibuligir
si kaya jadi kafir
Duh, si miskin jadi kaom terasing
si kaya ngabaheuhay di menara gading
Si miskin jadi maling
si kaya teu ambil pusing
(Lawang si kaya lawang si miskin
ngajega jungkrang nu lungkawing)
3
Mangsa pangawasa nagri raos-raos calik
na korsi gilang kancana
aya nu gupuy-gapay néang puntangeun
pabeulit reujeung eusi beuteung
nu taya kendatna melas-melis ménta eusi
Ari di ditu, nu raos-raos calik
teu engeuh dunya nu di handap
(paciweuh sual démo
sual undakna bahan-bahan poko, rékening listrik
jeung telepon
sual milih pikadéseun jeung pigubernureun
pabaliut jeung sawatara katugenah rayat
kaom cacah kuricakan)
Di dieu
urang leungiteun beungkeutan
rempug jukung sauyunan saukur sloganismeu anu cumah
kecap “menjalin persatuan dan kesatuan”
ukur payus mapaésan layar télévisi
4
(Ki Sunda nu ti mangsa ka mangsa pinuh dangiang
Geus dicatet’na lambaran sajarah
Geus dicutat’na lambaran lontar
ti jaman raja-raja bihari
tug tepi ka jaman konglomerat kiwari
tétéla masih kénéh poékeun
ngararampa jalan sorangeun)
Ka mana Ki Jurupantun
ngapung-ngapung ngaprak méga ngabaladah buana
Ka mana ronggéng-ronggéng makalangan
da geuning kasilih héab ti kulon
mangsa rock, slowrock, heavy metal, rap
geus teu nyemah deui di tanah urang
4
Tuh,
pasawahan, balungbang, pasir
jungkrang nu lungkawing
geus keuna ku héabna pangwangunan
(Pangwangunan!
Pangwangunan!
Cenah mah demi karaharjaan?!
Cenah mah demi ma’murna nagri?!
Di pakaleran Bandung kuring mireungeuh kebon-kebon sugih jadi wangunan alagréng
Di tegalan upluk-aplak kuring mireungeuh lapangan golf dibudayakeun
Di mana-mendi kuring mireungeuh pabrik-pabrik dug-deg
Di langit nu geus kahéaban ozon kuring mireungeuh parapangawasa nagri bentik curuk balas tutunjuk
Di satukangeun méga kuring mireungeuh diri gupuy-gapay muntangan méga
5
Barudak seunggah ulin di buruan
sabab buruanana ngan sacangkéwok
Barudak seunggah rék ulin mangsa bulan keur béngras
Ucing sumput ditéma bancakan jeung bébénténgan
atawa oray-orayan reujeung slépdur
sabab di puseur-puseur pertokoan sadia kaulinan ti kulon
Tamiya, vidéo games, games-watch, pé-és
mahabu di mana-mana
Basa rumaja Sunda geus jadi basa nu mandiri
Basa Batawi elu-gué pacampur basa gogog
direumbeuy basa Inggris little-little younkey
Laju,
Ki Sunda di mana?
Dangiangna kumaha?
(Geus béakeun dangiang cenah Ki Sunda téh
geus leungiteun tapak
geus leungiteun lacak
lalaguanana gé cenah geus béakeun wirahma
béakeun wirahma;
Rék kumaha ketak Ki Sunda
Rék ka mana nya lampah kudu ngaléngkah?)
6
Ki Sunda
Ieu kuring urat nu manteng jeroeun awak anjeun
Ieu kuring balung kadeudeuh nu nganteng na lelembutan
Ieu kuring getih kaasih nu ngamalir saawak-awak
Rék di mana nya kudu ngarereb?
Rék kumaha nya pilampaheun?
Kuring katambias di tanah ciciptan parapohaci kiwari
Kuring ngalungsar di tanah nu ngan kari saheureut
Kuring leungiteun lacak
Kuring leungiteun tapak di jaman kiwari
Sajarah bihari nu kacaturkeun léndo ku cai
ma’mur ku tatanén
kiwari ukur jadi catur tanpa bukur
ukur aya dina dongéng-dongéng
ukur aya dina seminar-seminar
ukur aya dina sawala-sawala parabudayawan
(Ema,
dikamanakeun tanah sacangkéwok
nu baheula dipaké ngubur bali?)
(Bapa,
rék di mana barudak urang mun rék mulan?)
