Sabtu, 30 November 2019

Peuting nu teu manggih tungtung

PEUTING téh teuing ku panjang.
Teuing Geus sababaraha liliran.
Geus sagala rupa kaimpikeun.
Duhh…
Peuting bet asa taya tungtungna.
LILIR kagebahkeun angin nu ngarayap mapay-mapay suku.
Nyecep peuting.
Najan teu ditangaraan ku posisi bulan,
peuting ieu karasana karék manjing janari leutik.
Padahal asa geus lila peurem téh,
tapi bray beunta téh masih kénéh disimbutan poék mongkléng.
Mani Asa hayang geura-geura caang.
Lain pédah kaeunteupan klaustrophobia nu hayang téréh nimu caang.
Da teu meredong-meredong teuing.
Masih kénéh katémbong curuk.
Ngan cék rarasaan taya pisan kamajuan geusan meuntasan peuting.
Hayang gancang meunang beurang.
Heuay mah merelek geus teu kaitung deui.
Saban heuay, sok terus ngaguher. Ngimpi deui.
Lilir deui.
Heuay deui.
Guher deui.
Tapi saban ngoréjat masih kénéh dibaturan peuting.
Bener, Peuting téh bet asa teu mangih tungtung….
**
REMEN hayang hudang téh ninggang di wanci Isuk-isuk,
nalika srangéngé medal ti wétan.
Méh ngalaman moyan.
Marengan meletékna panonpoé ti tempat anu sabenerna.
Atuda salila ieu mah bray beunta téh sok manggihan panonpoé aya di kulon.
Jadi siga nu kakara meleték,
tapi ti tempat anu salah.
Lain, lain salah panonpoé.
Nu puguh mah salah mata sorangan beuntana kamalinaan.
Hudangna jam saratus, cek Mang Opin mah.
Sesebutan keur nu kebluk atawa ngajam rék hudang sadaékna.
Matakna, asa bungah basa panon bisa dipeureumkeun ti soré kénéh téh,
soré keur uing mah ukuranana méméh sapat poé 24 jam ceuk itungan almenak panonpoé, atawa syamsi, alias tengah peuting.
Peureum mémang saenyana reup saré.
Tibra da maké ngimpi sagala.
Teu istiméwa ari ngimpina mah, jadi teu kudu dicaritakeun da teu penting.
Kahayang teh Kaalaman sakali mah.
Enya, barang bray mungkas impian téh nyampak panonpoé geus moncorong ti beulah wétan.
Ti tempat asalna meleték unggal poé.
Enya, mulang deui ka bihara-bihari bisa hudang dina waktu anu lumrah.
Komo basa ditéma ku poé kadua jeung poé katilu bisa dalit jeung cahaya panonpoé isuk.
Meuren asa balik deui jadi jelema.
Bisa maca koran isuk-isuk.
Bisa updaté status FACEBOOK isuk-isuk.
Bisa megat tukang jajamu isuk-isuk.
Bisa sasarap bubur hayam Mang Ukon nu cenah matak muncrut tapi deudeuieun.
Pangpangna mah bisa moyan bari ngawawas manéh, nyangigirkeun citéh ngebul, gaganti cikopi nu geus lila ditinggalkeun.
Ayeuna bet teu bisa deui hudang isuk.
Kalah labas nepika jam saratus.
Jadina hudang téh bet asa peuting deui peuting deui.
Enya, nya. Peuting téh asa teu ku manggih tungtung
***
Tungtungna jadi guling gasahan.
Mun nurutkeun napsu mah hayang terus gegerungan. Nyambat beurang.
Nyambat-nyambathayang geura-geura papanggih jeung beurang.
Reup deui.
Lilir deui.
Teu kasiwer ngimpi heula da ngan salenyapan.
Teu waka beunta.
Sakedapan ngajepat, ngararasakeun naha geus beurang atawa masih kénéh peuting.
Tapi, najan bari peureum, karasa yén wanci masih kénéh peuting.
Antukna maksa beunta.
Panon ngarérét kana témbok.
Nyasar néangan jam dingding.
Mapantes lebah- lebahna.
Ku pikiran jeung panon haté mah jol kapanggih waé di mana naplokna jam dinding téh.
Tapi ku panon nu molotot mah luput.
Nu katangen ukur belegbegna peuting.
Sanajan teu meredong-meredong teuing.
Masih kénéh katémbong curuk.
Jarum jam mah angger teu katémbong utek-utekna acan.
Ukur kareungeu sora tik-tekna waé.
Geus beunta terus cengkat. Jung nangtung.
Blak mukakeun jandéla,
néangan sugan manggihan cahaya nu méré tanda-tanda beurang.
Teu nanaon najan ukur balébat sakolébatan.
Tibatan taya kamajuan teuing mah.
Tapi nu kasampak horéng sarua.
Di jero di luar, poék anu éta kénéh.
Nyobaan nyeukeutan pangreungeu Susuganan ngadéngé sora nu tahrim.
Kajeun ukur hawar-hawar ogé.
Mun teu kitu, atuh sora kongkorongok hayam.
Teu nanaon ukur katéwak ngokna gé.
Kahayang mah jol ngong sora adan.
Keun baé najan sorana rébék teu ngeunah kadéngéna gé.
Kabéh lebeng.
Heueuh…
Peuting kawas nu moal manggih tungtung.
****
LENG mikir…..
Aya naon atuh ieu téh?
Naha aya nu salah?
Boa eusi sirah geus robah.
Moal kitu owah mah aing téh…
Huh…!
Heuay deui.
Mereketkeun manéh sangkan teu tuluy saré.
Panon geus rék rapet gé ngahaja dibelél-belél supaya beunta.
Moal.., cék gerentes,
moal rék disarékeun deui.
Sieun hanjakal.
Sieun lilir angger kieu-kieu kénéh.
Tungtungna cindukul.
Ngadon ngajejentul dibaturan meredongna peuting.
Ngaraga meneng nungguan tungtung peuting nu teu embol-embol.
Rék diabenan, kitu gerentes haté.
Piraku moal manggih tungtung.
Geuning saré gé aya lilirna.
Digantian ku hudang.
Peuting gé pasti aya sudana.
Digantian ku beurang.
Hanjakal jauh ka listrik.
Kuhanjakalna deui cempor geus béak minyakna.
Teu mekel lilin deuih.
éstuning hémpak keur nyandingkeun poék nu hideung.
Leng deui.
Mikiran boa peuting mah lain ku panjang- panjang teuing.
Komo jajauheun kana moal aya tungtungnamah.
Sigana pédah pikiran nu mémang sundek lantaran hayang geura-geura muru beurang.
Pipikiran nu geus diiwat ku rasa beurang.
Ku cahaya nu disebut beurang.
Geuning,, Peuting can kénéh manggih waé tungtung.
*****
INGET deui…
saméméh manggih pangalaman kawas ayeuna,
biasana sok sabalikna,
horéam manggih beurang téh.
Sok hayang beurang teu datang.
Peuting wé saterusna.
Enya, siga nu dihaleuangkeun ku Iwan Fals.
Lain haleuang meureun,
tapi gorowok. Kieu Cenah,
” Jangan-jangan, pagi kau datangkan biarkan malam terus berjalan…
Jangan-jangan,mentari kauterbitkan..!”
Tah, nepika kituna.
éta mah romantisme mangsa lawas.
Kabiasaan nu terus kababawa hirup.
Hirup teu béda ti kalong.
Peuting cénghar,
ngulayaban néangan rupaning kahirupan,
lain néangan nu amis-amis sarupaning bubuahan wungkul.
Beurang ngampih, nganjang ka karajaan impian.
Nyobat jeung bulan, nyatru panonpoé.
Siga vampir, ceuk Mas Jaka nu sok maturan nyaring peuting bari nembang Ilir-ilir.
Asa tiis tingtrim dunya peuting.
Isuk-isuk paheula-heula jeung panonpoé, itu bijil urang mubus.
Sieun kapanasan,
mun keuna cahaya panonpoé bakal lééh siga vampir,
ceuk Mas Jaka nu embung ditelahkeun Jack sumawona Joko, sanajan ngomong Sunda logatna tetep medok jeung bebeledugan.
Para pemimpi, ceuk Daéng Madéong.
Nu hirup méakeun peuting mah sarua jeung hidup di alam impian.
“Aku adalah seorang pemimpi” ceuk lalaki pituin Makasar nu leuwih paséhat nyarita maké basa Sunda batan basa indung sorangan.
Siga nu keur mapandékeun diri sorangan.
Tah, éta omongan Madéong jauh saméméh Dhani Ahmad nyiptakeun lagu nu nyebutkeun Bukan rahasia, jika aku adalah seorang pemimpi
Jadi kapikiran deui.. Leres pisan.
Peuting nu datang teu manggih tungtung.
******
NGAJEPAT. ..
. Rarasaanmah ngajepat.
Hayang hudang, tapi teu bisa cengkat.
Hayang cengkat, tapi teu uget-uget acan.
Hayang ngajorowok.
Terus ngagorowok.
Ménta tulung.
Tulung-tulungan.
Tapi taya nu némbalan, da taya sora anu kaluar.
Beuki dipaksa hayang usik, kalah beuki rosa ngabatu.
Beuki dipaksa hayang nyoara, kalah mingkin pageuh ngabisu.
Sanajan awak terus abrug-abrugan.
Haté terus kokosodan.
Ukur rarasaan.
Ngan dina pipikiran.
Nu puguh mah awak terus ngajepat teu usik teu malik.
Rénghap gé asa seuseut.
Sakabéh anggota badan siga nu leungit sénsor.
Paréntah tina otak teu di-réspon ku awak.
Syaraf méré sinyal ka otak supaya nyengkatkeun sirah.
Sénsor otak méré instruksi kana sirah.
Tapi sirah teu méré réspon, angger cicing.
Ceuk syaraf hayang ngagoak.
Kitu kénéh. Taya réspon tina pita sora.
Tetep wé ngabigeu.
Mun di-transfer éta alur instruksi, sinyal, sénsor, jeung réspon kana modél visual, sigana kawas lalajo carita pégo.
Aya gambar, gerak, tapi euweuh sora.
Nu leuwih matak kasiksa, réspon kana ambekan.
Kumaha hayang ngarénghap, tapi tayaréspon.
Sakali.
Dua kali.
Tilu kali.
Nepika béak pisan nafas.
Tapi dina pipikiran mah angger teu bisa ngarénghap.
Nepi ka ngahégak ogé.
Da leungeun jeung suku gé dina pipikiran mah bisa pakupis.
Ngan dina prak-prakanana nu henteu téh.
Lila-lila mah capé ogé maksa kahayang téh.
Antukna cicing.
Nuturkeun kahayang rasa jeung pikiran.
Teu ménta. Tapi nurut. Dituturkeun sakumaha kahayang rasa mah geuning bisa.
Mimiti panon bisa gerak.
Galar-gilir ngarérét ka sisi ka gigir.
Tuluy sirah mimiti bisa obah.
Bisa luak-lieuk. Terus ramo-ramo leungeun.
Terus ramo-ramo suku. Ngarénghap lancar deui.
Sora ogé kaluar deui,
sanajan karék wani ngaharéwos.
Sirah jeung awak gé bisa dicengkatkeun deui ayeuna mah.
Méméh obah leuwih jauh, bari ngararasakeun awak, terus ngajepat deui.
Neuteup lalangit kamar nu bodas.
Ngarérét ku juru panon ka sakuriling.
Geuning loba nu datang.
Katangen nu nungkulan euweuh nu némbongkeun beungeut.
Kabéh tungkul nyumputkeun paneuteup.
Matak asa laluasa basa awak lalaunan cengkat.
Ah, teu sing hésé.
Malah sakitu babarina.
Teu ditanagaan gé awak saolah-olah ngangkat ku sorangan.
Semu ngangkang.
Terus ngambang.
Nu tungkul asa beuki ngareluk.
Teu miroséa awak kuring nu terus ngambang beuki ngaluhuran.
Luhureun pangsaréan.
Lalaunan awak ngambul ka luhur.
Héy, awas!
Asa ngadéngé nu ngajorowok.
Tapi dirérét, taya saurang gé nu cengkat.
Kabéh husu dina tungkul séwang-séwang.
Bet tuluy hayang ngélég.
Ramo-ramo nu tadi hésé digerak- gerak téh gugupay.
Sok téwak! Héy, téwak uing tah!
Teu lucu, eung!
Kadéngé deui aya nu ngagero.
Tapi ukur hiuk angin nubruk kaca jandéla.
Bebel, téh…!
cenah deui.
Kadieu siah, anjrit…!
Beuki tarik.
Tapi taya nu robah.
Sok atuh téwak ari wani mah…!
Cékéng rada ngancunan.
Awak asa beuki ngaluhuran.
Geus rék nepi kana lalangit.
Leungeun-leungeun nu keur tarungkultéh terus ranggah.
Sapasang-sapasang ngacung ka luhur lir nunjuk langit.
Tapi lain nunjuk ka kuring.
Hag, Si Mamah ambek geura!
Héy, turun…!
Terus tingjorowok, tapi asa beuki ngaweuhan.
Siga sora nu keur ngajauhan.
Hayoh ka dieu, balik deui..! ,
Ayeuna mah semu hawar- hawar.
Ka dieu, pleasé.
Ceuk sora leuleuy.
Sora nu dituturkeun paneuteup jeung ramo-ramo ngagupay.
BRAY. Beunta deui.
Lilir deui.
Angger kénéh mongkléng alias poék.
Auk, ah, gelap!
Geus ngimpi deui, gerentes téh.
Mun kieu terus, nya mémang geus kuduna.
Meureun teu kudu mamaksa hayang geura beurang.
Peuting jeung beurang gé sarua meureun.
Ngan pédah aya caang jeung poék.
*******
Kalah aral maksa hayang geura panggih jeung caang gé, ari nu aya poék deui poék deui mah.
Ngan, rék naon lampah lamun peuting terus-terusan taya anggeusna.
Piraku ngan saré jeung ngimpi onaman.
Aya sakotrét sinar dina jero sirah nu nyabit kajadian ieu aya kakaitan jeung datangna lebur kiamat.
Moal rék papanjangan nyaritakeun kolébat pikiran éta.
Moal diinget-inget. Can waktuna!
Sanajan bisa jadi ieu salah sahiji tanda-tanda datangna Kiamat.
Tapi ukur hiji tanda.
Karék cenah éta ogé.
Cenah, salah sahiji tanda datangna poé kiamat téh bakal ngalaman peuting terus- terusan lilana opat puluh poé opat puluh peuting.
Ceuk kuring, teu manjing logika.
Sabab kiamat mah lain logika, tapi kayakinan.
Sabab mun ngudag logika, kiamat geus datang ti béh ditu mula.
Mun maké tanda-tanda tina laku lampah jalma nu tibalik siga lalaki boga kalakuan jeung pamaké nurutan awéwé atawa sabalikna awéwé nu siga lalaki, kapan ti abad ka-19 gé geus aya.
Susah muguhkeun watesanana ogé.
Aya nu nyebutkeun lalaki niron-niron awéwé téh mun buukna panjang, gumeulis maké seuseungitan, jeung maké pakéan kawas awéwé.
Kapan jaman Romawi mah lalaki kalolobaanana gondrong.
Atuh wadya baladna ogé maké seragam nu mangrupa andérok.
Pon kitu deui awéwé nu pupurutulan niron-niron jalu, ti jaman Rénnaissancé gé geus nyampak.
Modél-modél nu biasa jadi obyék lukisan.
Malah kapan Cléopatra gé teu kacaritakeun maké rok panjang atawa longdress jeung kabaya, upamana.
Nu loba percaya kana datangna kiamat dumasar kana logika nyaéta tina pananggalan sélér Maya di Amérika Latin.
Cenah, kiamat bakal datang taun 2012.
Malah dipastikeun poéna ogé meneran tanggal 21 bulan 12 taun 2012.
Anu saterusna digambarkeun dina film jieunan Roland émmérich judulna 2012.
Kiamat nu cenah nurutkeun kana pananggalan jeung tanda- tanda sélérMaya, tapi jolna bet kana carita lalampahan Bahtera Nabi Nuh.
Tapi kiamat lain ayeuna.
Sanajan peuting nepi ka ayeuna can kénéh manggih tungtung.
********
DINA mongkléngna peuting.
Teuing impian nu kasabaraha, kuring kahudangkeun ku hawar-hawarasa ngadéngé sora nu nembang.
Enya, mun ngaregepkeun galindengna mah puguh wanda tembang, lain aweuhan tahrim.
Sidik. Aya guru laguna.
Aya guru wilanganana.
Semu murwakanti.
Pupuh kinanti.
Halon, teu dibedaskeun sorana.
Tapi atra kecap- kecapna.
Malah rénghap tiap ganti padalisan géjéntré pisan.
Beuki lila beuki atra.
Sora tembang beuki ngadeukeutan.
Beuki deukeut beuki tambah jéntré, geuning lain hiji sora nu nembang téh.
Tapi sora rampak nu gumulung jadi hiji sora.
Gerendeng nu ngagalindeng.
Aya cahaya nu ngolébat tina jandéla.
Lain cahaya bulan.
Nu ngolébat beuki nambahan.
Kuring nyérangkeun tina jandéla.
Siga aya cika cika gegeleberan.
Cika cika hiji gegeleberan meuntasan sela- sela daun.
Nyaangan dahan- dahan.
Aya hiji deui cicika.
Nambah deui.
Jadi sababaraha. Jadi loba.
Tapi, salian ti nambah loba, cicika téh jadi ngagedéan.
Cahayana buleud siga lampion.
Ngajajar. Patutur- tutur.
Oyagna bareng.
Majuna bareng.
Horéng cicika téh ngagantung dina tali.
Tali nyangreud kana iteuk panjang.
Iteuk dicekelan ku sapasang leungeun.
Sapasang leungeun nu kaluar tina jubah panjang.
Jubah hideung.
Geuning lain cicika.
Sidik ayeuna mah nu caang téh lantéranu digantungkeun dina iteuk.
Hiji.
Dua.
Tilu….
Tujuh….
Sapuluh.
Leuwih ti sapuluh lantéra.
Tuh, nambahan deui.
Jadi sabelas.
Tujuh belas.
Dua puluh.
Tilu puluh.
Euleuh, puluh-puluh jalma dijubah hideung ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut mawa lantéra bari nembang.
Cepet muru ka wétan.
Rék kamarana kawétankeun?
Ka tempat bijilna srangéngé unggal isuk.
Boa, rék mapag panonpoé kitu?
Néang matabeurang nu teu jol datang.
Husu ngajingjing lantéra, siga keur nyaangan jalan tincakeun.
Tapi siga nu ngahaja mekel cahaya keur nyeungeut panonpoé nu sigana pareum anu matak teu meleték nyaangan alam dunya ogé.
Boa kétah lantéra keur ngogan sangkan balébat datang.
Siga Dayangsumbi nu ngondang balébat ku cara meberkeun boéh rarang di tebéh wétan.
Papada hayang mungkas peuting nu teu manggih tungtung.
*********
ASA ngadéngé sora kongkorongok hayam. Hawar-hawar.
Lain kadéngé ngokna wungkul.
Jelas jeung kongkorona ogé.
Kongkorongok, cenah.
Kongkorongok pondok.
Henteu melung.
Tapi keukeuh kongkorongok.
Mun geus kongkorongok hayam mah pasti téréh beurang.
Biasana, mun geus aya sakali kongkorongok sok ditéma kadua kali.
Terus sok ditémbalan ku kongkorok séjén.
Terus silih témbal.
Patémbal-témbal.
Jadi raong kongkorongok, biasana.
Tapi sora kongkorongok téh anggér hiji kénéh.
Nu éta kénéh.
Sorana kitu-kitu kénéh.
Pasti hayamna gé éta- éta kénéh.
Lain kitu éta mah kongkorongok hayam nu ceuk kolot kila-kila aya nu reuneuh jadah?
Aya nu hamil teu boga salaki.
Ngakandung anak taya bapaan.
Piring pisin diragaji, colénak dikalapaan téa, meureun.
Mungkin waé sora kongkorongok hayam katipu.
Disangka balébat, padahal hayam lulungu ningali aleutan jalma nu mawa lantéra.
Euh, boa enya éta mah hayam nu sérabku cahaya lantéra.
Hayam nu ngadago-dago datang balébat, tapi teu embol-embol. Ari torojol aleutan lantéra nu caangna ngembat siga gurat balébat. Atuh, derwé kongkorongok.
Halah, hayam teu gableg cedo.
Tapi angger masih kénéh peuting nu teu manggih tungtung.
**********
MUN Dayang sumbi bisa nipu wanci, naha urang gé bisa? Sang Dayang nyambat balébat nu can waktuna datang.
Mun balébat jeung kongkorongok hayam cukup jadi wates antara peuting jeung beurang, meureun ayeuna gé balébat bisa diogan sangkan datang megatkeun lampah peuting nu teu daék lekasan.
Kapan cukup ku mébérkeun boéh rarang, gawé sapeuting jeput Sang Kuriang tumpur.
Balébat datang.
Talaga teu anggeus.
Parahu dibalangkeun sina nangkub.
Mun kitu, peuting nu panjang téh bisa dirékayasa sangkan tamat.
The énd.
Baganti jeung beurang.
Peuting ganti ku beurang.
Poék kasilih ku caang.
Geus poék tuluy caang.
Habis gelap terbitlah terang!
Cik, lamun ayeuna aya boéh rarang dibébérkeun di beulah wétan, naha kira-kirana balébat bakal datang?
Kumaha lamun ku cahaya nu leuwih rongkah?
Ku boéh rarang wae bisa, komo mun kunu leuwih ti kitu.
Ku nu leuwih bodas ti boéh rarang.
Bisa ku kembang api atawa merecon.
Bisa ku sinar laser.
Cahaya halogén. Nuklir. Sinar gamma!
Sugan bisa nganggeuskeun peuting nepika manggih tungtung.

Nyawa peuting

jempling….
simpe….
ngan ukur dibaturan ku angin peuting
Cicing…
ngahuleng….
pikiran ngalayang ka mangsa katukang
geus loba teuing waktu anu kapiceun
teu karasa ……
geuningan waktu teh geus wanci subuh
genep jam nyawang lamunan
kajayaan mangsa katukang
ngajerit…..
peurih…..
hate asa digeurihan ku hinis
lamun seug bisa balik ka waktu katukang
emmmmhh,..ayeuna sagalana geus robah
ayeuna geus lian
babaturan oge geus kamarana…
anjeun oge geus kumaha…..
rumasa…..
kuring loba kasalahan
waktu harita…
loba waktu anu geus disia-siakeun
malah sakapeung sok putus asa
putus pangharepan
kamana urang kudu ngalengkah
kudu kasaha jeung kudu kumaha
baheula……
rumasa…….
tuggul di larung catang dirumpak
hirup teh lamokot ku dosa
ayeuna tinggal bisa ngalamun
ayeuna tinggal bisa nyawang
ayeuna tinggal bisa hanjakal
ayeuna tinggal bisa ngaharep
ngaharep…..
ngaharep…..jeung ngaharep
sugan bisa ngarobah kalakuan
sugan aya keneh nu rido daek maturan.
tunduh euy…sapeupeuting teu bisa sare!!
[Cibitung Oktober 22, 2003, Toni Sofian]

Jumat, 29 November 2019

nyiar duit

Zaman kiwari mah néangan duit téh hésé kacida.
Komo deui ayeuna mah harga-harga kabutuhan sapopoé gé geus mahal tur mahiwal.
Putat-pétot aprak-aprakan sapoé jeput nyiar napkah,
hasilna mah sakali béak sapoé gé.
Kabeh jalma geus lieur ku duit.
Lieur ngalana, bingung pareng rek dibalanjakeunna, basa kerenna mah dilema.
Kateuing ari jalma beunghar jiga artis atawa pajabat nu loba duit mah, meureun ngaluarkeun duit teh asa ngaluarkeun hitut.
Isuk-isuk keneh kuring rek mangkat ka Cileunyi,
dititah ku babaturan kuli ngarombak imah Haji Junedi.
Karasa hoream uncag-incig teh dalah ongkos angkot ge ayeuna mah pikasieuneun.
Tisaprak harga BBM naek,
ongkos angkot milu naek.
Kahayang mah leumpang, tapi era ku tukang batagor.
Kapaksa we nyokel celengan si Teteh.
Mun pareng nempo kuring nyokelan celengan teh, pamajikan mah sok gogodeg bari nyeungseurikeun.
Geus jarang ayeuna mah nu numpak angkot teh.
Lolobanamah ngabelaan pasedek-sedek naek beus DAMRI,
cenah ongkosna kaitung murah.
Nyaan pisan ongkos DAMRI leuwih murah pisan batan angkot.
Ti Tanjungsari ka Kebon Kalapa ge ukur mayar 4000.
Mun angkot mah 4000 teh ukur nepi ka Cileunyi.
Loba jalma nu rek ka Jatinangor atawa ka Cileunyi, malahan milih naek DAMRI, mayar sarebu ge ditarima cenah.
Tapi poe ieu kuring milih naek angkot.
Sirah keur jangar kieu mah teu sudi teuing pasedek-sedek nangtung dina DAMRI,
kuring mah sok kapiuhan.
“Tiiseun kieu Kang, angkot teh?”
cekeng teh ka supir
“Ah, kieu we upami enjing-enjing dugi ka siang mah, Kang, tiiseun. Leuheung siang mah aya bubaran barudak sakola, janten teu ngahelas teuing.”
“Tuh, tingali Kang, DAMRI mah marema nya.”
“Muhun, beus badag nurustunjung, ngarebut panumpang.
Rek ka Cileunyi nu deukeut ge diangkut si bangkawarah teh.”
Ceuk supir bari nyiduh kaluar.
Kuring ukur seuri ngadanguna.
Singhoreng ayeuna mah DAMRI jeung angkot teh keur mumusuhan.
Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu bolokot heula jeung kesang, malahan geutih.
Sirah jadi hulu, hulu jadi sirah.
Najan hasil nu katarima teu sapira, tapi hatur lumayan keur kabutuhan sapopoe mah.
Kitu we, basana mah gali lobang tutup lobang.
Tapi kuring mah bagja boga pamajikan daek sabar diajak sangsara ge.
Atuh nahas mun urang boga pamajikan teu sabaran, sing pareng dibere beunghar ge, bakal riweuh jauh ti kabagjaan.
Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu daek papanasan kawas kieu.
Tapi teu karasa gawe di imah Haji Junedi teh geus tereh beres deui.
Atuh da digeder ti isuk, komo dibantuan ku nu lian mah, pagawean teh gancang beres.
Haji Junedi atoh nempo hasil gawe kuring jeung nu sejenna.
Karasa, jalma beunghar kawas Haji Junedi mah teu koret ka jalma kuli jiga kuring teh.
Manehna nyuguhan, ngajak dahar bareng, tuluy teu asa-asa mere buruh.
Kuring moal cangcaya, manehna pasti abus surga.
Ti kajauhan kadangu sora adan asar.
Kuring geuwat milu mandi di imah Haji Junedi.
Awak karasa genah dipake solat ge. Nuhun, Gusti…
—oOo—
Najan geus asup sore, tapi hawa masih keneh karasa bayeungyang.
Angkot ka sorenakeun mah katempo marema, komo deui beus DAMRI nepika dengdek-dengdek wae bakating ku pinuh.
Sore mah geus loba nu mulang gawe.
Di jero angkot, awak karasa mingkin hareudang, lantaran panumpang ngabelaan nangkel di lawang panto ngahalangan angin.
Di jero bujur geus silih geol, karasa panas.
Najan kasiksa ku hareudang, tapi teu ambek da kuring di jero ngabaur jeung panumpang awewe, teu jangar teuing.
Sok atoh mun aya nu turun, bujur bisa usik lega.
Komo ayeuna mah nu narangkel teh geus tarurun palebah Cikuda ge.
Hiji dua panumpang mulai turun.
Di pengkolan Ciromed, turun pamuda jabrig.
Sor ngasongkeun duit, teuing sabaraha.
“Timana, Jang?”
“Ti Jatinangor.”
“Kurang lima ratus.”
“Ah, biasana ge mayar sakitu.”
“Beda ayeuna mah, bengsinna ge geus mahal.”
“Sayah mah mahasiswa, mayarna murah!”
“Rek mahasiswa, rek presiden ge mayar mah sarua!”
“Na ari maneh sok maksa!”
ceuk si pamuda bari nakol kaca spion mobil.
“Gelo siah, mahasiwa sangsara! Kalahka rek ngarusak mobil. Gelut siah jeung aing!”
“Sok kadieu turun wani mah, pehul!”
Supir turun, si mahasiswa kekerot.
Silih haok, silih suntrung.
Antukna mah silih cabok, buk-bek silih teunggeul di sisi jalan.
Kabeh panumpang awewe di jero angkot jejeritan.
Awewe mah sok riweuh, nonton gelut jeung nonton mengbal teh sarua wae, jejeritan teu puguh.
Nyaan awewe mah, jiga nu gelut teh kabogohna wae.
Nempo dua jalma masih buk-bek gelut teh, kuring geuwat turun, niat rek misah.
Orokaya nu gelut geus teu bisa dipisah.
Crot geutih kaluar tina irung supir.
Cer irung si mahasiwa ge sarua ngucur geutih.
Pokona mah cur-cor pikasieuneun.
Untung pisan ti kajauhan katempo loba jalma lalumpatan milu rek misah.
Nu duaan teh pada nyarekelan, pada misah.
“Sok wani mah siah tuluykeun, sirah bihun!”
“Sok siah gelo, haram jadol Beuteung kardus!”
Duh, Gusti, pira oge duit lima ratus, nepika pasea kitu…
—oOo—
Imah kontrakkan kuring karasa tiiseun.
Kuring keketeyepan abus ka jero.
Lalaunan kuring ngelol ka kamar pamajikan.
Katempo manehna keur anteng maca majalah.
Kuring ngadehem, tuluy nanya.
“Nuju naon, Teh?”
nu ditanya teu ngalieuk.
Kuring ngadehem deui, tapi pamajikan jiga nu embung ngalieuk.
Teu sasarina kitu.
Lalaunan kuring nyampeurkeun manehna.
Katempo manehna baeud.
Kuring hemeng nempona.
“Teteh kunaon baeud?”
cekeng teh semu ngaheureuyan.
Nu ditanya kalahka malik nonggongan.
“Raray Teteh janten awon pami nuju baeud mah nya…”
kuring ngaheureuyan deui.
Nu diheureuyan kalahka malik molotot. Duh, Gusti, panonna meni endah.
“Aa tadi nyandak artos sabaraha tina cengclengan?”
pamajikan nanya semu ambek.
“Salapan rebu, naon kitu?”
“Tadi Teteh uih ti bumi Bi Nuni, naek ojeg kirang artosna, kirang sarebu, jadi isin. Sugan teh ongkos teu acan naek. Bade nyokel cengclengan artosna tos ku Aa seep.”
Ceuk pamajikan bari baeud.
Kuring teu kuat nahan seuri ngadanguna.
“Ih, Teteh, da artos mah teu dicandak sadayana. Aya disesakeun.”
“Disesakeun naon, dina cengclengan mung aya 200 perak.”
Tembal pamajikan bari malik nonggongan.
Kuring seuri ngabarakatak.
“Oh, saminggu nyengclengan geuning ngan aya salapan rebu dua ratus! Sugan teh sajuta nya, Teh.”
Ceuk kuring bari seuri akey-akeyan.
Pamajikan katempona baeud keneh, bari ngegelan biwirna nu semu beureum.
“Nya atos atuh, iraha-iraha dilebetan deui ku Aa…”
cekeng teh. Kuring ngahaja heheotan, pamajikan beuki kesel ka kuring.
“Duh, hanjakal Teteh nuju baeud, nuju bendu, tadina mah bade diajak ngabaso di Mang Endun.”
Ceuk kuring bari api-api rek ngaleos.
Kareret pamajikan malik curinghak, tuluy nyampeurkeun kuring.
“Aa tadi janten damel di bumi Pa Haji? Langsung dipasihan artos? Sabaraha?”
pamajikan merekpek nanya. Kuring teu ngajawab, kalahka ngahaja heheotan.
“Aa bade langsung ka Mang Endun, atanapi bade bobo heula?”
pamajikan nanya bari semu ngagoda.
Leungeunna nangkeup cangkeng.
“Bade bobo heula ah…”
cekeng teh.
“Hayu atuh!”
Kuring jeung pamajikan muru kasur, goledag bareng gogoleran.
Tuluy kuring sare nonggongan pamajikan, api-api kerek.
“Geuning Aa mah kalahka bade bobo kitu.”
“Ih, tadi kan Teteh ngajak bobo heula…”
“Sanes bobo kitu atuh…”
“Har, bobo kumaha deui atuh?”
Nu ditanya kalahka imut eraeun.
Tuluy pamajikan nangkeup bari ngome kancing baju kuring, semu nu ogo.
“Tapi artosna mung saalit, Teh…”
“Wios…”
tembal pamajikan ogo bari imut ngagelenyu.
Ah, najan ukur hasil duit saeutik, tapi karasa bagja mun pamajikan beunghar ku imut, bageur, sabar, ogo…
Karasa bagja, Gusti…
Sumedang, Juli 2008

Ngusep

Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan.
Alak ilik, néangan tempat nu merenah keur nguseup.
Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh.
Deukeut rungkun sadagori eureun,
didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot teuing.
Siga leuwi.
Tuluy bebenah.
Tali kenur nu rada kusut dibébérés,
dipasangkeun kana jeujeur weregu.
Useup dieupanan ku cacing kalung.
Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng.
Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan.
Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan.
Langit lénglang.
Angin ngahiliwir.
Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong,
diusapan ku angin ngahiliwir,
genah karasana.
Poé ieu rék nguseup,
rék mopohokeun karudet sapopoé.
Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur,
mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul.
Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag,
sakapeung panon lalajo runtah nu palid,
sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin.
Pikiran museur hayang meunang lauk gedé.
Ngalelentuk nyekel jeujeur,
karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut,
didempét ku keuneung,
bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut.
Muka kantong nu disoléndangkeun.
Ngaluarkeun bebekelan,
kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik.
Lemper dua siki jeung leupeut dua siki.
Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit.
Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut.
Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.
Séak jeujeur aya nu metot.
Ngajol. Méh-méhan teu karawél.
Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun,
tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan.
Tah didieu ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk,
mun teu tapis ngulur jeung narik,
lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.
Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek,
meunang bibit yeuh.
Lauk béak tanaga,
nyanghap kaluhur,
biwirna katiir ruruhit useup.
Lauk engap-engapan ngahégak capé.
Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai.
Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun,
kitu gerentes kang Sabri.
Kang Sabri muru ka sisi walungan,
nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna,
dipulut ku leungeun.
Lauk ngambang engap-engapan.
Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg,
cai muncrat kana beungeut kang Sabri.
Bis baé leupas.
Lauk ngoléab deui.
Kek ditéwak, beunang.
Dibawa ka darat.
Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.
Kang Sabri neuteup lauk,
lauk neuteup kang Sabri.
Biwir lauk engap-engapan.
Kang Sabri ngahuleng,
engapna lauk siga nu ngajak ngomong.
Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja bekelna,
tuluy di kana caikeun..
Lauk buncir hayang leupas,
koja dicangreudkeun kana sadagori.
Lauk buncir ngagudibeg,
koja jadi panjara.
Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi,
dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah,
panon manco ka tungtung kenur,
kana jeujeur weregu.
Lauk dina koja ngagudibeg,
kang Sabri ngarérét.
Enya buncir lauk téh,
keur endogan, téréh megar.
Mun ieu lauk diala, digoréng, dicobék make sambel jahé atawa dipésmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih.
Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok céngék, seuhah, ni’mat kabina-bina.
Tapi saha nu rék masakna?,
di imah ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan.
Sabenerna gampil nu masak mah,
tinggal dibikeun ka ceu Enyi,
nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana.
Moal burung diasakan sapaménta.
Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng méré nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.
Kang Sabri, lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagawé nagri.
Mun pasosoré ka kamar kontrakanana,
rajeun sok datang anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana.
Wekel budak téh, teu risi tatanya, pinter budak téh da teu weléh réngking di sakolana.
Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur.
Keur kang Sabri mah resep wé ngajar ka barudak téh,
da éta mah geus tugasna, prédikat guru téh teu leupas najan teu keur di sakola, dimana baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.
Ayeuna gé nguseup téh pédah wé keur poé peré,
rék balik ka lemburna rada hororéam ma’lum ahir bulan, boga bekel téh ukur cukup keur dahar.
Lauk kokoléaban dina koja, enya gedé lauk téh,
mun dijual bakal payu meureun dua puluh rébu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poéeun.
Lauk diteuteup,
buncir pisan.
Endogna pasti loba,
mun megar pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.
Lauk engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna,
kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur,
kana kenur nu keur manteng.
Mun lauk digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur ni’mat saharita.
Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan,
lauk nu galedé bakal nambahan di ieu walungan.
Kang Sabri inget ari keur méré pelajaran lingkungan hidup ka barudak.
Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make sétrum.
Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak.
Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna.
Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna.
Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.
Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori,
Kang Sabri ngadeukeutan kana koja,
pikiranana sabil leupaskeun atawa entong.
Mun digoréng garing dicocolkeun kana sambel jahé, bakal ni’mat didaharna,
mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana.
Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun.
Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun,
mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung.
Kang Sabri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru.
Kang Sabri ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru.
Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet,
orok diadanan,
orok dimandian,
orok dibagéakeun.
Indung jadi papayung,
indung tempat panyalindungan,
kanyaah indung moal laas ku jaman.
Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan “Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manéh nepi ka gedé.
Bulan hareup uing rék nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manéh téh kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh kudu nyantok deui eupan kami”
kang Sabri nyebut leungli téh pédah inget kana dongéng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.
Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana,
teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?”.
Ari dilieuk sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sabri ngajar.
“Eu..sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan”.
“Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?.
Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun”.
Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut
bari sibanyo terus mérésan koja.
Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.
“Muhun mang, engké upami kénging deui”
ukur kitu omong kang Sabri.
“Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup téh.
Éta emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina télévisi, geuning upami tos kénging téh laukna sok teras dileupaskeun deui”
“Bénten paniatan kumaha mang?”
“Ari emang mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup téh kanggo barangdahar barudak,
selang-selang tina ngabeca.
Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik nya sok digoréng wé kanggo réncang sangu.
Ari niat jang guru mah panginten nguseup téh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanés udagan.
Suka bungah téh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang dahar, balakécrakan dahar lauk”.
Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.
Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut.
Kang Sabri amitan mulang tiheula.
Sabulan ti harita dina mangsa poé peré, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan,
tempatna urut nguseup bulan kamari.
Jeujeur weregu di lelempeng,
tali kenur dibébérés,
ruruhit useup make eupan cacing kalung.
Niat nguseupna hayang meunang lauk gedé,
mun meunang, laukna rék dibikeun ka mang Kanta.
Useup dialungkeun kana cai nu liuh,
nu caina semu muih lalaunan.
Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.
Cék sawaréh nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh.
Cék sawaréh nguseup téh neundeun harepan,
apan rijki mah tara pahiri-hiri.
Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak mang Kanta balakécrakan.
Méh tengah poé, jedud useupna aya nu nyantok,
gulusur kenur kadudut,
jeujeur geuwat dikenyang ngagentak.
Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyéng-benyéng kenur.
Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur.
Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu.
Laleutik kénéh sagedé-gedé cinggir budak.
Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.
Subhanalloh cék kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan,
diangkat ku dua dampal leungeun.
Lauk cicing, lauk ukur engap-engapan.
“Ieu téh manéh leungli?”
kang Sabri ngomong semu ngaharewos.
Lauk ngagibeg lalaunan.
Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.
Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui,
kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.
Lauk badag diusapan,
lauk badag dirawu di ka caikeun deui.
“Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji.
Jung geura aping anak manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu walungan”
kang Sabri ngaharéwos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo.
Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng,
ngagedebeg rosa,
cai muncrat kana beungeut kang Sabri.
Kang Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan.
Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik kénéh.
Kang Sabri bébérés,
kenur digolongan,
eupan diawurkeun ka walungan.
Kang Sabri ngagedig ngingkig balik.

dongeng angin jalan jalan

Lantaran cape gawe ,hiji mangsa Angin leutik ngajak jalan-jalan ka sasama papada angin.
Nu ngilu teh,
Angin Puyuh,
Angin Gede,
Angin Panyakit.
Lebah Angin Topan hayang ngiluan,
kapaksa baradami.
Lantaran Angin Topan mah gede ambek,mun nyarita teh saucap- ucapna
sok matak picilakaeun umat manusa.
“Kumaha atuh da maksa, Angin Topan hayangeun milu” cek Angin Gede.
Manehna mah teu kawasa nolak ongkoh kapi uwa ka Angin Topan teh.
Najan enya ge Angin Gede sok rada gede ambek,teu sabaraha picilakaeun ka umat manusa,mun dibandingkeun jeung Angin Topan mah.
Sanggeus lila ngaharuleng,satuju weh,Angin Topan dibawa tapi make sarat,tur teu kaci dirempak.
“Heg Wa Opan ngilu,tapi teu meunang nyarita sabot jalan-jalan,nya”
cek angin leutik.
Angin leutik mah boga sipat nyaahan,tara ngabeda-beda ka sasaha ge,jeung elehan mun nenjo nu purungas porongos teh.
Mani beregegeh Angin Topan teh basa dek diajakan jalan-jalan najan manehna ge teu nguntup kana eta pasaratan,gancang we diheueuhkeun,da hayang milu tea jalan-jalan.
“urang mimiti ti dayeuh gede geura jalan-jalan teh,reseeep loba tetenjoan anu matak pikabungaheun”,
cek Angin Leutik.
“Pek kuma ilaing we,asal milu weh”
cek Angin Panyakit.
Bring angin jalu limaan ngabring mapay-mapay kota nu keur meujeuhna pagegelek, ma`lum ti beurang, jelema teh keur sagawena- sagawena.
Lebah hiji kantor gede, nu sababaraha tingkat, katenjo aya jelema keur nyarande kana pangdiukan korsi.
Beuteungna mutiktrik bangun tas seubeuheun dahar.
“ari eta mahluk naon?”
cek Angin Puyuh.
“jelema,ngaranna Pangusaha,”
tembal Angin Leutik.
“Naon pangusaha teh?”
“Rupa-rupa pangusaha teh,nu ieu mah pangusaha gede,disarebutna Cukong”.
“Kade lain incu bangkong,enya ge budayut”.
” Jelema kieu tara nyaho kasusah,da duitna merul wae”,
Handapeun gedong nu sigrong teh ngabarak tukang dagang,rupa-rupa aya nu dagang bubuahan,
nu dagang papakean barudak,nepi ka katenjo ti luhur mah warna warni pisan.
“Tah eta ge pangusaha,ngan pangusaha leutik.”
” Hirupna koreh- koreh cok.
Sakapeung ari payu,untungna mucekil,ari teu payu mah nya ngegel curuk we”
“Jelema ta ge, nya”
cek Angin Puyuh.
“Enya jelema.”
Lar aya mojang geulis duaan leumpang, Angin Panyakit mani bangun kaget.
Tuluy limaannana nyorobot hayangeun sidik.
“Geulis, nya”,
cek Angin Gede.
“awakna alus”
cek Angin Leutik.
Bangun panasaran,kelepuh mojang duaan teh ditiup alon,atuh mani pakepuk,da baju erokna ngapung ka luhur,jaba kekebul ngabrul muih,rabeng jeung runtah-runtah harampang. “Kayas..,”
cek Angin Panyakit.
“Bulao ngora nu hiji deui mah”,
key saleuseurian
ORokaya Wa Opan, geus rek engab pisan seuri geuwat dipeungpeukan ku suanna
Angin Gede, bisi kumaonam.
Eureun sareurina basa maranehna geus tepi ka hiji pilemburan.
Di lebah dinya aya tangkal gede,
daunna mani gomplok.
Di handapeunnana loba nu keur ngalunjar,ngareureuhkeun cape.
Lolobana mah kuli-kuli dibaraju hideung.
Dudukuy jeung tanggungannana ditarunda di gigireunnana.
“Deudeuh teuing hareudangeun meureun”,
cek Angin Leutik.
Manehna ngawahan, terus alon pisan ditiup nu keur ngariuhan teh.
Katenjo aya nu terus ngadayagdag sagala.
“Nuhun Gusti
,mani raos kieu angin”
cek salasaurang.
“Eta ge sarua jelema,nya?”
cek Angin Puyuh. “Sarua,nu sawareh kuli ari, gawena buburuh macul,ngored beberesih kebon,dibayarna unggal poe”.
Nu jalan-jalan kalah bangun parogoteun,
terus mapay jalan,nenjoan sagala,nu nyampak di dunya.
Biasana ge maranehna saba jalan,ngan tara salse kawas ayeuna.
Biasana mah da tugas ti Nu Kawasa,jadi henteu kaburu barang ilik.
Di hiji imah gedong,
Angin leutik ngajak eureun,lantaran nenjo aya lalaki geus saged,bangun rek indit ka tempat pasamoan.
Limaan ronghok tina jandela,olohok nenjo imah sakitu agrengna.
Jol aya jajaka umur dalapan welasan taun,nyampeurkeun.
“Pap, mobil teh nu itu mah tos awon, sok brengsek sering mogok,”
pokna. “wayahna heula,ke minggu payun meser deui”
tembalna anca bari ngadaharan anggur tina wadah Kristal hareupeunnana.
“Mercy we , Pap”
“Heug”.
“Boy, Boy dasar si Kasep,mobil ge hayang nu sae”,
cek indungna bari imut ngagelenyu bangun kayungyun.
Lebah dieu mah nu kekecrek teh ngan Angin Leutik wungkul,nu sejen mah ukur olohok.
“Cik Mam tutup jandela teh,ongkoh tengah poe tapi mani tiris kieu”
, Basa jandela ditutup nu ronghok undur sakeudeung,
saterusna mah lalajona tukangeun jandela we.
“Naha make kekecrek, Leutik”?
cek Angin Panyakit.
“Atuda ganti mobilna mindeng pisan ganti”
Naon mobil teh?”
cek Puyuh
“Eta nu maraju di jalan”
“Eueueueuh”
cenah rampak.Wa Opan ukur unggeuk-unggeukan.
Cek Kipas Angin ngabejaan ka kuring,ieu jelema teh ngaranna Koruptor
,jelema keneh,ngan loba ngadahar rejeki nu lain hakna,Hirupna kacida mewahna,sosoranganan we,
Nu opatanana unggeuk- unggeukan,
basa meunang katerangan ti Angin Leutik teh!
Kakara kahartieun salang surupna rupa-rupa manusa jeung pangkatna jeung kahirupanana.
Basa Jelema Jegud tea kaluar,
nu limaan terus nuturkeun,sup kana mobil herang alus,biur wae mangprung. Horeng inditna teh jauh pisan,ka pasisian.
Ngaliwatan puluhan pengkolan,rebuan tangkal nu rajeg di sisi jalan.
Tepi ka hiji pilemburan anu geus di rarangkenan.
Saparat jalan tingkelebet umbul umbul warna- waeni,ngabageakeun nu sumping.
Satepina di hiji tempat, pada ngagondeng,pada ngabageakeun,malah diperenahkeunana ge dina korsi pangalusna di luhur panggung nu geus disadiakeun ti tadina.
Horeng manehna teh rek ngaluuhan pesta tepung taun hiji desa,anu cenah mah desa panghadena,dina sagala widang pangwangunan, Manusa mungguh noyek geus rupa-rupa kaayaanana.
Nu wedakna luntur,nu buukna geus kusut,nu bajuna geus kotor,nu sampingna geus morosot.
Papadaning kitu basa jelema jegud tea unggah kana puade,sarerea hempak saregep.
Der wae si jegud teh nyarita,
ger nu keprok. Nu limaan ngawaskeun ti jauhna.
Enyaan sumangetna teh,mani aok-aokan nyarita,komo lamun pareng dikeprokan mah,beuki motah gayana teh.
“Urang kudu diajar narimakeun kana kadar, naon anu dipasihkeun ku Gusti ku urang kudu ditarima.
Teu kudu tuluy tipoporose numpuk-numpuk dunya, nepi ka tega ngadahar anu lain hak urang.”
Barakatak teh Angin Gede seuri,sarerea reuwas.
Angin Leutik ngahuit, da balandongan rada inggeung.
“Bisa keneh nyarita kitu,nya,sakitu sapopoena manehna ngalakukeun pagawean saperti anu dicaritakeun bieu.”
“Keun bae, da ngaranna ge manusa
Nu lalajo seah,nenjo balandongan rada inggeung teh. Sawareh aya nu purat- perot balik. Tapi basa kaayaan reuhreuy deui jelema bangun aranteng deui ngadengekeun nu nyarita.
“Kudu dipiara kasehatan teh,eta perluna pamarentah ngayakeun PusKesMas teh,urang kudu percaya ka Dokter”
Dokter anu bisa ngubaran rupa-rupa panyakit”
kawas Bapa,tuh sehat we da ka Dokter wae”
Angin panyakit bangun nyeuneu ngadenge kecap Si Jegud. Manehna terus niup Si Jegud lebah embun- embunanana, atuh ujug-ujug jekes wae beresin. Pidatona eureun.
Jelema- jelema nu deukeut aya nu purat-perot mawa cai herang.
Rek dibikeun pisan,kepoh ditiup ku angin puyuh jeung panyakit,anu bangun kareuheuleun ka Si Jegud teh.
“Dokter-dokter lah, Gusti Alloh nu nyageurkeun mah,sok yeuh lawan angin panyakit jeung angin puyuh”.
Kaayaan beuki teu puguh,sagala paburisat,sabangsa nu harampang mah ngarapung basa dikepoh ku angin puyuh.
Jas Si Jegud ge ngapung kaluhur,breh beuteungna nu bureuteu katara,manehna teu bisaeun lumpat,taya nu bisa nulungan deuih da dikepohan terus ku angin puyuh.
Barakatak teh Wa Opan teu beunang ditahan,hayangeun seuri,atuh sagalana ge teu katulungan.
Boro- boro panggung,imah-imah sakurilingeun eta mah rempag kabeh ge.
Jelema-jelema tingkoceak,tingjarerit,nu katinggang papan,katinggang beusi,katinggang tangkal. “Wa Opan,bekem”
“bekem”
cek Angin Leutik. Nu sejen kakara ngarasa reuwas, geuwat Angin Topan dibekem kakara eureun seurina.
Tapi hanjakal kampung teh geus ruksak imah-imah rugrug,nu Jegud ngajurahroh,geus taya nu bisa nulungan, da sarerea nyalametkeun diri.
Geuwat Angin Leutik ngajakan balik ka sarerea.
Ti kajauhan maranehna nenjo kaayaan nu sakitu matak pikawatireun.
“Heureuy teh kamalinaan, silaing mah”,
cek Angin Leutik.
Sarerea ngaheruk.
“Deudeuh urang lembur,nu sarakahna saurang,sarerea kabawa sial”,
ceuk Puyuh.

Kakara angin hareureuy,komo lamun guludug ucing-ucingan atawa gelap udag-udagan,tada teuing ruksakna dunya.
Mangle No. 814.

Kamis, 28 November 2019

Nini moro langlayangan

“Geus seubeuh maneh Sujang..?
” ceuk Nini Jumsih, bari ngareret ka incuna nu keur andekak dahar di tengah imah.
“Bisi can seubeuh kop tah beakeun alas Nini..”
bari mikeun piring sangu nu meh metung keneh, jeung aya kere belut deungeuna.
“Entong Nini,
…sok we seepkeun ku Nini…”
ceuk Kang Sabri pangnembalankeun anakna ka Nini Jumsih.”…..
Keun we keur si Sujang mah da aya keneh dina tetenong..”
Nini Jumsih keukeuh mikeun alasna keur si Sujang, incuna.
Si Sujang teh anak bungsu Kang Sabri nu umurna kakara opat taun leuwih opat bulan, keur meujeuhna segut kana barangdahar.
“Keun bae Sabri da ema mah rido…” ceuk Nini Jumsih”….Kilang bara barangbere nu lain teu bisa atuh alas dahar mah kop teh teuing,….jeung ongkoh ema mah geus seubeuh barangdahar sagala rupa oge, ari si Sujang kapan budak keneh jeung sakitu rewogna sagala dihuapkeun…”
Kang Sabri teu lemek teu carek, da enya kitu pisan, si Sujang teh kacida gembulna, sagala didahar, ngan pok bae ngomong “….
Tong sok diogo teuing atuh Ema si Sujang teh….”.
“Ngogo nanahaon…da Ema mah teu boga keur ngogona oge…!”
Kang Sabri ayeuna ngabetem pisan, heueuh da Kang Sabri teh lain teu hayang mere maweh ka budak,
atawa ka Emana, kudu dikumahakeun atuh pangala batan sakieu,
sapopoe ngan saukur jadi tukang ojeg di pilemburan, tara unggal waktu meunang muatan,
enya ari poe saptu mah sok rada marema pedah eta loba pagawe pabrik nu baralik,
tapi ari di ukur keur hirup sapopoe mah hih angger we saukur mahi keur dahar,
padahal jumlah kulawarga teh aya limaan, anakna dua katambah ku emana nu geus nunggul pinang da bapana mah geus mulang miheulaan.
Usaha jaman ayeuna kana sagala rupa oge hese, komo deui kaayaan di pilemburan,
keur mah ongkoh haharegaan undak unggal mangsa,
lamun rek dipake aral subaha mah matak aral, eta ge osok ganti pacabakan,
kalan kalan osok buburuh macul,
tapi da teu unggal waktu,
aya usumna, nu geus jadi cecekelan sapopoe nya jadi tukang ojeg,
boga motor soteh ladang tina ngajual tanah sacangkewok,
da ngandelkeun tina ladang tatanen tina eta tanah mah mah lain kalahka untung tapi kalahka buntung,
jeung ongkoh tanah titinggal bapana teh ku batur mah sok disebut tanah gabug,
dipelakan itu ieu teh hih tetep we hasilna motetet.
Sabenerna mah lebar ngajual tanah teh,
dina hatena mah teu mikeun,
komo ieu kasebutna tanah warisan, nu kuduna mah dipusti pusti, Kang sabri ge lain teu ngarti,
ngan nya kitu da hirup mah kudu jeung huripna, da niat ngajual tanah teh lain rek dipake monyah monyah, estu keur usaha ngabayuan nu jadi anak pamajikan,
Alhamdulillah dina derna jadi tukang ojeg aya hasilna sok sanajan ngan ukur cukup keur dahar,
atuh motor awet da makena apik.
Pasosore bada asar,
langit lenglang beresih, euweuh riuk riuk ceudeum maleukmeuk, angin ngagelebug,
ti kulon ka wetankeun, Nini Jumsih ngageroan si Sujang “..Sujang geura mandi kaituh urang ulin ka sawah lega, urang lalajo langlayangan..”
Si Sujang uulutudan keneh, tas ulin ti sisi kandang hayam, sigana mah tas ngala undur undur, da awakna mani kalotor ku kekebul taneuh.
“Nini uing ngilu….dagoan rek mandi heula..!” si Sujang tuturubun lumpat ka pancuran rek ngadon mandi, Nini Jumsih nuturkeun ti pandeuri,
di jalan ka pancuran ngarawel daun harendong dua keupeulan.
“Sing beresih mandi teh Sujang, ulah bating gebrus kitu bae,…kadieuh urang ruru ku Nini geura..!”
Nini Jumsih ngamandian si Sujang, diruru nepi ka beresih,
dakina palid kabeh, daun harendong gaganti sabun, sok sanajan teu loba budah tapi meujeuhna keur meresihan daki.
Sanggeus si Sujang dibaju terus arindit ka sawah lega,
kabeneran di sawah lega teh geus beres panen,
jadi siga lapangan nu mayakpak ku pare urut panen, meh satungtung deuleu,
kacida resepna ngapungkeun langlayangan didinya mah.
“Euleuh geus loba batur geuning Sujang..” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang semu ngaharewos…”Hayu urang beulah ditu tuh nu aya saung…ambih genah lalajona..” ceuk Nini Jumsih bari nungtun si Sujang mapay galengan muru saung meh ditengah sawah.
Bari diuk sidengdang Nini Jumsih jeung si Sujang lalajo langlayangan, di tegalan sawah lega geus loba barudak nu rek ngarucu ngala langlayangan kapakan, langlayangan nu eleh diadu, barudak ting alabring bari mamawa gantar nu tungtungna ditambahan ku rupa rupa cagak sangkan babari ngait kana bola langlayangan.
Ti beh kidul kadenge nu eakeakan, sihoreng aya nu keur maen bal, ku jarami nu di buleud buleud siga bal,
enya pasosore teh di sawah lega mah sok rame bae utamana sanggeus beres panen,
barudak loba nu arulin.
Teu kanyahoan jol bereyek we barudak nu ting taranggah ngaliwat kana saung nu dipake sidengdang ku Nini Jumsih jeung si Sujang,
barudak ting beretek,
enya we aya langlayangan nu ngoleang ka palebah dinya,
barudak geus pada taki taki paluhur luhur gantar,
kalan kalan dina beunangna langlayangan teh lain alus mulus tapi kalahka soeh rikes da parebut.
“Sujang ari maneh hayang langlayangan..?
” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang nu keur olohok mata simeuteun ningali barudak saluhureun pahibut parebut langlayangan,
si Sujang neuteup ka ninina, teu ngomong sakemek
Puguh si Sujang teh dua poe nu kaliwat kungsi ceurik eueuriheun bari jeung lolongseran da parebut langlayangan jeung lanceukna,
ku lanceukna langlayangan teh kalahka disumputkeun di para,
ngumaha ka bapana teu diwaro ngumaha ka indungna teu digugu majarkeun ““.Sujang maneh mah leutik keneh…
can bisa ngapungkeun langlayangan,.…kuriak we ti kusruk…”
Si Sujang eureun ceurikna pedah dicombo ku Nini Jumsih diajak ka tegalan ngala cecendet jeung ngukuy sirung hui.,
balik balik geus meh rek magrib bari ranggem mamawa cecendet jeung anak hui dina leungeuna.
Leungeun Nini Jumsih ngusapan sirah si Sujang “ Heug lamun hayang langlayangan mah engke ku nini dibere…”, awak si Sujang nyarande kana awak Nini Jumsih,
leungeunna tetep ngusapan sirah si Sujang, kadeudeuh kanu jadi incu majarkeun sok leuwih tibatan kanu jadi anak.
Nini Jumsih jung nangtung, reketek mageuhan samping bari rada disingsatkeun “…Sujang maneh mah cicing didieu,…dagoan nini nya…”,
Nini Jumsih tangtanggahan ningalian langlayangan nu ngoleang.
Ti kajauhan kaciri langlayangan ngoleang pegat talina, ngambul siga kaluhur, terus nyoloyong ngadeukeutan saung, Nini Jumsih rikat lumpat, kitu ge barudak nu sejena,
papada lalumpatan moro ka palebah langlayangan bari teu lesot mamawa gantar.
Nini Jumsih enyaan sisirintil ngudag ngudag langlayangan, lat bae poho kana umur, kana awak nu geus meh bongkok,
sigana geus teu era najan samping disingsatkeun, ngudag langlayangan bari ngagorowok, “…Mingkeun nu aing eta mah …keur incu deuleu…!!”, kituna bari jeung dudupak ka barudak satepak, puguh we barudak dikitukeun mah rada nyalingkir, rada hemar hemir nandingan nini nini.
Puguh we ningali kitu mah matak gimir, geura we nini nini awakna nu geus meh bongkok, ari buuk camutmut bodas bari ririaban katebak angin, panon muncereng, rurat reret ka barudak jeung melong kaluhur kana langlayangan.
Nini Jumsih ngajleng ngarawel bola, teu beunang, langlayangan kalah ngaleok ka palebah susukan, nu sejen nu lalajo jadi hookeun ningali pamolah Nini Jumsih,
tanagana lir nandingan budak ngora kitu deui ujlang ajlengna geus puguh ari lumpat mah teu eleh ku budak nu sejen.
Barang sakali deui ngajleng ngarawel bola, sigana galengan sisi susukan teu dipalire, ari gajleng bola karawel tapi Nini Jumsih ti kecebur kana solokan, atuh puguh awakna rancucut baseuh kajero jerona, langlayangan mah salamet tetep garing.
Sigana reuwas kareureuhnakeun, napas Nini Jumsih ngahegak, bari ngorondang kaluar tina solokan.
.”…Sujang…Sujang ieu langlayangan teh…”
Si Sujang ngaberetek lumpat, muru ka ninina, Nini Jumsih ge hudang bari gigibrig, baju baseuh teu ditolih
“…Sujang hensok hiberkeun meungpeung panon poe encan surup..!”
Si Sujang nurut ngapungkeun langlayangan, encan bisa ngapung luhur keur mah ongkoh poe geus ngagayuh ka burit.
Tonggeret geus raeng disarada, angin tiis pagunungan geus mimiti karasa
“Sujang isuk deui we ngapungkeunana, ayeuna mah hayu urang balik, bisi kaburu magrib..!”
ceuk Nini Jumsih ka si Sujang, dina kongkolak panona aya cai herang ngembeng nu teu weleh neuteup si Sujang nu keur kacida atohna meunang langlayangan Si Sujang ngagolongan bola kana rokrak, bari terus nuturkeun ninina balik ka imah.
Bada isya Nini Jumsih ngageroan Kang Sabri, bapana si Sujang,
”…Sabri cik kadieu ieu pangsimbutankeun Ema…ieu awak asa tariris kieu..”
Kang Sabri gura giru muru emana, asa reuwas pedah arang langka rumahuh, ari ayeuna nepi ka ngageroan sagala, terus Kang Sabri ngarampa tarang emana, enya we awakna nyebret panas,
”…Ema geuning mani nybret kieu…ke urang kompres ku cai gentong..”.
“Entong Sabri….ieu we pangnyimbutankeun…….”
Ti harita Nini Jumsih brek gering, teu kungsi lila nepi ka hanteuna. Nini Jumsih mulih ka jati mulang ka asal, Kang Sabri inget keneh kana omongan emana nu panungtungan
“..Sabri kahade si Sujang sina bisaeun ngapungkeun langlayangan..”.
Si Sujang angger sok ulin maen langlayangan, di buruan we, da teu wanieun ulin ka sawah lega, euweuh nu nganteur.
“…Nini …ieu uing geus bisa ngapungkeun langlayangan..”
si Sujang sok ngagorowok bari lulumpatan mamawa langlayangan.

oOo

Ku : MAMAT SASMITA
(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No. 2212, 19-25 Maret 2009)

DiTampian

Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay....