Minggu, 13 Februari 2022

DiTampian

Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay. Léos saurang, torojol saurang, teu kaur lowong. Cacakan pancuran aya limana. Sora turaés séah dina tangkal mindri ti mumunggang tonggoheunana. Angin mangkat katiga nebak ti kidul-wétan, angin garing ngandung kasakit,matak keusrak kana kulit. Mu’in cinutrung kénéh dina batu gedé tonggoheun tampian, ngadago lowong. Panon melong kosong semu jauh panineungan. Lemburna nu baréto mah tara kurang cai, ayeuna mah katiga karék sabulan ge, cai geus susah. Balong gararing, sumur taluhur, susukan ngolétrak, sawah bareulah tarelaan. Puncengis Samsu. Dikokolor, dikakaos sangsang, dikongkoyang anduk, ngajingjing émbér leutik wadah sabun-odol. Nénjo jelema réa kénéh, koloyong nyampeurkeun nu keur cinutrung. “Ngagelek kénéh baé wayah kieu.” Pokna bari ngalieuk ka lebak. “Heueuh, emang gé geus lila.” walon Mu’in, “Keur gawé di mana Cu?” “Di mantri Ojon, nyieun dapur…Beuki réa waé nu ngaradon ngala cai téh.” ceuk Samsu. “Cikénéh gé Haji Dadi, sakol buntung, dreum pelastik galedé wungkul.” “Sakitu boga sumur kompa, éta haji Dadi?” ceuk Samsu. “Yéh, teu jero-jero pisan mah sumur kompa gé ayaan ti mana, da puguh jero taneuhna geus taya cai.” “Padahal can babangetna katiga téh, nya?” “Babangetna naon, dang-dang-rat kénéh sasatna, karék Juli lin ayeuna téh?” “Enya, tanggal dua” “Béak ku sumur tarésis meureun cai di jero taneuh téh” “Artésis meureun Mang, lain tarésis!” témpas Samsu bari nyéréngéh “Heueuh meureun…..mangkaning lain hiji-dua pabrik nu nyieun sumur kitu téh. Jaba mani patinggelenggeng cenah, sagedé-gedé bedug kaluarna téh.” “Wah sagedé bedug onam piraku Mang, kaeléb meureun pabrikna gé!” “Heueuh ceuk nu nyararita! Jaba cenah sapabrik téh teu ngan hiji séwang.” “Acan golf, acan perguruan tinggi, hotél, pangindekosan, supermarkét…..” Samsu ngahaminan. “Tuh, cekéng gé! Mana lapur balaréa mah kabagéan sarakahna wé! Tuh sumur Pa Bahim…apal manéh Acu, sumur Pa Bahim? Iraha teuing saat baheula mah, kapan ayeuna mah…..” “Naon, da geus disaeur!” “Hah, disaeur….?” “Abdi, duaan jeung Si Dasmo nu nyaeurna gé, minggu itu. Barangkal, keusik pangayakan, bangsa belang-beling, bres-bres wé ka dinya. Geus kari dua metér, rup wéh ku beton, dijieun cubluk ngarah teu mubah teuing.” “Disaeur mah, kumaha atuh Pa Bahim ka caina?” “Nyieun sumur bor, jero, sabaraha lénte mah.” “Beu……nepi ka hanteuna éta sumur. Gedé riwayatna sumur éta téh, Acu. Nu nyieunna téh nyao uyut, nyao baona Pa Bahim, emang gé teu pati teges, angot manéh, di mana kénéh mah! Ngan kacipta sarusaheunana urang dinya, kapan salelewek éta mah ka caraina téh ka sumur éta, bubuhan diopenbarkeun.” “Nya bur-ber wé meureun. Nu ka Cisiuk, nu ka Cilanggeng, nu ka Cipaséh, nu ka dieu waé atuh réa, tuh geuning Kang Tamim, Bi Anah, Si Uhi…..” Samsu mapaykeun paneuteupna ka nu ngagimbung di lebak. “Deuh éta nu ka Cipaséh, kacipta ngempladna! Indit nurugtug, balik ngarekéh. Ngarah saémbér-dua émbér téh kudu ngoprot heula késang” “Dikumaha deui meureun Mang, da butuh!” “Leuheung nu jaragjag, Acu, kumaha temen bangsa nini-nini ***** Kenging Supriatna