7
Hyang karuhun, hyang batara-batari
tutunggul kamerdéka’an geus ditanjeurkeun di ieu nagri
tapi bulan pias angger ngaririwaan luhureun langit
tapi béntang bet teu nembongan saendeng-endeng
(Boa ngan ukur ririwan
mangsa urang pules ku rupaning katugenah
Boa ukur ririwan
mangsa kaadilan méhong ku mangsi hideung kakawasaan)
8
Geus!
Teu kudu deui nyarita perkara bulan jeung béntang
da langit geus nyakséni
getih hangru jeung bugang nu patulayah ukur jadi saksi jaman nu pireu
ngabigeu
Tuh!
Bulan jeung béntang mah ukur papaés
mangsa urang keur lindeuk ku katunggara cinta
Teu!
Teu kudu deui nyarita perkara;
langit nu lénglang, bulan nu béngras, atawa béntang nu baranang
da saksi jaman réa kénéh nu kudu dipaliré
dipiroséa
(Sakséni tuh
geus sabaraha metér-kubik cimata
nu sakeclak-sakeclak dipaké tumbal nyeungceurikan saksi-saksi jaman
nu teu kapaliré
teu kapiroséa!
Sajak Rosyid é. Abby
Bandung, 21 Januari 1995
Serat sajalantrana
• Surat Sajalantrahna •
﹍
Kénging: Imas Rohilah
﹍
Ayah Fikri di Depok
﹍
Héy, Teu nanaon maké basa Sunda nu jagreug Ogé nya?
Teu Kudu milihan kecap, tuda ngomong maké basa Sunda jeung Ayah Fikri mah teu pati bisa geuning.
Teu ngarti tatakrama basana deuih Ayah mah.
Ketang kajeun teu pati bener gé, asal daék wé eutik-eutikeun maké basa Sunda.
Aéh, na bet sasab ka dinya?
.
Kumaha euy, cageur?
Sukur atuh cageur mah.
Budak? Sukur deuih.
Sono euy, hayang ngareungeu deui jéréwétna.
Basa dina telepon geuning mani baceprot jiga bapana.
Jadi panasaran hayang ningal rupana.
Jiga bapana teu?
Ah..,da teu kasép bapana mah.
Baé teu kasép gé, asal soléh wé.
Tapi uyah mah tara téés ka luhur cenah geuning.
Asa hésé hayang anakna soléh teh ari bapana ramijud mah.
Ramijud Ayah téh?, Puguh wé. Ku naon sih nepungan waé, Yah?
SMS, MMS,telepon, geus ganti nomer gé hantem dikotéktak,bélaan nelepon ka kantor, teu boga kaéra.
Tapi...kutersanjung.
Sarua, kahayang mah terus urang babarengan, Ayah. Tong wungkul na telepon, tong wungkul na SMS, tong wungkul na MMS, tong wungkul na surat-surat, atawa na panggih kakapeungan. Hayang terus, hayang saimah, uing jadi indung, di dinya jadi bapa.
Ayah, nyaan, daék kékéd, hayang terus babarengan. Resep temen ngawulaan Ayah nyadiakeun dahareun,ngahuapan Fikri.
Arék nyaah uing ka Fikri?
Maenya wé atuh, da kabapana gé nyoso.
Nyoso kitu ka Ayah? Puguh baé,kacida.
Ah, blak-blakan wé.
Ari Ayah nyoso deuih kauing? (Kadé ulah digantikuu!)
Geuning jiga na SMS peuting tadi. Jam 10 peuting, biasa entp mah. "Imiss you, honey, met bobo,yang nyenyak ya, mimpi indah.. "Hih, teu nyahoeun ari saré nu tibra mah tara diembohan ku ngimpi,cenah cek élmuwan.
I missyou honey. Mani sok ngageleser kana angen ari maca atawa ngareungeu éta.
Nyaho uing gé gombal, simbut butut tatambalan.
Teu ngarti, Yah, ku naonnya? Ongkoh nyaho gombal, tapi haté kapépéndé waé.
Ayah, cik pangnéangan keun, sugan rasionalitas uing ragrag diParung, ragrag di antara jajaran pineus-pineus, diantara galindengna lagu-lagu, di antara bacéprotna obrolan, jeung rabulna haha-hihi di jalan-jalan jeung tempat-tempat nukungsi ku urang kaliwatan,ku urang kadiukan.
Geuning uing jiga leungiteun rasio.
Ku naon Ayah?
Imiss you honey,sababaraha kali diucapkeun ku Ayah? Teu kaitung. Jadi racun, Yah. Nyaliara sakujur awak. Ieuuing jadi gering.
Heueuh, Ayah mah kalah ngawilujengkeun,selamat cenah, selamat bobo. Bobo téh regas, ropoh. Ayah. Rapuh teu nyaho ropoh mah.
Wilujeng ropoh! Honey téh madu atawa sayang, sayang madu? Hih teu balég!
Sayang madu, sayang nyiruan. Mun kagamahan sok napuk, sok nyeureud nyiruanana. Karebi weh, jamomom, paranas tiris, hésé cageurna, kitu?... Embung ah! Madu, téh basa Sundana mah maru.
Ayah, mani keukeuh atuh ngajak kawinka uing.
Uing daék kawinka Ayah lamun Ayahna teu boga honeynu séjén.
Apan Ayah boga Ibu, indungna Fikri.
Éta nyiruan keur uing, maru (lamun uing daek kawin jeung Ayah!).
Lain,uing yakin, lain galak bebenger, antrag-ontrog atawa néngtéréwélang jejenggut.
Lain kitu, tapi galak lemes nu matak ajrih téa geuning.
Paling Ibu ngama'lum kana rasa haté urang, da Ibu mah soléhah,kabadé tina sorot panonna basa ku Ayah ditémbongkeun potretna (uing maksa kaAyah harita geuning,hayang nyaho ka Ibu).
Paling Ibu nganggap uing adina, anu kudu dihargaan,jeung dipikanyaah.
Embung, ah, sikep kitu leuwih nyeureud.
Ceuk Ayah, mun embung jadi madu, Ayah rek 'nyorangan' heula. Terus 'duaan' deui jeung uing.
Harita geuning mani sumanget jeung daria.
Gagabah Ayah, kawas nu teu ngarti agama. Keur naon hadis apal sohéh-doipna. Teu eucreug Ayah!
Naon dasarna, éta napsu! Barina ge uing mah embung ngabengkah keun rumah tangga batur, cadu, pantang, narah, sieun pegat rahmat Gusti ka uing gara-gara éta.
Tong kitu,Ayah.
Rék dikumahakeun Fikri?
Ayah, wayahna nya, wayahna cek uing gé, ieu surat mangrupa jawaban pamungkas keur Ayah.
Bongan na telepon teu ngarti waé, papahareup sarua beletna, kalimpudan ku pipikiran nu pondok.
Mani neugtreug geuning Ayah mah.
Enya diaku, bogoh mah bogoh tapi weureu. Weureu kupadungdengan batin. Uing embung didua, uing gé embung ngaruntagkeun rumah tangga batur.
Kitu tah. Hubungan urang salah gedé Ayah, apan geus dijéntrékeun. Tanya wé dada nu pangjerona, bingbang ta henteu? Mun enya bingbang ngabarungsinang, nyaan salah. Ku dasar éta, kulantaran uing teu weléh bingbang ngabarungsinang, tepi kadieu urang téh, Yah.
Panggih nu kamari, éta panggih nu pamungkas.
Mun Ayah ngotéktak nomer telepon deui, moal, moal kapanggih, moal bisa. Sabab dipindingan.
Pindingna aya diri uing sorangan, bentengna pageuh na dada uing sorangan.
Yah, ngarti nya.
Keun pepegan wé haté urang ku diri urang sorangan.
Pasti nyerina, pasti peurihna. Mimiti, kadituna mah bakal biasa deui.
Hampura uing nya,Yah! Hampura.
Ayah, ulah poho, wawarkeun ka kaom ibu sabuana, awéwé samodél uing lain ancaman pikeun katengreman rumah tangga arinyana. Nya Yah, nya! Ka asup ka Ibu tangtuna gé.
Bisi teu ngarti basana, ku uing engké diganda jeung tarjamahnana basa Indonesia. Lucunya, Yah!
Enya lucu jiga jeruk nipis diparfuman.
Bye....
Cibitung, April '05
Uing
--------------------------------
﹏
Di salin tina kumpulan
Surat Cinta Pangarang Sunda
Saung katineung
CARITA PONDOK
"SAUNG KATINEUNG"
Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui.
Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan.
Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh.
Geuning geus leubeut.
Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana.
Teu jauh tidinya, maplak tatangkalan endah diharudum ibun.
Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono.
Matak nineung matak waas.
Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta.
Gogonjakan, ngoyag- ngoyag tali bebegig. Manuk hariber.
Jiga ayeuna, manuk silih udag.
Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang.
Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu ngantay rék milu ka cai.
Geus rényom kadéngéna.
Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé
mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.
“Abong lila bubujangan, mandi gé lila.
Iraha kawin, Jang?”
pokna bari seuri ngahahah.
Geus remen nu nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan.
Bubuhan kakeuheul geus manteng.
Mun
seug ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah.
Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.
Dijero kamar kuring ngarahuh.
Panon anteng melong eunteung.
Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas lalagasan.
Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga pamajikan téh.
Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh.
Lain teu payu, geus
aya nu harayangeun mah.
Mumun mah,
randa Isah mah,
Téh Ninih mah,
Kokom mah,
Lilis mah,
Dedeh mah.
Kabéh gé saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa, kuring resep kénéh léléngohan.
Lain sieun, lain teu boga biaya.
Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah tangga mah.
Kumaha deui, haté embung baé méréan.
Teu bisa dipaksa-paksa.
Kadieunakeun, geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal ki
Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual kawin mah.
Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh.
Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin.
Murang-maring sagala disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta,
urang imah teu wani-wani deui nyeungeut amarah kuring.
Sensitip ngomong sual kawin mah.
Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui.
Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring.
Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang,
urang Majaléngka.
Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin jeung mandor pabrik.
Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang.
Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang.
Kokom geus pindah ka Palémbang.
Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén.
Kabéh gé lus- les pada néang jalan séwang- séwang, bakating ku cangkeul
nungguan jeung miharep kuring meureun.
Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring.
Cenah mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk.
Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék tumarima rumah tangga.
Jadi iraha rék kawin?
Teuing atuh!
“Man! Geus siap, Man?!”
kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring.
Rikat kuring maké baju.
Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék neangan cokelat di Jatos.
Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.
***
Dina angkot kuring amprok jeung Darmaji, babaturan és ém pé.
Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan téh ngawangkong.
Manéhna geus boga budak hiji.
Cenah kawin jeun urang Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida.
Kuring inget kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi.
Jadi ogé nya rék kawin.
Jodona mah geuning jeung Kokom nya…”
Ceuk Darmaji.
Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Béja mah rék ka Lilis?”
kuring kerung.
Darmaji malik kerung.
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?”
Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.”
Témbal kuring.
Darmaji katangen gogodeg.
Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”
“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di Bandung.”
Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik.
Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom.
Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..”
Darmaji ngajéntrékeun.
Kuring ngahuleng.
“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?”
Darmaji nanya.
“Naon?”
“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah tangga jeung ilaing.
Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén manéhna rék satia nungguan ilaing.
Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja kamari- kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”
Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada.
Di Cikuda Dedi turun.
Baku poé minggu mah di jalan
téh sok macét.
Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar mingguan di Unpad.
Panon poé geus karasa panas.
Hawa beuki bayeungyang.
Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh.
Baruk Lilis nungguan kuring?
Sajeroning macét, supir ngarti.
Manéhna nyetel kasét dina tip mobil.
Kadéngé haleuang tembang sunda.
Ari ti mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik- eutik acan, jiga nu nyeri huntu.
Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah.
Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan.
Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang.
Haleuang tembang karasa kana puhu kalbu…
asih urang…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…
asih hurang…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…
asih urang…
tingkaretip jiga bentang1…..
Ser haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna.
Tembang
bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay garingna rasa.
Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta.
Kumalayang haté sajongjonan.
Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung hariwang teu puguh.
Kuring ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu usik- usik.
Bet haté sakapeung ngarasa keueung.
Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring.
Teuing geus sabaraha taun.
Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina tip… …..
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung
sawangan kumalayang ngawang-ngawang
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina
harepan geus jadi ampihan rasa
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..
Bener kitu Lilis masih kénéh kangen ka kuring?
Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian?
Bener ceuk Darmaji,
kuring téga nganyeunyeuri manéhna.
Sok jadi hanjakal geus kasar ka Lilis.
Kuring nu kungsi kasar ka manéhna.
Kuring nu kungsi nyentak manéhna.
Babakuna teu ditari
teu ditakon unggal manéhna nganjang ka imah.
Geuning Lilis mah tetep satia, tetep miharep.
Teu karasa tembang dina kasét ganti deui… …..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman mugia nyorang kabancang
sumerahna ieu diri
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…
…..
Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh.
Palangsiang,
boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring,
tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring.
Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra.
Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian- lian.
Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah- buahan.
Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun datang ka imah gé.
Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Lilis.
Kabéh sieun ku ambek kuring.
Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual kawin, sual Lilis.
Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring, ngusapan haté kuring.
“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka ngaharuleng”
supir nakol kaca panto meupeus lamunan.
Kuring jeung ki Dudus ngarénjag reuwas.
Tuluy silih pelong.
Geuning sarua jeung kuring, sihoréng simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun,
poho rék eureun di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan.
Sedih jeung bungah karasana panineungan…”
ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari.
Tapi tong dipareman tipna!”
ki Dudus ngacung.
***
Sajajalan kasét digeder, béak diputer deui, béak diputer deui.
Teu eureun-eureun.
Atuh kuring gé nepika apal.
Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan hayang tuluy ngadangukeun tembang.
Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi.
Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita.
Simpé.
Ukur sora mesin mobil.
Ukur haleuang tembang.
Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan manteng ka Lilis.
Tibaheula manéhna nungguan kuring.
Teu karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Tanjungsari.
Can ge lila turun tina mobil, supir ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”
Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru balik.
Inget ka si Nini cenah.
Antukna kuring leumpang sorangan.
Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah.
Haté norowéco ngarasa diturih wanci nu can pasti.
Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…
Di imah, kabéh keur kumpul.
Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah.
Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.
“Aya sémah, Mah?”
kuring nanya bari muka jaket.
Jempé sakeudeung.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.”
Tembal indung.
Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur.
Aéh aya naon asa beda ti sasari.
Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar.
Duh, Lilis nganjang deui…
Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh.
Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Rék kamana deui, A?”
indung
nanya.
Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…”
Pok téh halon.
“Mun sakirana rék nganyeunyeuri manéhna jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.”
Ceuk indung kuring semu beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon.
Haté kuring ngdadak héab.
Simpé sajongjonan.
Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring.
Rénghap kuring karasa heureut.
Gancang kuring kaluar, gidig leumpang gagancangan…
Sajajalan dada karasa beurat.
Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…
lamun enya jodona
lamun enya kuduna moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya cintana
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…
Katémbong tikajauhan Lilis rék balik meuntas sasak.
Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada karasa mingkin heureut.
Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.
“Lilis…”
Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring.
Sakeudeung silih teuteup anteub.
Lilis ngeluk tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung kuring.
Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu asa-asa nyekel leungeun Lilis.
Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Lilis ayeuna.
Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru saung.
Sajajalan nu kadangu ukur sora manuk.
Gék kuring duaan dariuk di saung jiga baheula keur leutik.
Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring.
Lila paheneng- heneng.
Duaan pabetem- betem.
Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong naon.
Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan.
Duh, Lis, geus lila teu tepung.
Angin karasa humaliwir.
Kuring jeung Lilis silih teuteup.
Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.
“Lis, hapunten Akang, “
pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening.
Kuring teh gening teu bisa hirup sorangan…”
ceuk kuring halon.
Lilis neuteup panon kuring.
Duh, bulu panonna mingkin carentik baé.
Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring léah tumarima.
Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng lebah kongkolak panonna.
“Lilis bakal satia salawasna…”
pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik.
Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring.
Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada.
Cipanonna beueus karasa dina dada kuring.
“Horeeee!!!”
kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung.
Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng. Reuwas naker.
Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru saung.
Nyi Mimin, adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah.
Ki Oleh ajarg-ajragan atoh.
Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy Lilis imut ngagelenyu.
“Man, ilaing jadi rék kawin jeung Lilis téh?”
ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling.
Kuring neuteup Lilis sakeudeung.
Lilis imut surti. Kuring unggeuk.
Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui.
Ki Oleh ajrag-ajragan.
Indung kuring ngagabruk Lilis jeung kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah.
Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon.
Teu eureun-eureun syukur ka Gusti.
Duh, gening salila ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…
Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut.
Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!”
ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!”
ceuk ki Momo némpas.
“Ilaing mah Oleh baku sok maén sengsor waé!”
ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan ngadéngé aki-aki silih haok.
Lilis tungkul bari imut manis.
Saung jadi saksina.
Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan éstuning katingalna mani geulis…
-------------
DiTampian
Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay....
-
Asup ka Pajaratan Kasimpé mah, saha baé ogé, moal henteu gogodeg. Kana tangtu kituna téh, da puguh asa aya di dunya anyar, dunya nu teuing ...
-
Ari bulan Puasa mah resep téh ka sorénakeun, ngabuburit. Usum liar nepi ka liar lalay. Ngadon mapay-mapay trotoar atawa laha-loho ka toko....
-
• Surat Sajalantrahna • ﹍ Kénging: Imas Rohilah ﹍ Ayah Fikri di Depok ﹍ Héy, Teu nanaon maké basa Sunda nu jagreug Ogé nya? Teu Kudu mil...