Nalika engkang teu damang

Carpon Tétty Suharti Wallohi, Engkang! Irahaeun teuing abdi wantun susumpahan. Kantenan bari ngababantun asmana Alloh sagala rupi. Sok asa teu wararantun. Rumaos diri seueur kénéh katuna. Sok sieun hanas abdi susumpahan, ari hég ninggang di abdi nu lepat. Beu, tada teuing isinna diri di payuneun Mantenna. Wantun susumpahan sotéh ka Engkang, kajurung ku hoyong ngayakinkeun, supados manah Engkang ngaraos reugreug, henteu aya kacangcaya. Abdi leres-leres kumawula ka pangersa Engkang téh teu pisan-pisan ngarasula, éstu lillahi Taala. Engkang! Welas-welas taun Engkang teu damang, ukur tiasa rumingkang sanyaliraeun. Welas-welas taun abdi ngurus barudak dugi ka sadaya lulus SLTA. Teu, Engkang, teu pisan-pisan abdi asa gaduh jasa sosoranganan. Abdi sadar, upami sanés ku pangersa Mantenna, abdi mah kapan henteu daya teu upaya. Émutan abdi, éta mah mung pangaturan Gusti Alloh, abdi nu kedah turun makalangan. Abdi mah darma kapapancénan jadi nu gaduh lalakon. Nanging sagala rupi ogé kapan Nu Maha Ngatur mah anging Anjeunna. Alloh SWT. Engkang sing percanten, abdi mah ukur darma wawayangan, kumaha dalang anu ngamaénkeunana. Peupeujeuh Engkang ulah kagungan manah cangcaya. Ulah sieun kéna-kéna abdi jagjag, teras wantun campelak ka Engkang. Kapan Engkang téh pangeran abdi di dunya, sanaos kumaha baé kaayaanana. Ningal saré’at, Engkang téh teu daya teu upaya. Tapi kapan Alloh mah Maha Welas. Maha Asih. Moal nanggeuy di bongkokna. Welas asih ka sakumna mahlukna. Dua sasih saméméh Engkang kaserang stroke nu kadua kalina, duka ku naon abdi bet teras-terasan ngaraos sedih. Teu weléh ngembeng cipanon. Ras ka Engkang nu tos sering tiktikbrek, teu weléh ririwit, bet asa lalewang, asa pinuh ku kamelang. Nanging émut deui kapan sagala rupi ogé anging Mantenna nu ngatur. Ras ka diri sorangan, sanaos ayeuna nuju jagjag belejag, umur mah saha nu terang. Boa abdi nu bakal langkung ti payun mulang. Bet jorojoy hoyong ngado’a, “Gusti, upami salah saurang di antawis abdi Gusti aya anu dipundut, sim abdi gaduh panuhun, salian ti neda dihampura dosa, hirup hoyong aya dina rido Gusti, sareng neda disalametkeun dunya ahérat. Kahiji upami maot téh ulah matak pikasieuneun batur. Kadua mugi ulah matak pikagilaeun nu ngalereskeun. Katilu ulah matak pikaisineun barudak anu dikantun. Nu pikareuwaseun mah nalika salira babareuhan. Saur dokter Soléh, Engkang teh kaserang panyawat jantung. Kedah diopnameu. Abdi bingung, teu puguh laku. Teu kacipta atuda upami Engkang dirawat, pisakumahaeun teuing riweuhna. Dokter Soléh nu tos biasa marios Engkang, boboléh basa disuhunkeun landong wungkul, bari teu kedah dirawat. Aya rasa keuheul ogé, tos aya kana sapuluh wangsulanana marios Engkang ka anjeunna teh, tapi mani teu aya pisan tinimbanganana. Ngalih we ka dokter sanés. Angger kedah dirawat. Panasaran dicobian ka Puskesmas, sami kedah dirawat. Nyéépkeun kapanasaran dibantun ka dokter Mumi. Dokter istri urang Jawa nu praktékna teu pati tebih ti rorompok urang. Anjeunna teh tos dua belas taun ngaasisténan dokter ahli panyawat jantung. Rupina tos terang pisan maparin landong matih kanggo nu kaserang panyawat jantung tos rada parna. “Dupi Bapa kumaha tuangna, tiasa seueur?” dokter naros. “Nu mawi, Dok, tuangna téh mung ukur bubur lemu campur susu, kitu gé sakedik pisan. Da sok palay luga baé, sanaos tuangna ukur sakedik ogé,” waler abdi. “Bapa teh kirang gizi, Bu. Ti ayeuna mah kedah sina seueur tuangna. Réncangna gé kedah nu ngandung gizi, nanging ulah nu digoréng. Pais hayam, pais lauk, pais tahu campur sungsum gé tiasa. Hawatos atuh Bu, dugi ka kieu,” cék dokter. Abdi ukur ngabelehém, isin. Tapi dokter téh bangun nu surti, da teras ngupahan. “Teu kedah salempang, tebus wé ieu landong saminggueun, séép landong ka dieu deui. Wilujeng, mugi sing énggal damang.” cenah. Sapaparat jalan mulang, abdi ngusapan panangan Engkang bari neda dihapunten. Paralun abdi téh sanés teu nyaah ka Engkang. Abdi kirang towéksa, dina ngurus tuangeun. Panangan Engkang anu bareuh bukekeng ku abdi diusapan. Deudeuh teuing. Engkang téh busung lapar panginten. Hapunten abdi. Ti harita, sanaos kumaha riweuhna, abdi sok teu weléh mayunkeun ngurus tuangeun Engkang. Engkang ku abdi sok diwagel angkat-angkatan. Dihaturanan kopéah sareng sarung anyar kénging mésér abdi. Wawartos ka Engkang mah ti réréncangan, étang-étang nyanggakeun panglayad ka Engkang. Engkang imut. Duka leres percanten réréncangan abdi nyaraaheun ka Engkang, duka Engkang ngartos kana rékayasa abdi bakat ku hoyong nyenangkeun manah Engkang. Nu penting Engkang tiasa wirid bari nganggo anggoan nu sagala beresih. Sanaos sanes hartosna kedah sagala anyar, nanging kapan Engkang bakal bingah upami sagala nu disanggakeun anyar. Panuhun abdi diturut ku Engkang. Bari sila andekak dina korsi panjang, Engkang teras-terasan ngucapkeun “Lailahailallah”, da mung éta-étana kalimah nu tiasa kaluar kalawan lancar tina baham Engkang. Pita suara Engkang nu reksak, ku kamurahan Gusti Alloh, tiasa kénéh ngucapkeun “Lailahailallah” kalawan lancar. Dinten Saptu harita téh. Abdi libur teu ngantor. Kaleresan aya aturan énggal, unggal Saptu diliburkeun. Jam satengah dalapan énjing-énjing, Engkang dihuapan bubur. Dumadakan atuh bet asa rarinéh boh émutan boh kaayaan. Engkang ngalimed tuang, bubur sapiring téh mani lénang. Ngahaja ku abdi dihuapan téh supados tiasa seueur tuangna. Leres baé geuning ari bari diajak ngobrol mah, Engkang keresa tuang bari bangun anu bingah. “Engké siang urang ngadamel deui pais hayam, nya Engkang,” sanggem abdi. Duka ku naon raraosan téh mani asa bingah tapi asa aya nu nyérését kana haté. Mani hoyong téh ngabingahkeun manah Engkang, nanging teu terang kedah kumaha. Aya rasa deudeuh tan wangenan nu nyaliara jeroeun dada. Tapi aya rasa lewang nu teu puguh lantaranana. Asa tingsérédét haté, asa ngaleketey sedih, tapi asa mendak kabungah nu ogé teu puguh marga lantaranana. “Nuang landong heula nya, Engkang. Badé nganggo cai amis?” abdi naros. “He’eh,” Engkang ngawaler bari unggeuk. Sabot abdi ngabantun gelas, Ahmad ngajerit. Engkang tos ngajoprak dina korsi, bari salira jegjreg. Abdi ngusap beungeut bari istigfar. Ningal kaayaan sapertos kitu, abdi apal, Engkang koma. Ciri-ciri sapertos kitu biasana ‘pecah pembuluh darah’ dina mastaka. Dijajap ku mobil pun adi, Engkang dibantun ka rumah sakit. Kaleresan teu aya kelas nu kosong. Aya oge di mung VIP. Kedah sayagi uang muka lima ratus rébu. Abdi mung gaduh satengahna. Tapi kénging karinganan, sésana tiasa dibayar dinten Senén. Sabada diparios sababaraha rupi pamariosan, Engkang lebet ka ruang VIP. Sasadérékan ngawitan jul-jol ngalayad. Jol suster nu badé masang kateter. Jol deui nu ngawartosan, “Ibu, ieu rémot kanggo AC, ieu rémot kanggo TV, ieu konci kulkasna, tiasa dianggo,” pokna. Abdi ngarérét ka Engkang nu nuju dipasang selang. Bari tungkul nahan cipanon nu murubut, abdi ngagero nyambat jenengan Mantenna. “Ya Alloh! Kedah kumaha abdi némbongkeun rasa tumarima? Nuhun Gusti, abdi dipaparin kasempetan kanggo ngurus pun lanceuk kalayan utami, henteu ngagolér dina samak saheulay, disimbutan samping butut. Sanaos hirup abdi mung ukur paspasan, sawios welas-welas taun kedah bajoang kalawan tohtohan. Nanging abdi yakin, abdi henteu sorangan. Aya panangan Salira anu tetep nungtun, tetep nuyun. Anu nebihkeun tina sagala rupi wiwirang. Anu kawasa maparinkeun nu pangsaéna kanggo sing saha anu dipilihna. Engkang bangun kulem tibra. Abdi reumbay cimata pinuh rasa tumarima. “Nyanggakeun Ya Robbi, naon baé anu baris tumiba, abdi moal mungpang kana Pangersa Salira. Nanging mugi salamina aya dina rido Gusti. Salami Engkang teu damang, teu tiasa pisan palémék. Engkang ngalempréh, ngantos putusan nu baris tumiba. Abdi ngaheruk, neda kasalametan dunya aherat kanggo Engkang. Neda dipaparin kakiatan kanggo nampi naon nu baris tumiba.*** Kenging Tetty Suharti

Awewe nu ngais orok

PAMAJIKAN keur marondok di kolotna. Bah Uju, mitoha kuring, gering. Barudak dibawa kabéh, da malem Minggu, isukna moal sarakola. Tadina kuring gé rék milu, ngan melang ninggalkeun imah, mangkaning kacaritakeun keur usum bangsat. Di imah téh sorangan. Teu puguh gawé, bada isa gé geus ngaringkeb di enggon. Jam sawelas lilir, kakareuwahkeun ku sora ucing nu gugurudugan di para. Keur ngudag beurit kawasna mah. Tapi terus nyileuk teu bisa saré deui. Kalah ka bruh-bréh pigawéeun poé isuk. Sawah nu can dipacul, ngoméan kandang domba, nutuhan tangkal nangka nu ngahieuman buruan. Ras kana kajadian tadi beurang di saung sawah Pa Haji… gebeg téh. Dipeureum-peureum gé teu daék reup. Kuniang wéh hudang, ngadon udud di tengah imah. Sora sindén tina radio di imah tatangga mani ngéar, siaran wayang golék ti RRI Studio Bandung. Sorana semu kabawa angin, da puguh rada jauh ka imah tatangga téh. Keur sorangan kieu mah, rupaning lamunan téh mani pabuis minuhan sirah. Tamba huleng jentul teu puguh, kojéngkang ka dapur, rék neruskeun nganyam carangka pesenan Si Darmita. Lumayan keur nambah-nambah meuli deungeun sangu. Poék di dapur téh. Barang bray ngahurungkeun lampu, nu pangheulana katénjo téh calana panjang dina sasampayan. Lamokot kénéh ku leutak, urut ti sawah, can kaburu diseueuh. Teuing ku naon, bulu punduk ngadadak muringkak nénjo éta calana téh. Nganyam carangka nepi ka bedo. Ongkoh asa kabina-bina teuing deuih, batur mah waktuna saré, ari ieu ngadekul kénéh digawé. Balik deui ka tengah imah. Gék dina korsi hoé. Ngajentul deui. Siaran wayang ti radio tatangga geus dipareuman. Kaayaan jadi pohara jemplingna. “Tok, tok, tok…” panto hareup aya nu ngetrok lalaunan. Ampir-ampiran luncat tina korsi awahing ku reuwas. Dédéngéan kitu? Tapi geus kadéngé deui nu ngetrok panto téh, malah ayeuna mah dibarung ku sora nu pupuntenan. “Punten…” cenah. Sora awéwé. Najan jelema gedé kawani gedé kawani gé, kawasna ari aya nu nyémah tengah peuting mah, tangtu mikir heula rék muka panto téh. Kuring gé kalah ka hareugeueun, malah maké nyiwit leungeun sagala, bisi keur ngimpi. Nu ngetrokan panto beuki kerep, nu pupuntenan beuki tarik. Ti baheula teu sieun ari ku jurig mah, ngan kumaha lamun jelema jahat? Mangkaning keur sorangan, mangkaning imah téh rada nenggang. Béhna mah, méméh ngadeukeutan panto téh ngajéwang heula bedog, bisi aya bancang pakéwuh. Henteu waka dibuka, ditoong heula tina sela-sela bilik. Katémbong aya nu keur ngajengjen lebah golodog, kacaangan lampu lima wat. Awéwé ngora, ngais budak. Bedog ditunda, angkeuhan téh, dina enyana gé manéhna boga niat culika, untupan kénéh ari ka pantar awéwé mah. Tulak dilaan, panto dibuka lalaunan. “Saha, nya?” pok téh, sora ujug-ujug ngadégdég. “Abdi Ningsih. Kawengian, badé milari bumi Pa Érté.” pokna bari tungkul siga nu éra. Buukna nu panjang ririaban katebak ku angin nu ujug-ujug ngaliwat ka lebah golodog. “Mulih ti mana Enéng téh? Hawatos étah murangkalih katiisan!” cék kuring, neuteup budak nu ukur katénjo réngkolna, da puguh dibulen ku samping. “Nuju milari bapana budak. Tos tilu dinten. Ari tadi siang teu kiat capé, kalah ka tibra di saung sawah. Barang lilir horéng tos wengi…” Gebeg téh… “Naha bet milari ka dieu? Di mana kitu bapa budak téh?” “Duka…” pokna, tina panonna katémbong aya nu ngalémbéréh maseuhan pipina. Ngagurilap kacaangan lampu. Karunya, karunyana mah. Ngan piraku kudu ngampihan awéwé tengah peuting, mangkaning keur euweuh pamajikan. “Hayu ku Akang dianteur ka imah Pa Érté…” “Wios atuh, bilih ngarépotkeun!” “Ih, henteu. Piraku Akang ngantep Enéng sosoranganan.” Bedog dijéwang deui. Panto disosi ti luar. “Hayu!” Manéhna sina leumpang ti heula. Mapay jalan nu meulah kebon sampeu. “Ari bumi téh di mana?” cék kuring, bari neges-neges nu leumpang hareupeun. Cacakan di nu poék mah, tangtungan éta awéwé téh mani écés. Buuk panjang, maké erok landung warna bodas nepi ka ngarungkupan keuneung. Leumpangna éstuning tonggoy, teu ngarérét ka sisi ka gigir. “Abdi mah teu gaduh rorompok…” pokna halon. “Har, na cicing di mana atuh?” Manéhna teu ngawalon. Teu ngomong deui nepi ka anjogna ka imah Pa Érté. Kuring ngalacat kana golodog imah Pa Érté, keketrok rada tarik. Rada lila rék dibuka téh. Malah méméh dibuka téh nanya heula ti jero. “Saha?” cenah. “Kuring… Dirja!” Bray panto muka. Pa Érté katénjo lulungu kénéh. Pamajikanana gé kadéngé milu nyaring. Henteu réa dongéng, derekdek baé dicaritakeun naon nu bieu kajadian. “Euh, yap atuh Nyai ka jero!” pokna bari ngarérét ka éta awéwé. “Kuring mah rék terus amitan, Pa Érté. Imah euweuh nu nungguan!” “Enya atuh…” Barang rék ngaléos pisan… “Kang…” cék éta awéwé. “Hatur nuhun pisan. Saréng punten deuih, aya nu kakantun di bumi Akang. Nitip baé…” “Kakantun naon kitu?” “Di lancingan, Kang. Di dapur…” “Pa Érté, dikantun heula!” pok téh bari terus ngagedig. Geus rada jauh ti imah Pa Érté, biur wéh lumpat teu nolih nanaon, nepi ka labuh sagala lebah kamalir. Datang ka imah, muka panto rurusuhan, gajleng ka enggon, terus ngaringkeb bari ngahégak. Beungeut éta awéwé, bet siga nu kamari kapanggih di saung sawah… Poé kamari, urang lembur gujrud. Si Icah manggih mayit awéwé di saung sawah. Awéwé ngora, sigana mah tas ngalahirkeun, da gigireunana aya budak, sarua deuih geus maot. Pa Érté hideng lapor ka pulisi. Sabada ditalungtik, éta awéwé dibawa ka rumah sakit. Kuring jeung Pa Érté mantuan ngagotong. * ISUK-ISUK, barang hudang, Pa Érté geus diuk dina golodog. “Matak mun Dirja boga budak awéwé, kudu ditalingakeun.” pokna, paromanna ayem. “Kumaha kitu?” “Peuting téh éta awéwé ceurik mani kanyenyerian. Cenah kamusibahan, hubungan jeung hiji lalaki nepi ka ngandegna, tapi lalakina henteu tanggung jawab. Tungtungna indit sakaparan-paran, nepi ka anjogna ka saung sawah Pa Haji…” “Deudeuh teuing…” “Ngajuru di saung sawah, wanci janari, bari euweuh sasaha. Béakeun tanaga, nepi ka hanteuna. Budakna ngoar sakeudeung, tapi terus nuturkeun indungna…” “Mugi-mugi sing tingtrim di kalanggengan…” teu ku hanteu ujug-ujug carinakdak. “Terus kumaha, Pa Érté? Naha nu ditepunganana kuring jeung Pa Érté?” “Harita urang milu ngagotong mayit. Emang nu ngusap beungeutna. Ku Emang terus baé dianteurkeun ka Cisurian, da di dinya lembur téh…” “Aya ku ludeungan…” “Dina calana Dirja aya getih sakeclak. Anteurkeun baé ka kuburanana engké tengah peuting…” “Jih, horéam teuing, Pa Érté!” Pa Érté mésem. “Ka Emangkeun baé, urang ruang!” Ti lebah buruan, katémbong pamajikan geus balik, ngiringkeun barudak.*** Ku A. Sundira

Kamis, 03 Februari 2022

Ngabuburit

 Ari bulan Puasa mah resep téh ka sorénakeun, ngabuburit. Usum liar nepi ka liar lalay. Ngadon mapay-mapay trotoar atawa laha-loho ka to­ko. Prahna mah ngabeberah manéh baé. Malar seubeuh neuleu beulieun.

Lamun teu kitu atuh ngahaja liar nénjo nu liar. Ngahaja jalan-jalan ngarah guk-gok jeung nu jalan-jalan. Asup ka toko ngarah gok jeung nu ka toko. Boh nu enya niat balanja, boh nu saruana. Sarua ngarah papanggih!

Brul ka kidul, brul ka kalér téh, kitu baé ilaharna mah.

Barudak mah sok di alun-alun mungpungna téh, arudag-udagan. Loba nu daragang. Anu baku wungkul, méh sapanjang turut sisi beulah wétan. Tuluy sisi jalan hareupeun masjid. Nu daragang dahareun jeung inumeun baé umumna mah. Ancoan nu rék ngadon buka di dinya. Ngadon tajil atawa ngabatalan.

Mariem nu sok diarep-arep ku barudak mah. Hayang neuleukeun nyeungeutna. Di pakarangan kabupatén, hareupeunana, sok diseungeutna téh.

Mariem teteg. Aya dua sapasang. Ngencarna ngan sapanjang bulan Ramadan. Disina ngabaragug nyanghareup ka alun-alun.

Dina geus deukeut kana diseungeut, tingtérékél barudak paheula-heula naraék kana bénténg kabupatén. Ronghok, malah nyocok di nu marolongona.

Ongkoh hayang deukeut. Hayang teges. Tapi ari geus rék sut disundut, paheula-heula téh peureum bari nyocokan ceuli!

Nu hiji, purah méré tanghara manjing buka, mariem téh. Hiji deui nu ngabéjaan tutup sahur. Sorana sarua tarikna. Cukup ngarungkup kota Bandung jeung wewengkonna. Komo nu disada janari mah. Da sedeng jempling. Sedeng simpé dédéngéan. Mani sok lambat pisan geleger aweuhanana téh.

Ieu téh kamonésan Dalem Haji. Oléh-oléh mulih ti Mekah. Da kitu cenah di ditu mah. Lain ku bedug, tapi ku mariem nitah buka puasa téh.

Nu disebut Kamar Arab deuih, kamonésanana mulih ti Mekah téh. Kamar nu diréka kawas di Arab. Boh paparabotanana, boh papaésna. Nya kitu deui pasang-petana, nyeta-nyeta di karaton Raja Mekah, Syarif Husén.

Kagerenteskeunana, ti magrib nepi ka rérés isa téh, Dalem Haji mah tara kaluar ti dinya. Kitu nu kawénéhankeun ku kuring ogé, hiji mangsa bada magrib. Kasampak keur ngaos Surat Al-Baqarah, dina De Heilige Qoer’an.

Aya nu enya lalajoaneun ogé, pangbeberah ngabuburit téh. Bioskop nu mimitina disebut kindervoorstelling, lalajoaneun barudak. Malah keur bebenjit baé prahna mah. Da nepi ka ngadak-ngadak kawas taman kanak-kanak, gedong bioskop téh. Biasana unggal poé Minggu, isuk-isuk. Tuluyna mah jeung poé Saptu, palolohor.

Cara ka taman kanak-kanak baé, loba nu sok dianteurkeun barudak téh. Biasana, mun lain ku indungna, ku lanceukna.

Kitu ka bioskop ogé. Bédana téh ari ka taman kanak-kanak mah semet dianteurkeun-dipapagkeun. Dipapag-jajap. Atawa nu ngajajapkeun téh tuluy ngadagoan, nepi ka waktuna budak balik. Ngadagoan di luar baé. Teu meunang milu asup, sumawonna milu diuk.

Ari ka bioskop mah milu lalajo, nu nganteur téh. Jeung bari milu resep deuih. Da enya, rata-ratana pilem karesep budak téh, resep kolot ogé. Émbohna ti kitu, keur nu nganteur mah resep guk-gokna jeung nu pada-pada nganteur deui.

Dua-tilu kali papanggih. Biasana dina keur ngagimbung kénéh di luar, méméh waktuna asup. Tina wawuh munding kana wawuh enya, tuluyna loma. Asal unggal gok ngan semet unggeuk, silih unggeukan, medok tuluyna mah. Geus kitu mah bareng asup ka bioskop ogé. Malah sok silih dagoan, upama salasaurang elat téh. Ngarah bareng asup. Bareng milih tempat diuk, padeukeut. Diselang ku barudak mimitina mah. Tapi tuluyna, budak jeung budak deui, pada-pada budak. Nu nganteur deukeut nu nganteur, paantel.

Atuh ana reup dipoékan téh, pilem mimiti diputer, budak aranteng, nu nganteur anteng. Sarua pada ngarasa hanjakal cara barudak, ari bray caang deui téh!

Dina waktuna papisah, budak disina tatabéan. Disina daaah… Nu nganteurna ogé milu daaah deuih, ngan béda hartina!

Enya aya anu teu dihaja. Asalna diwawuhkeun ku budak atawa budak wawawuhan. Tina silih ajak seuri jeung silih puntangan. Tuluy silih béréan ésbonbon atawa peremén. Nepi ka nu nganteurna ogé kabawakeun milu wawuh.

Tapi teu kurang-kurang nu dipaké modal ogé, budak téh. Ngahaja diwawuhkeun ka budak deui. Meunang milih, ka budak nu dierong panganteurna, henteu ka asal budak.

Henteu gugon budak mah. Budak lalaki jeung budak lalaki deui, bisa. Budak awéwé jeung budak awéwé deui, resepeun. Teu cara anu nganteurna!

Tungtungna dipaké alesan, nganteur budak ka bioskop téh. Réa anu nyampeur budak batur. Rék anak tatangga nu deukeut, rék anak baraya nu anggang.

Atuh sawaréh kolotna atoheun, asa aya nu nalangan. Komo meneran di nu teu boga batur mah, heug di imah loba uruseun. Boh ngurus nu leutik kénéh, tacan manjing dibawa lalajo, boh nu anyar ngalahirkeun.

Aya nu indit ti imah lengoh ogé. Nyampeur budak batur di panglalajoan. Budak nu kabeneran taya nu nganteur, dipilukeun ka nu séjén. Tampolana asal nyekel leungeun budak, tamba éra léngoh téh.

Teu di pamuda, teu di pamudi siasat kitu téh, sarua!

Aya nu nepi ka manggih jodo, ku kitu téh. Di antarana nu meunangkcun guru Frobel.

Geus ilahar jadi matinéé mah, méh cara biasa baé. Bédana téh ukur pilemna nu disebut voor alle leeftljd  diputerna ti beurang. Poé Minggu jeung poé peré pukul salapan isuk. Mun teu kitu pasosoré. Da éta baé ari kaluar téh méh bareng jeung lalay. Nu matak resep dipaké ngabuburit ogé.

Pukul tujuh peuting nu biasa mah, ngamimitianana bioskop téh. Angger kitu unggal peuting, teu halangan ku bulan Puasa. Tuluy atuh papaharé baé, nu tarawéh di masjid jeung nu lalajo bioskop téh. Sarua raména. Di Varia sora nu keprok jeung tingsaruit. Patembalan jeung barudak patarik-tarik “Amin.”

Bubaran tarawéh sok méh bareng jeung bubaran eerste voorstelling. Remen pasanggrok di jalan, nu tas ti bioskop jeung nu balik ti masigit téh. Ari bubaran twede voorstelling, heula-pandeurina téh jeung rérés tadarus. Aya bédana, nu ti bioskop mah ngabrul, aya puluhna malah ratus. Ari nu tas tadarus mah tara matak kérok milang!

Di jalan anu mimiti tiiseun, sok rajeun manggih kénéh tukang bandrék atawa bajigur. Daganganana, lalawuhna, geus rutak-raték. Pantesna téh kari pamilihan wungkul.

Tukang bandrék jeung bajigur ogé, sok geus rada peuting ngiderna téh, ari bulan Puasa mah. Kawas nyangkirangan nu sareubeuh kénéh. Nepi wanci magrib mah, biasana. caricing baé dagangna téh. Di sisi-sisi jalan teu jauh ti tempat inditna. Ngumpul jeung babaturanana, tunggal sasama tukang bandrék jeung bajigur. Kawas nu baradami, ngatur siasat ngider. Ka lebah mana los-losanana ngider saurang-urangna. Ngarah henteu silih soro, guk-gok jeung babaturan di hiji lelewek.

Nu matak, upama aya nu paamprok atawa pairing-iring téh, tandana teu kungsi badami heula. Lain jeung batur sakampung, atawa paanggang tempat asalna.

Nu disebut tukang bandrék, tara bandrék wungkul dagangna téh. Jeung lalawuhna deuih. Malah dina nawarkeunana mah, dipandeurikeun. Ngaheulakeun lalawuhna. Pokna ogé, bari dihaleuangkeun disina ngalagu téh: “Kulub suuk, rarawuan, bandrééék kalapa ngora!”

Kudu disebutkeun kalapa ngora. Da kesat atuh kalapa kolot mah, dipaké bukur bandrék téh.

Usum tiris, ti peuting, komo jeung ngaririncik mah. Jeung sampanye nu euweuh, ngeunah pisan haneut bandrék kana beuteung téh.

Nu bener mah tukang bajigur. Carek dagang bajigur téh, bajigur baé nu ditawarkeunana ogé: “Guuur!…. cenah.

Padahal daganganana mah leuwih pepek ti tu­kang bandrék. Kawas tukang rebus di Jakarta: kukuluban. Kulub sampeu, kulub boléd, kulub cau, kulub suuk. Ari keur usum, sok aya kulub hui salak ogé.

Sok jeung katimus deuih, dagangna téh. Samalah éta minangka kostimna. Katimus di tukang bajigur, rarawuan di tukang bandrék. Tara pacorok éta mah, nu dua. Tara aya katimus di tu­kang bandrék. Tara aya rarawuan di tukang ba­jigur. Duka kumaha, da kulub suuk jeung kulub cau mah rajeun aya di ditu-di dieu.

Ari kajanarinakeun, maju kana manjing sahur dédéngéeun téh ku nu nawarkeun deungeun sangu. Sok aya nu ngahaja mapay-mapay gang. Unggal peuting tara kalarung, lelewek nu paruasa mah. Jeung dina peuting sedeng jempling deuih, sok ngiderna téh. Sorana semu halimpu, teu tarik sumawonna ngéngkréng. Éta baé da ngeunah kadéngéna ku nu keur lelenyepan téh, asa dipépéndé.

Sora hipu dilagukeun: “Pindang endog,… déngdéng ragi,… sawuuud! …”

Nu dagang pindang endog, déngdéng ragi jeung sawud, éta téh. Diwadahanana dina téténong séng. Ngiderkeunana disuhun. Cenah dagangan Pa Marsét.

Karasa mangpaatna aya nu ngider kitu téh, keur nu kabeneran teu boga deungeun sangu mah. Dalah nu ilaharna sadia ogé, rajeun sok hayang nu euweuh di imah. Boh kabita ku nu ditawarkeunana, boh teu parurun ngasakan atawa ngahaneutkeun nu geus aya. Gogoda hudang janari ieuh. Ulah bon kasebutna nu kudu kaprak-keprek heula di dapur. Ongkoh nu dihudangkeun ngan kari am ogé, sakapeung mah sok kalékéd pisan.

Atuh keur nu henteu niat meuli ogé, saenyana mah aya baé mangpaatna mah, tah nu ngider janari téh. Keur sawaréh sok asa aya nu ngageuingkeun. Komo nu imahna sisi pisan gang mah, sada di pipir baé. Jeung angger deuih ngiderna téh, antara pukul satu jeung dua.

Tah, lamun éta enya kawas mariem. Tara kadéngé sorana, ari lain bulan Puasa mah. Ti sahur mimiti nepi ka panganggeusan sahur, geus baé.

Sumber: Keur Kuring di Bandung, Sjarif Amin, Pelita Masa, Citakan Kahiji 1983: 13-19.

Kenging >Sjarif Amin<

Rabu, 02 Februari 2022

Pajaratan kasimpé

 Asup ka Pajaratan Kasimpé mah, saha baé ogé, moal henteu gogodeg. Kana tangtu kituna téh, da puguh asa aya di dunya anyar, dunya nu teuing aya di mana. Sakurilingna dipager beusi beunang ngukir, dipulas konéng emas. Panto pager digembok sababaraha hiji, sarta henteu sagawayah jelema bisa nganjang ka dinya.

Legana moal kurang ti tilu héktar. Di jerona matak hookeun. Pinuh ku kekembangan. Seungitna meleber angin-anginan. Kuburan mérés, puguh jajaranana. Wangunna paalus-alus, malah ceuk béja mah, tutunggulna ogé aya nu ditapelan emas. Reup peuting, da asa di taman kaputrén atuh. Lampu baranang di unggal tetengger, warna-warni, patingburinyay. Henteu keueung di dinya mah. Henteu geueuman. Ceuk paribasana, dipaké niis ogé moal teu matak betah.

Rek teu kitu kumaha, da puguh nu dikuburna ogé lain jalma joré-joré. Malah, anu hayang dikubur di dinya mah, kudu pesen heula kavling. Hargana leuwih ti kavling imah di real-éstate. Cenah mah, duitna téh asup kana kas pamaréntah daérah, turta dipaké keur kagiatan sosial. Tapi, sanajan hargana mahal, tara kungsi aya nu hoghag ngajak adu harga. Geus kitu lumbrahna. Matak pesen kavling di Pajaratan Kasimpé ogé, manéhna téh lain jalma masakat, kana tangtu loba duitna.

Pagawé nu ngurus Pajaratan Kasimpé, aya puluhna. Ti mimiti tukang sasapu, tukang ngurus kembang, tukang menerkeun lampu, jeung tukang … milang kuburan. Maranéhna cicing di dinya, dipangnyieunkeun wangunan méwah, sarta bisa hirup senang jeung anak-pamajikanana. Gajihna leuwih ti guru golongan IV, ditambah ku bonus saban bulanna. Nu ngagajihna, saha deui upama lain kulawarga nu dikurebkeun di dinya, kulawarga jelema beunghar téa.

Di antara para pagawé Pajaratan Kasimpé, anu katémbong pangsenangna mah Mang Ija, tukang milang kuburan. Digawé teu pati ripuh, tapi gajih sarua jeung baturna. Geus lima taun manéhna digawé di dinya. Tina ladang ngitung kuburan téh, Mang Ija geus bisa meuli sawah di lemburna jeung nyakolakeun budak-budakna.

Enya, mimitina mah Mang Ija kerung ku pagawéanana téh. Asa teu kaharti, ceuk pikirna téh. Naha maké kudu dibilang unggal poé, da moal aya nu leungit. Dina nambahanana ogé, apan puguh catetanana. Tapi, lantaran butuh ku duit téa, dikeureuyeuh wé. Sapoé dua kali ngitungna téh, isuk-isuk jeung sareupna.

“Ngeunah manéh mah digawe téh, Ija. Bisa bari héhéotan!” ceuk Mang Darman, tukang ngurus kembang. Da jeung enyana atuh, jam tujuh isuk-isuk ogé, geus bérés. Ka dituna mah bisa saré bisa lalajo televisi, ngan henteu wé ari ulin ka luar pajaratan mah. Da apan kitu katangtuanana, unggal pagawé teu meunang kaluar, upama euweuh idin ti Kepala. Komo deui, di lebah lawang dijaga ku satpam aya opatna, rék kumaha bisana manéhna kaluar.

Peutingna, para pagawé téh sok ngariung, ngawangkong ngalér-ngidul.

“Saha baé euy, anu dikubur di dieu téh, déwék mah can apal?” ceuk Mang Ija, ngarérét ka Mang Darman.

“Har, apan di dinya purah milangna?”

“Heueuh, da kuburan bisa diajak ngobrol!”

“Rupa-rupa cenah, ti mimiti pajabat, pangusaha, atawa nu disebut konglomerat téa. Pokona mah tukang ngahambur-hambur duit. Tuh, anu dijuru mah, tutunggulna ogé maké emas!”

“Kumaha lamun aya nu maok?”

“Matak dijaga ogé, bisi aya nu maok. Matak dibilang ogé, bisi aya nu leungit!”

“Heueuh, ari batur, nu geus maot ogé mani dipupujuhkeun. Naha da di lembur déwék mah, astana téh diantep narikolot. Diberesihanana téh, ari rék lebaran wé,”

“Enya, di lembur kuring ogé. Ngan ceuk beja, teuing enya bohongna mah, anu dikubur di dieu téh jalma beunghar nu keur hirupna boga lampah nirca,”

“Ulah suudon, ah!”

*

Isuk-isuk kénéh, Mang Ija geus kerang-kerung. Ngahuleng sakedapan mah, siga aya nu dipikiran. Gorolang deui milang. Huleng deui.

“Ké, naha kuburan téh bet nambahan. Kamari aya 300 siki, ayeuna jadi 301. Aing nu kérok kitu?” gerendengna. Dicobaan dibilang deui. Angger sakitu.

“Teu kudu héran, Jang!”

Gebeg téh, Mang Ija mani ngarénjag. Rét ka lebah datangna sora. Katémbong aya aki-aki maké baju kucel, dikopéah, ngajanteng luareun pager. Sorot panonna teuing ku seukeut, nepi ka Mang Ija semu ngadégdég.

“Mémang bener itungan Ujang téh. Peuting tadi, kuburan geus nambahan deui hiji. Aki pisan nu boga ngagawéanana!” pokna, bari angger ngajanteng teu obah-obah.

“Naha Aki henteu laporan heula. Henteu sambarangan Ki, anu dikubur di dieu mah. Kudu puguh idéntitasna, kudu puguh tata-tertibna,”

“Aki ogé apal. Tapi da éta mah aturan beunang manusa. Teu nanaon lin, dirempak ogé. Barina ogé, ngurebkeun mah ngurebkeun wé, maké jeung kudu laporan heula ka walikota. Sarua geus jadi mayit ieuh, naha maké jeung dibéda-béda, diwilah-wilah!”

“Enya, tapi kuring anu bakal disalahkeun. Nu dikurebkeun di dieu mah lain jalma joré-joré, Ki. Jalma masakat kawas urang mah, pamohalan diidinan milu ngiuhan di dieu!”

“Ah, naha maké teu bisa. Kawas maranéhna moal maot baé. Ari geus maot mah, nya kumaha nu hirup atuh. Moal bisa hayang-hayangan. Barina ogé, Ujang mah moal apal, anu dikurebkeun di dieu téh sabalikna tina téténjoan Ujang. Lain jalma beunghar, tapi jalma masakat. Enya éta ogé, ari kuburanana mah hurung-hérang, dipapantes, dibebenah. Tapi dina enas-enasna mah, maranéhna téh keur careurik balilihan,”

“Na ari Aki, kawas nu bisa nganjang ka pagéto baé,”

“Ulah salah, Jang. Nu dikubur di dieu mah, kabéh ogé jalma anu simpé dina hirupna. Jalma anu teu apal jeung teu hayangeun apal, yén aya deui kahirupan sanggeus ngahenang-ngahening di alam dunya téh,” pokna, bari terus ngaléos. Mang Ija tibang olohok.

“Naha ari aing mani teu nanyakeun, eta aki-aki téh?” gerendengna.

Papanggihanana, henteu dicaritakeun ka sasaha. Disidem wé. Dicaritakeun mah, kuriak diseungseurikeun, da puguh matak teu kaharti téa. Ngan isukna, Mang Ija geus ngahuleng deui. Kuburan nambahan deui, jadi 302. Basa ngarérét ka luareun pager, sugan aki-aki aya deui, teu manggih nanaon.

“Teu kaharti. Naha iraha waktu ngurebkeunana, mani euweuh tapakna. Saha jeung lebah mah deuih dikurebkeunana ogé. Teu puguh jajaran mana anu nambahan téh!” pokna, ngomong ka diri sorangan.

Kitu jeung kitu wé, nepi ka genep poé lilana. Saban isuk, kuburan téh nambahan hiji. Ngan poé katujuh, Mang Ija teu katémbong milang kuburan. Puguh baé Mang Darman kagét, gancang nepungan pamajikan Mang Ija.

“Ka mana salaki manéh?”

“Teuing, da basa hudang ogé geus teu kasampak!”

“Sok tara bébéja ari indit-inditan téh. Mana catetan ngitung kuburan, urang pamilangkeun ku kuring,”

“Tah geuning ngagantung. Pulpénna ogé aya di dinya!”

Mang Darman nyokot keretas. Terus dibaca.

“Poé kamari, pabuburit, jumlah kuburan aya 306!” gerendengna. Berengbeng ka luar. Terus milang kuburan, imeut naker. Meunang tilu balikan.

“Na ari Si Ija, digawé téh teu balég pisan. Pasti kérok tah ngitungna. Piraku poe kamari 306, ari ayeuna aya 307. Ditegor siah ku aing mah!” ceuk Mang Darman bari ngungkug, rék mikeun catetan ka pamajikan Mang Ija.

***

Kenging Dadan Sutisna

Hiji Pamflét di Tanah Sunda nu Merdéka


1

(Milang léngkah ti mangsa ka mangsa

ngitung umur waktu demi waktu

ngijir-ngijir wanci ti bihari ka kiwari

Ki Sunda cenah mah leungiteun dangiang

leungiteun tapak

leungiteun lacak

Nu aya ukur kari ngaran

ukur kari ngaran!)

Sakséni tuh langit nu paul, sakabéhna paul

atra walatra dipapaés ngeplak bodasna méga

Sakséni tuh tanah angar nu ngan kari saheureut

di gédéngan ku imah-imah beton

ngajungkiring mapaésan dayeuh Bandung

Di gédéng deui ku villa-villa alagréng

masieup lemah sarakan

Bihari

karuhun ngawariskeun kanyaah

Tanah nu héjo ngémploh

sagara pulas paul

langit lénglang, méga bodas

kapan nu urang

Kiwari

urang kari nyawang

tanah nu héjo ngémploh tinggal saheureut

sagara kelirna rupa-rupa

kacampuran mangpirang kokotor

langit lénglang bet jadi ngemplong

dirogahala ozon

Kapan éta gé geus jadi milik urang

Baringsupagi

tanah, sagara, langit

biheung kumaha jadina

biheung kumaha engkéna

2

Duh, si miskin jadi kaom terusir

si kaya bisa mungkir

Si miskin dibuligir

si kaya jadi kafir

Duh, si miskin jadi kaom terasing

si kaya ngabaheuhay di menara gading

Si miskin jadi maling

si kaya teu ambil pusing

(Lawang si kaya lawang si miskin

ngajega jungkrang nu lungkawing)

3

Mangsa pangawasa nagri raos-raos calik

na korsi gilang kancana

aya nu gupuy-gapay néang puntangeun

pabeulit reujeung eusi beuteung

nu taya kendatna melas-melis ménta eusi

Ari di ditu, nu raos-raos calik

teu engeuh dunya nu di handap

(paciweuh sual démo

sual undakna bahan-bahan poko, rékening listrik

jeung telepon

sual milih pikadéseun jeung pigubernureun

pabaliut jeung sawatara katugenah rayat

kaom cacah kuricakan)

Di dieu

urang leungiteun beungkeutan

rempug jukung sauyunan saukur sloganismeu anu cumah

kecap “menjalin persatuan dan kesatuan”

ukur payus mapaésan layar télévisi

4

(Ki Sunda nu ti mangsa ka mangsa pinuh dangiang

Geus dicatet’na lambaran sajarah

Geus dicutat’na lambaran lontar

ti jaman raja-raja bihari

tug tepi ka jaman konglomerat kiwari

tétéla masih kénéh poékeun

ngararampa jalan sorangeun)

Ka mana Ki Jurupantun

ngapung-ngapung ngaprak méga ngabaladah buana

Ka mana ronggéng-ronggéng makalangan

da geuning kasilih héab ti kulon

mangsa rock, slowrock, heavy metal, rap

geus teu nyemah deui di tanah urang

4

Tuh,

pasawahan, balungbang, pasir

jungkrang nu lungkawing

geus keuna ku héabna pangwangunan

(Pangwangunan!

Pangwangunan!

Cenah mah demi karaharjaan?!

Cenah mah demi ma’murna nagri?!

Di pakaleran Bandung kuring mireungeuh kebon-kebon sugih jadi wangunan alagréng

Di tegalan upluk-aplak kuring mireungeuh lapangan golf dibudayakeun

Di mana-mendi kuring mireungeuh pabrik-pabrik dug-deg

Di langit nu geus kahéaban ozon kuring mireungeuh parapangawasa nagri bentik curuk balas tutunjuk

Di satukangeun méga kuring mireungeuh diri gupuy-gapay muntangan méga

5

Barudak seunggah ulin di buruan

sabab buruanana ngan sacangkéwok

Barudak seunggah rék ulin mangsa bulan keur béngras

Ucing sumput ditéma bancakan jeung bébénténgan

atawa oray-orayan reujeung slépdur

sabab di puseur-puseur pertokoan sadia kaulinan ti kulon

Tamiya, vidéo games, games-watch, pé-és

mahabu di mana-mana

Basa rumaja Sunda geus jadi basa nu mandiri

Basa Batawi elu-gué pacampur basa gogog

direumbeuy basa Inggris little-little younkey

Laju,

Ki Sunda di mana?

Dangiangna kumaha?

(Geus béakeun dangiang cenah Ki Sunda téh

geus leungiteun tapak

geus leungiteun lacak

lalaguanana gé cenah geus béakeun wirahma

béakeun wirahma;

Rék kumaha ketak Ki Sunda

Rék ka mana nya lampah kudu ngaléngkah?)

6

Ki Sunda

Ieu kuring urat nu manteng jeroeun awak anjeun

Ieu kuring balung kadeudeuh nu nganteng na lelembutan

Ieu kuring getih kaasih nu ngamalir saawak-awak

Rék di mana nya kudu ngarereb?

Rék kumaha nya pilampaheun?

Kuring katambias di tanah ciciptan parapohaci kiwari

Kuring ngalungsar di tanah nu ngan kari saheureut

Kuring leungiteun lacak

Kuring leungiteun tapak di jaman kiwari

Sajarah bihari nu kacaturkeun léndo ku cai

ma’mur ku tatanén

kiwari ukur jadi catur tanpa bukur

ukur aya dina dongéng-dongéng

ukur aya dina seminar-seminar

ukur aya dina sawala-sawala parabudayawan

(Ema,

dikamanakeun tanah sacangkéwok

nu baheula dipaké ngubur bali?)

(Bapa,

rék di mana barudak urang mun rék mulan?)

7

Hyang karuhun, hyang batara-batari

tutunggul kamerdéka’an geus ditanjeurkeun di ieu nagri

tapi bulan pias angger ngaririwaan luhureun langit

tapi béntang bet teu nembongan saendeng-endeng

(Boa ngan ukur ririwan

mangsa urang pules ku rupaning katugenah

Boa ukur ririwan

mangsa kaadilan méhong ku mangsi hideung kakawasaan)

8

Geus!

Teu kudu deui nyarita perkara bulan jeung béntang

da langit geus nyakséni

getih hangru jeung bugang nu patulayah ukur jadi saksi jaman nu pireu

ngabigeu

Tuh!

Bulan jeung béntang mah ukur papaés

mangsa urang keur lindeuk ku katunggara cinta

Teu!

Teu kudu deui nyarita perkara;

langit nu lénglang, bulan nu béngras, atawa béntang nu baranang

da saksi jaman réa kénéh nu kudu dipaliré

dipiroséa

(Sakséni tuh

geus sabaraha metér-kubik cimata

nu sakeclak-sakeclak dipaké tumbal nyeungceurikan saksi-saksi jaman

nu teu kapaliré

teu kapiroséa!

Sajak Rosyid é. Abby

Bandung, 21 Januari 1995

Serat sajalantrana

 • Surat Sajalantrahna •

Kénging:  Imas Rohilah

Ayah Fikri di Depok


Héy, Teu nanaon maké basa Sunda nu jagreug Ogé nya? 

 Teu Kudu milihan kecap, tuda ngomong maké basa Sunda jeung Ayah Fikri mah teu pati bisa geuning. 

Teu ngarti tatakrama basana deuih Ayah mah. 

 Ketang kajeun teu pati bener gé, asal daék wé eutik-eutikeun maké basa Sunda. 

 Aéh, na bet sasab ka dinya? 

.

 Kumaha euy, cageur? 

Sukur atuh cageur mah. 

Budak? Sukur deuih.

 Sono euy,  hayang ngareungeu deui jéréwétna.  

Basa dina telepon geuning mani baceprot jiga bapana.

 Jadi panasaran hayang ningal rupana. 

Jiga bapana teu?

 Ah..,da teu kasép bapana mah.

 Baé teu kasép gé, asal soléh wé.

 Tapi uyah mah tara téés ka luhur cenah geuning. 

 Asa hésé hayang anakna soléh teh ari bapana ramijud mah.

 Ramijud Ayah téh?, Puguh wé. Ku naon sih nepungan waé, Yah?

 SMS, MMS,telepon, geus ganti nomer gé hantem dikotéktak,bélaan nelepon ka kantor, teu boga kaéra.

 Tapi...kutersanjung.

Sarua, kahayang mah terus urang babarengan, Ayah. Tong wungkul na telepon, tong wungkul na SMS, tong wungkul na MMS, tong wungkul na surat-surat, atawa na panggih kakapeungan. Hayang terus, hayang saimah, uing jadi indung, di dinya jadi bapa.

 Ayah, nyaan, daék kékéd, hayang terus babarengan. Resep temen ngawulaan Ayah nyadiakeun dahareun,ngahuapan Fikri. 

 Arék nyaah uing ka Fikri?

 Maenya wé atuh, da kabapana gé nyoso.

 Nyoso kitu ka Ayah? Puguh baé,kacida.

 Ah, blak-blakan wé. 

Ari Ayah nyoso deuih kauing? (Kadé ulah digantikuu!) 

 Geuning jiga na SMS peuting tadi.  Jam 10 peuting, biasa entp mah. "Imiss you, honey, met bobo,yang nyenyak ya, mimpi indah.. "Hih, teu nyahoeun ari saré nu tibra mah tara diembohan ku ngimpi,cenah cek élmuwan. 

I missyou honey. Mani sok ngageleser kana angen ari maca atawa ngareungeu éta.

 Nyaho uing gé gombal, simbut butut tatambalan. 

Teu ngarti, Yah, ku naonnya?   Ongkoh nyaho gombal, tapi haté kapépéndé waé.  

Ayah, cik pangnéangan keun,  sugan rasionalitas uing ragrag diParung, ragrag di antara jajaran pineus-pineus, diantara galindengna lagu-lagu, di antara bacéprotna obrolan, jeung rabulna haha-hihi di jalan-jalan jeung tempat-tempat nukungsi ku urang kaliwatan,ku urang kadiukan. 

Geuning uing jiga leungiteun rasio.  

Ku naon Ayah? 

Imiss you honey,sababaraha kali diucapkeun ku Ayah? Teu kaitung. Jadi racun, Yah. Nyaliara sakujur awak. Ieuuing jadi gering.

 Heueuh, Ayah mah kalah ngawilujengkeun,selamat cenah, selamat bobo.  Bobo téh regas, ropoh. Ayah.  Rapuh teu nyaho ropoh mah. 

Wilujeng ropoh! Honey téh madu atawa sayang, sayang madu? Hih teu balég! 

Sayang madu, sayang nyiruan. Mun kagamahan sok napuk, sok nyeureud nyiruanana.  Karebi weh,  jamomom, paranas tiris, hésé cageurna, kitu?... Embung ah! Madu, téh basa Sundana mah maru.

 Ayah, mani keukeuh atuh ngajak kawinka uing.

 Uing daék kawinka Ayah lamun Ayahna teu boga honeynu séjén.

 Apan Ayah boga Ibu, indungna Fikri.

  Éta nyiruan keur uing, maru (lamun uing daek kawin jeung Ayah!).

 Lain,uing yakin, lain galak bebenger, antrag-ontrog atawa néngtéréwélang jejenggut.

 Lain kitu, tapi galak lemes nu matak ajrih téa geuning. 

Paling Ibu ngama'lum kana rasa haté urang, da Ibu mah soléhah,kabadé tina sorot panonna basa ku Ayah ditémbongkeun potretna (uing maksa kaAyah harita geuning,hayang nyaho ka Ibu).

Paling Ibu nganggap uing adina, anu kudu dihargaan,jeung dipikanyaah. 

Embung, ah, sikep kitu leuwih nyeureud. 

Ceuk Ayah, mun embung jadi madu, Ayah rek 'nyorangan' heula. Terus 'duaan' deui jeung uing. 

Harita geuning mani sumanget jeung daria.

 Gagabah Ayah, kawas nu teu ngarti agama.  Keur naon hadis apal sohéh-doipna. Teu eucreug Ayah! 

Naon dasarna, éta napsu! Barina ge uing mah embung ngabengkah keun rumah tangga batur, cadu, pantang, narah, sieun pegat rahmat Gusti ka uing gara-gara éta.

 Tong kitu,Ayah.

 Rék dikumahakeun Fikri?  

Ayah, wayahna nya, wayahna cek uing gé, ieu surat mangrupa jawaban pamungkas keur Ayah.

Bongan na telepon teu ngarti waé, papahareup sarua beletna, kalimpudan ku pipikiran nu pondok.

Mani neugtreug geuning Ayah mah.

 Enya diaku, bogoh mah bogoh tapi weureu. Weureu kupadungdengan batin. Uing embung didua, uing gé embung ngaruntagkeun rumah tangga batur.

 Kitu tah. Hubungan urang salah gedé Ayah, apan geus dijéntrékeun. Tanya wé dada nu pangjerona, bingbang ta henteu?  Mun enya bingbang ngabarungsinang, nyaan salah. Ku dasar éta, kulantaran uing teu weléh bingbang ngabarungsinang, tepi kadieu urang téh, Yah.

Panggih nu kamari, éta panggih nu pamungkas.

Mun Ayah ngotéktak nomer telepon deui, moal, moal kapanggih, moal bisa. Sabab dipindingan.

Pindingna aya diri uing sorangan, bentengna pageuh na dada uing sorangan.

 Yah, ngarti nya.

 Keun pepegan wé haté urang ku diri urang sorangan. 

Pasti nyerina, pasti peurihna. Mimiti, kadituna mah bakal biasa deui.

 Hampura uing nya,Yah! Hampura. 

Ayah, ulah poho, wawarkeun ka kaom ibu sabuana, awéwé samodél uing lain ancaman pikeun katengreman rumah tangga arinyana. Nya Yah, nya!  Ka asup ka Ibu tangtuna gé.

 Bisi teu ngarti basana, ku uing engké diganda jeung tarjamahnana basa Indonesia. Lucunya, Yah!

 Enya lucu jiga jeruk nipis diparfuman.

Bye....


Cibitung, April '05 

Uing


--------------------------------

Di salin tina kumpulan

Surat Cinta Pangarang Sunda

DiTampian

Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay....